Peradaban Maya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Wilayah Maya (wates beureum) di Mesoamerika

Peradaban Maya; Chichén Itzá nyaéta hiji peradaban nu perenahna di Mesoamerika diwangun ku suku bangsa Maya.[1] Tininggalna aya kénéh nepika kiwari, tayalian hiji komplék wangunan nu pinuh ku sajarah suku bangsa Maya nu perenahna di Semenanjung Yucatan.[1] di dieu aya sababaraha wangunan penting nu dipercaya baheulana jadi puseur kagiatan pamaréntahan, pulitik sarta ékonomi, Piramida Kukulcan, Candi Chac Mool, sarta wangunan sarebu tihang.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Saméméh abad ka 10 Peradaban ti Mesoamerika kalér, ninggalkeun monumén batu sarta média séjén nu nyésa nepi ka kiwari kalawan geus ditafsirkeun ku arkéolog sarta epigraf modérn.[2] Dina sajarah peradaban, bangsa Maya nyicingan daérah méksiko kidul kiwari Yucatan Guatemala.[3] Maranéhna mibanda pangaweruh nu onjoy dina widang élmu falak/béntang, sistem pananggalanna sampurna sarta ngitung béntang nu kacida rumit.[3] Élmu astronomi bangsa Maya buhun ieu mangrupa kamotékaran élmu pangaweruh nu kasebut luar biasa, dibandingkeun jeung élmu géometri na urang mesir atawa élmu filosofi urang Yunani.[3]

Tayalian candi kukulcan nu wanguna kawas piramida mibanda hambalan sarta buruan lega, jangkuna nepika 24 méter ieu wangunan diadegkeun ngahaja pikeun tujuan astronomi sarta lambang pamujaan.[4] Di ieu komplek ogé mibanda dua cenotes (sumur alam) baheulana sok dipaké pamiceunan wadal, cenah baheula suku Indian Maya sok ngasupkeun wadal ka jero éta sumur.[1]

Dina widang tatanén Peradaban Maya bisa disebutkeun ninggalkeun warisa nu gedé hargana, tayalian élmu ngeunaan tatanén kentang, jagong, kadelé, jeung karét nepi ka kiwari éta komoditi téh jadi sumber ékonomi di loba nagara.[5] Baheula Peradaban Maya mitembeyan tatanén ku jalan ngabukbak heula leuweung, tatangkalana dikumpulkeu di hiji tempat nu kapanasan panon poé sangkan garing tuluy waé diduruk.[6] Cara tatanén nu kieu ogé dipiwanoh nepi ka kiwari, mono kultur tayalian tatanén nu ngan saukur melak sarta miara sarupa pepelakan béda jeung tumpang sari.[6]

Peradaban Maya buhun runtag dina taun 900, Mangsa karajan Azték kumawasa kurang leuwih taun 1500 SM daérah na nglimpudan kota Méksiko (kiwari) nelah ogé daérah Meso-Amerika.[7] Peradaban Maya tumpur ninggalkeun artepak-artepak nu masih kénéh weuteuh, sabab musababna tacan kanyahoan kapastianna nepi ka kiwari naha diserang ku musuh atawa keuna ku wabah panyakit.[8]

Kahirupan séjén[édit | édit sumber]

Peradaban Maya mibanda hiji kapercayaan dina hirupna, numutkeun maranéhna roh atawa jiwa tiap manusa téh henteu hiji tapi aya kana sababaraha hijina marengan kana raga saurang nu hirup.[9] di mana raga panggih palastra (maot) urang peradaban maya baris ngayakeun hiji upacara pikeun ngaruang éta jasad, maranéhna percaya jiwana bakal tetep hirup tapi dina kahirupan nu séjén.[9] Para pamingpin jama harita percaya kana roh sato-sato sarta lambang-lambang (coessenees) nu dipercaya bisa ngadatangkeun kakuatan sarta méré panyalindungan, dina méré ngaran ogé sok milu kana ngaran karuhun-karuhunna nu dipercaya ku maranehna sabenerna manéhna nu ayeuna téh titisan ti Déwa sarta karuhunna.[9]

Nurutkeun kana panalungtikan ethnografiphic moderén, Peradaban Maya percaya manusa mibanda loba jiwa kalawan jumlahna nu teu sarua tina hiji kumpulan urang Maya jeung kumpulan Maya nu Sejen.[9] Sebut waé urang Maya ti Zinacantan manéhna percaya dina ragana mibanda 13 roh nu marengan hirupna, béda deui jeung tatanggana Maya Chamula percaya manaréhna dibarengan ku 39 jiwa dina hirupna.[9]

Dicutat Tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Mattison, Pram (2013). Suku Bangsa Dunia dan Kebudayaannya. Gunung Sahari: Cerdas Interaktif. ISBN 9789797883799. 
  2. T., Ardren, T. (2002). Ancient Maya Women. USA: Rowman Altamira. ISBN 9780759100107. 
  3. a b c Ariffin Wijaya, Johanes (2010). 2012 Motivitamin hidup sukses. Jakarta: PT Niaga Swadaya. ISBN 9786028661096. 
  4. M, Ihsan (2009). Menggugat posisi masyarakat adat terhadap negara: prosiding Sarasehan Masyarakat Adat Nusantara. Jakarta: AGROMEDIA. ISBN 9789790062603. 
  5. Gautama, C, Kartika, S. (1999). Menggugat posisi masyarakat adat terhadap negara: prosiding Sarasehan Masyarakat Adat Nusantara. Jakarta: Panitia Bersama Sarasehan dan Kongres Masyarakat Adat Nusantara. ISBN 9789799503251. 
  6. a b Demarest, Arthur (2004). Ancient Maya: The Rise and Fall of a Rainforest CivilizationVolume 3 dari Case Studies in Early Societies. Cambridge University Press: University of Cambridge (Gran Bretaña). ISBN 9780521592246. 
  7. Gramedia, Kelompok (2009). Seri Rahasia Alam - 39 Cokelat. Jakarta: Elex Media Komputindo. ISBN 9789792764802. 
  8. Pridi, Alta (2018). Kejadian Aneh Dan Tragedi: Bencana Pompeii Tahun 79 Masehi, Peristiwa Mengherankan Serta Tidak Masuk Akal Plus Info Tentang Hal Tak Terduga Mengenai Tata Surya Kita. SN-28. Jakarta: Elex Media Komputindo. 
  9. a b c d e V. Foster, Lynn (2005). Handbook to Life in the Ancient Maya WorldWorld history. Oxford: Oxford University Press. ISBN 9780195183634. 
Nulis.jpg