Panyakit virus ébola

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Penyakit virus ebola
Klasifikasi jeung sumber luar
mikrograf elektron virus ébola
ICD-10 A98.4
ICD-9 065.8
DBPanyakit 18043
MedlinePlus 001339
eMedicine med/626 
MeSH D019142

Panyakit virus ébola ( EVD ) atawa demam berdarah ébola ( EHF ) nyaéta panyakit anu dialaman ku manusa jeung disababkeun ku sasalad ébola . Mangsa inkubasi mimiti ieu virus biasana dua poé nepi ka tilu minggu. Gejala anu karasa nyaéta muriang, nyeri tikoro, nyeri otot jeung nyeri sirah. Ieu gejala biasana dibarengan ku seueul, utah, diaré, jeung turunna fungsi haté jeung ginjal. Dina kaayaan ieu, jalma anu kakeunaan virus Ebola mimiti ngalaman bijilna getih dina organ awak. [1]

Gejala[édit | édit sumber]

Tanda jeung gejala Ebola [2]

Mangsa inkubasi ieu sasalad antara 2 nepi ka 21 poé. [1] [2] Seseringna mah antara 4 nepi ka 10 poé. [3] Sanajan kitu, aya 5 persén périodeu inkubasi anu ngahontal waktu leuwih ti 21 poé. [4]

Gejala ébola biasana dimimitian ku influenza dadakan anu nyababkeun pasién leuleus, muriang, lesu, hésé barangdahar (anorexia), nyeri otot (myalgia), nyeri sendi (arthralgia), nyeri sirah jeung nyeri tikoro. [1] [3] [5] [6] Demamna biasana nepi ka 38.3 °C (100.9 °F) . [7] Gejalana dibarengan ku utah, diaré jeung nyeri beuteung bagian luhur jeung handap. Lian ti éta, napas jadi déét, dada nyeri, awak ngabareuhan (edema), jeung kasadaran ngurangan. Dina sababaraha kasus, pasién ngalaman 'maculopapular ruam' dina kulit anu lumangsung 5 nepi ka 7 poé, sanggeus gejala awal karasa ku pasién.

Dina sababaraha kasus, bisa ogé kajadian perdarahan internal jeung éksternal ti mimiti 5 nepi ka 7 poé. [1] [8] Sakabéh pasién pasti ngalaman pembekuan getih. Pendarahan tina lapisan baham, irung jeung tikoro anu lumangsung dina 40-50 persén kasus. [9] Ieu kajadian nyababkeun utah getih, batuk getih jeung diséntri. [10] Pendarahan dina kulit nyababkeun petechiae, purpura, ecchymoses atawa hematomas (utamana di sabudeureun anu keuna suntikan). Panon jadi beureum jeung di saluran pencernaan . [7]

Mimiti aya tanda-tanda rék cageur téh antara 7 nepi ka 14 poé. [6] Leungitna ieu sasalad biasana antara 6 nepi ka 16 poé, di satengahing éta biasana ngalaman heula loba kareuwas, tekenan getih handap anu disababkeun ku kurangna cacai dina awak. [11] Parnana, pasién saméméh tilar dunya téh pasti wé ngalaman koma. Anu salamet ogé mindeng ngalaman nyeri otot, nyeri sendi, haté ngabareuhan, kurang dadanguan, capé, leuleus, turun gairah aktivitas, jeung beurat awak beuki lila beuki turun jeung hésé balik deui ka awal. [12]

Nyababkeun sareng diagnosis[édit | édit sumber]

Sasaladna bisa ditépakeun ngaliwatan getih atawa késang sato anu kakeunaan (biasana monyét atawa kalong). [1] Népakeun ngaliwatan hawa mah can kungsi kajadian di lingkungan anu alami. [13] Dipercaya yén kalong buah bisa mawa jeung nyumebarkeun sasalad tanpa kakeunaan. Sakalina inféksi ka manusa, bisa tépa ka jalma lian anu aya disabudeureunana. Lalaki anu salamet tina panyakit bisa népakeun ngaliwatan spérma salila ampir dua bulan. Dina prosés diagnosis, biasana panyakit anu lian kalayan gejala anu sarua, saperti malaria, koléra jeung demam berdarah virusna kudu dikaluarkeun heula. Pikeun mastikeun diagnosis, sampel getih kudu diuji antibodi virus, RNA virus, atawa virus éta sorangan.

Nyegah[édit | édit sumber]

Tarékah ngurangan tépana ieu virus bisa dimimitan ku cara ngajauhan monyét jeung babi anu kainféksi ka manusa. Ieu bisa dilakukeun ku cara mariksa sato anu kainféksi, maéhan jeung miceun sato naon waé anu kakeunaan virus Ebola. Pasak daging nepi ka asak jeung gunakeun pakéan keur nyalindungan waktu ngolah daging. Lian ti éta, saméméh atawa sanggeus kontak jeung jalma anu keuna ku ébola kudu ngolah bisa ku cara ngumbah leungeun heula. Sampel cacai jeung jaringan ti jalma anu miboga panyakit kudu diurus kalayan ati-ati pisan. [1]

Teu aya cara husus keur ngokolakeun ieu panyakit, usaha mantuan jalma-jalma anu katépaan kaasup méré terapi réhidrasi oral (cai anu rada amis jeung cai asin anu diinum) atawa cacai intravena. [1] Ieu panyakit miboga tingkat poténsi tilar dunya anu luhur, malah poténsina nepi ka 50% - 90%. [14] EVD mimiti dipikawanoh di Sudan jeung Républik Démokratik Kongo. Ieu panyakit bisa hirup di daérah tropis Sub-Sahara Afrika . Ti 1976 (nalika mimiti diwanohkeun) nepi ka 2013, kurang ti 1.000 jalma per taun geus katépaan. [15] Panggedéna angka anu katépaan Ebola di Afrika Kulon 2014 anu mangaruhan Guyana, Sierra Leone, Liberia jeung Nigeria . [16] [17] Ti Agustus 2014, leuwih ti 1600 kasus geus diidéntifikasi. [18] Tarékah terus dilakukeun nepi ka ayeuna keur ngembangkeun vaksin, tapi masih can ngahasilkeun bongbolongan.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g "Ebola virus disease Fact sheet N°103". World Health Organization. Diakses tanggal 12 April 2014. 
  2. a b "Ebola Hemorrhagic Fever Signs and Symptoms". CDC. Diakses tanggal 2 August 2014. 
  3. a b Goeijenbier M, van Kampen JJ, Reusken CB, Koopmans MP, van Gorp EC (November 2014). "Ebola virus disease: a review on epidemiology, symptoms, treatment and pathogenesis". Neth J Med 72 (9): 442–8. PMID 25387613. http://www.njmonline.nl/getpdf.php?t=a&id=10001148. 
  4. Charles N. Haas (October 14, 2014). "On the Quarantine Period for Ebola Virus". PLOS Currents Outbreaks. doi:10.1371/currents.outbreaks.2ab4b76ba7263ff0f084766e43abbd89. http://currents.plos.org/outbreaks/article/on-the-quarantine-period-for-ebola-virus/. 
  5. Gatherer D (August 2014). "The 2014 Ebola virus disease outbreak in West Africa". J Gen Virol 95 (Pt 8): 1619–1624. doi:10.1099/vir.0.067199-0. PMID 24795448. 
  6. a b Magill, Alan (2013). Hunter's tropical medicine and emerging infectious diseases. (9th ed. ed.). New York: Saunders. p. 332. ISBN 9781416043904. 
  7. a b Hoenen T, Groseth A, Falzarano D, Feldmann H (May 2006). "Ebola virus: unravelling pathogenesis to combat a deadly disease". Trends in Molecular Medicine 12 (5): 206–215. doi:10.1016/j.molmed.2006.03.006. PMID 16616875. 
  8. Simpson DIH (1977). "Marburg and Ebola virus infections: a guide for their diagnosis, management, and control" (PDF). WHO Offset Publication No. 36. p. 10f. 
  9. "Ebola Virus, Clinical Presentation". Medscape. Diakses tanggal 30 July 2012. 
  10. "Appendix A: Disease-Specific Chapters" (PDF). Chapter: Hemorrhagic fevers caused by: i) Ebola virus and ii) Marburg virus and iii) Other viral causes including bunyaviruses, arenaviruses, and flaviviruses. Ministry of Health and Long-Term Care. Diakses tanggal 9 October 2014. 
  11. Ruzek, edited by Sunit K. Singh, Daniel (2014). Viral hemorrhagic fevers. Boca Raton: CRC Press, Taylor & Francis Group. p. 444. ISBN 9781439884294. 
  12. Tosh PK, Sampathkumar P (December 2014). "What Clinicians Should Know About the 2014 Ebo<la Outbreak". Mayo Clin Proc 89 (12): 1710–17. doi:10.1016/j.mayocp.2014.10.010. PMID 25467644. 
  13. "2014 Ebola Virus Disease (EVD) outbreak in West Africa". WHO. Diakses tanggal 3 August 2014. 
  14. C.M. Fauquet (2005). Virus taxonomy classification and nomenclature of viruses; 8th report of the International Committee on Taxonomy of Viruses. Oxford: Elsevier/Academic Press. p. 648. ISBN 9780080575483. 
  15. "Ebola Viral Disease Outbreak — West Africa, 2014". CDC. Diakses tanggal 26 June 2014. 
  16. "CDC urges all US residents to avoid nonessential travel to Liberia, Guinea, and Sierra Leone because of an unprecedented outbreak of Ebola.". CDC. Diakses tanggal 2 August 2014. 
  17. "Outbreak of Ebola in Guinea, Liberia, and Sierra Leone". CDC. Diakses tanggal 5 August 2014. 
  18. "Ebola virus disease update - West Africa". WHO. Diakses tanggal 6 August 2014.