Lompat ke isi

Paron

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Paron anu ditempatkeun dina catang kai

Paron nyaéta balok beusi anu kuat paranti panahan/talenan dina mangsa ngolah bahan tina beusi sangkan bisa dijieun wangun anu geus ditangtukeun.[1] Beusi beunang manaskeun neupika beureum tuluy dipeupeuh maké palu dina luhureun paron. Nempo kana pakakas gosali anu séjén paron mibanda wangunna anu leuwih sederhana tayalian ti beusi gedé anu teuas. Biasana ditempatkeun kalawan merenah dina tangkal kai atawa tunggulna ngarah leuwih kuat, sangkan merenah mangsana dipaké jeung kuat mangsana narima pameupeuh palu.[2]

Pedaran

[édit | édit sumber]
Meupeuh beusi panas luhureun paron

Kiwari, Paron anu loba dipaké kupagawé di gosali jeung béngkél geus ngalaman parobahan anu tadina ngan saukur beusi datar kiwari geus ditambahan rarangken kagigir kawas tanduk anu mangpaatna pikeun nilepkeun, atawa ngaréka-réka beusi sangkan leuwih gampang[2]

Paron kudu dijieun tina beusi waja anu kuat ogé teuas, ku lantaran nahan pameupeuh tina palu, mangsana nyieun barang tina bahan beusi, sagigireun kuat paron ogé kudu merenah mangsana dipaké nyaéta mibanda kakuatan pikeun meclengkeun deui palu (rebound) mangsana di peupeuhkeun, sangkan ngurangan tanaga pikeun anu meupeuh. Kiwari paron dijieun ku jalan dicor nyaéta tina beusi ancuran, hargana rupa-rupa tinu murah nepika anu mahal. Ngan hanjakan paron meunang ngecor ieu utamana anu murah teu mibanda kakuatan lila jeung henteu ngampul mangsana dipeupeuh ku palu.[3][4] Merenahkeun paron dina tempatna kudu bener-bener jadi paniténan, sabab paron baris narima pameupeuh tina palu anu kacida kuatna jeung dina waktu anu cukup lila, bisa waé paron logor malahan nepika lesot tina tempatna tangtu ieu bisa ngabalukarkeun kacilakaan. Biasana paron diperenahkeun dina catang kai, atawa beton dipageuhan maké ranté atawa paseuk mangsa kiwari pabrik-pabrik anu nyieun paron nyadiakeun ogé tempat paneundeunan paron anu leuwih tarapti, bisa dibabawa jeung leuwih kuat.[5]

Paron beusi anu digunakeun kiwari di gosali jeung béngkél-béngkél baheulana dijieun tina batu, mangsana zaman megalitikum kénéh, barang-barang anu mangrupa paron jeung palu geus dijieun tina batu sahenteuna kapanggih di sabaraha daérah di Indonésia.[6]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
  1. Piruruhan
  2. Ububan
  3. Capit
  4. Cangkorah
  5. Gosali
  6. Amléng

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Musikologi Indonesia, Musik (19682009). Masyarakat. Universitas Michigan: Masyarakat musik. p. 99.  Disungsi23 Desémber 2020
  2. a b Paron nyaéta
  3. Hahn, Robert. Archaeology and the Origins of Philosophy. Publisher: State University of New York Press 2010. ISBN 978-1438431659
  4. King James Version ISAIAH 41:7
  5. Boesch, Christophe and Boesch, Hedwige. Optimization of Nut-Cracking with Natural Hammers by Wild Chimpanzees. Department of Ethology and Wildlife Research, University of Zurich, Switzerland 1982. Pub: Behaviour 83 pp. 265-286 1983
  6. Stanley Ann Dunham, Pendekar-pendekar besi Nusantara : Kajian antropologi tentang pandai besi, kaca 108, Pub:PT Mizan Pustaka. Cetakan 1 November 2008, ditempo 1 Méi 2016