Lompat ke isi

Palatum

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Palatum nyaéta hiji tulang cekung anu ngabentuk lalangit satukangeun alveoli atawa tulang kapanggih dina lalangit baham manusa. [1] Palatum perenahna antara rongga baham jeung rongga irung. Palatum ogé ngabentuk lalangit cavum oris jeung dasar cavum nasi. Palatum dibentuk ngaliwatan prosés palatal tina prosés maksilaris anu tumuwuh kana medial anu ngahiji jeung septum nasalis dina garis tengah. Ieu prosés ngabentukna téh bakal lumangsung kira-kira dina waktu 9 minggu basa dina kakandungan. [2]

Palatum anu teuas kabentuk dina waktu tumuwuh awak ku prosés maksilaris jeung tulang palatina anu dihijikeun dina garis tengah ditutupan ku mémbran mukosa anu teuas (durum) kalawan miboga rugae. Palatum durum Lalangit gabentuk 2/3 tina bagian anterior palatum. [3] Lian ti éta, palatum teu teuas nyaéta hiji jaringan aktip anu panjang tina wates posterior ti durum ka belah tukang diwangun ku mémbran mukosa nu nutupan otot, struktur kelenjar, saluran getih, jeung saraf. Lamun keur ngeleg, palatum anu teu teuas bakal naék keur nutup saluran irung tina faring. [4] Palatum teu teuas ngabentuk 1/3 bagian postérior.

Palatum teuas jeung anu henteu kudu diriksa keur manggihan lolonkrang anu lengkep atawa submukosa. Dina palatum anu teuas, aya mutiara epstein anu mangrupa kumpulan sél épitél anu sipatna can tumetep. Kitu ogé kista réténsi anu kapanggih dina gugusi. Dua hal éta bakal ngaleungit kitu waé sanggeus sababaraha minggu babaran. Malah kadang bisa ngaleungit ku sorangan teu kudu diobatan antara dua atawa sapoé. [5]

Anatomi

[édit | édit sumber]

Struktur anatomi palatum teuas nyaéta foramen anu incisive, foramen utama palatinus, foramina palatinus minor sareng rugae palatine .

  • Incisivum foramen aya dina posterior huntu insisivus mimiti rahang anu pangluhurna. Ieu foramen mangrupa muara tina kanalis insisivus anu diliwatan ku N.nasopalatinus . Foramen sisipan henteu katempo sacara klinis sabab ditutupan ku papilla incisiva.
  • Foramen palatinus mayor ayana belah huntu molar sagigireum palatum teuas. Ieu foramen diliwatan ku arteri, vena jeung nervus palatina mayor.
  • Foramen palatinus minor diliwatan ku arteri, vena, jeung nervus palatinus minor, anu ngajalankeun vaskulaisasi jeung inervasi antara palatum teu teuas jeung tonsilla palatina.
  • Rugae palatina mangrupa huntu anu ngajajar sacara transversal jeung récol dina mukosa palate keras. Palatum anu teu teuas mangrupa babagian tina lalangit anu sipatna fibromaskular jeung teu boga komponén tulang. Sanajan henteu dibentuk ku tulang, struktur palatum lemes dikuatan ku aponeurosis palatinus anu napel dina bagian posterior palatum teuas [3]

Lolongkrang palatum

[édit | édit sumber]

Lolongkrang palatum mangrupa kaayaan papisahna lalangit rongga baham. Ieu kaayaan bisa nyababkeun hésé ngobrol, kurang dédéngéan, hésé ngeleg, kahambatna fungsi pernapasan, jeung posisi huntu anu teu bérés. Lian ti éta, bisa ogé nyababkeun gangguan fisiologis, utamana dina faring anu aya patalina jeung fossa nasal, ucapan, jeung pangrungu. Klasifikasi lolongkrang palatum téh kieu.

  • Lolongkrang dina palatum teu teuas.
  • Lolongkrang dina palatum teuas jeung anu teu teuas tapi teu miboga paramén insisivus.
  • Lolongkrang palatum unilateral dina palatum jeung prepalatum. Vormer ngahiji dina maksila.
  • Lolongkrang palatum anu lengkep dina palatum jeung prepalatum. [6]

Faktor anu nyababkeun ayana lolongkrang dina palatum téh nyaéta genetik jeung lingkungan. Salaku conto, faktor genetik nyaéta sindrom patau (trisomi 13) patali jeung kabentukna lolongkrang tina lambé atawa maksula. Lamun faktor lingkungan mangrupa pangaruh tina teratogén husus saperti folik antogonis atanapi atawa balukar tina obat anti kejang. [2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Tim Penyusun KBBI. "Palatum". kbbi.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2020-11-23. 
  2. a b Underwood, JCE (2008). Patologi (dalam Indonesian). Jakarta: EGC. p. 5. ISBN 978-979-448-406-7. 
  3. a b M.Sc, drg Juwita Raditya Ningsih (2018). Ilmu Dasar Kedokteran Gigi (dalam Indonesian). Surakarta: Muhammadiyah University Press. p. 106. ISBN 978-602-361-129-4. 
  4. Sumawinata, Narlan (2003). Senarai Istilah Kedokteran Gigi (dalam Indonesian). Jakarta: EGC. p. 132. ISBN 978-979-448-623-8. 
  5. Behrman, Kliegman, Arvin (2009). Ilmu Kesehatan Anak (dalam Indonesian). Jakarta: EGC. p. 538. ISBN 978-979-448-464-7. 
  6. Zainul, Cholid (2013). "Celah Palatum". Stomatognatic 10 (2): 99-104. ISSN 2442-4935. https://jurnal.unej.ac.id/index.php/STOMA/article/download/2050/1657#:~:text=Celah%20palatum%20adalah%20terpisahnya%20atap%20rongga%20mulut.,-Adanya%20celah%20pada.