Pamindahan puseur dayeuh Indonésia (2019-kiwari)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Pamindahan puseur dayeuh Indonésia (2019-kiwari) is located in Indonesia
Jakarta
Penajam Paser Utara
Kutai Kartanegara
Lokasi Jakarta (puseur dayeuh ayeuna) sarta lokasi-lokasi anu diusulkeun jadi

puseur dayeuh anyar.

Upaya pamindahan puseur dayeuh Indonésia dimimitian ti taun 2019 di jaman pamaréntahan Présidén Joko Widodo. Liwat rapat kawates pamaréntah di tanggal 29 April 2019, Joko Widodo mutuskeun rék mindahkeun puseur dayeuh nagara ka luar Pulo Jawa.[1] Pamindahan puseur dayeuh ieu aya dina Rencana Pembangunan Jangka Menengah Nasional 2020-2024.[2] Di tanggal 26 Agustus 2019, Présidén Joko Widodo ngabéwarakeun yén puseur dayeuh anyar bakal diwangun di wewengkon administratip Kabupatén Penajam Pasér Utara jeung Kabupatén Kutai Kartanegara, Kalimantan Wétan.[3]

Kasang tukang[édit | édit sumber]

Usulan pikeun mindahkeun puseur dayeuh Indonésia ti Jakarta ka lokasi nu séjén geus disawalakeun ti jaman Présidén Soekarno nepi ka Susilo Bambang Yudhoyono. Présidén Yudhoyono ngarojong idé pikeun nyieun puseur pulitik jeung administrasi Indonésia nu anyar, ku lantaran masalah lingkungan jeung kaayaan Jakarta anu geus gegek teuing.[4][5]

Alesan lokasi anyar[édit | édit sumber]

Ceuk Présidén Joko Widodo, alesan wewengkon di Penajam Pasér Utara jeung Kutai Kartanegara dijadikeun lokasi puseur dayeuh anyar ku lantaran leutikna kamungkinan beunang musibah alam di daérah éta, lokasi nu "aya di tengah-tengah Indonésia", lokasi di deukeut kota Balikpapan jeung Samarinda anu geus mekar, "infrastruktur anu rélatif lengkep", sarta aya 180 hektar tanah anu dipiboga ku pamaréntah.[6]

Rarancang pamaréntah[édit | édit sumber]

Dina béwara tanggal 26 Agustus 2019, Joko Widodo nyebutkeun yén pamaréntah bakal ngarancang undang-undang pikeun mindahkeun ibu kota pikeun disatujuan ku Déwan Pangwakil Rahayat. Pangwangunan dimimitian di taun 2020, sarta pamindahan bakal dilakukeun sacara bertahap ti taun 2024.[6]

Kamandang[édit | édit sumber]

Sékjén Partai Persatuan Pembangunan Arsul Sani sarta dosén Universitas Trisakti Yayat Supriatna nyebutkan perluna disahkeun undang-undang sangkan kaputusan pamaréntahan Joko Widodo jadi kukuh sarta teu bisa dirobah ku présidén nu engké ngajabat. Ayeuna, posisi Jakarta salaku ibu kota didasarkeun kana UU 29/2007 ngeunaan Pamaréntah Provinsi Daérah Khusus Ibu kota Jakarta.[6]

Sultan Adji Muhammad Arifin, pamingpin Kasultanan Kutai Kartanegara ing Martadipura, ngarasa sukur ku ayana pamindahan puseur dayeuh nagara lantaran wewengkon éta mangrupa tempat diadegkeunana Karajaan Kutai, karajaan anu boga bukti sajarah pangkolotna di Indonésia.[7]

Tingali ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]


Nulis.jpg