Prasasti Rumatak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Prasasti Rumatak atawa Gegerhanjuang nyaéta prasasti anu asalna ti kabuyutan pasir Gegerhanjuang, Linggawangi, Singaparna. Ieu prasasti ukur ngawengku tilu baris tulisan pondok maké aksara Jawa Kuna. Di Musieum Pusat ieu prasasti dinomeran D26.

Tapsiran[édit | édit sumber]

Ieu prasasti mimiti ditalungtik ku Holle, hasilna dijudulan Beschreven Steen uit De Afdeeling Tasikmalaya Residentie Preanger, dilaporkeun dina majalah TBG XXIV taun 1877. Panalungtikan Holle dikoréksi ku C. M. Pleyte, nu lajeng dikoréksi ku Saléh Danasasmita. Alih aksara lengkepna:

traba i gunna apuy na
sta gomati sakakala nu mata
k disusu(k) ku batari hyang pun

Candrasangkala[édit | édit sumber]

Pleyte sapuk jeung panalungtikan Holle ti heula nu ngahartikeun candrasangkala nu aya dina ieu prasasti nujul ka taun 1333 Saka (1411 Maséhi). Panalungtikan Danasasmita nyindekkeun yén candrasangkala nu bener mah nu diapit ku kecap 'i' jeung 'sakakala': gunna apuy nasta gomati, nujul ka taun 1033 Saka (1111 Maséhi). Saur anjeunna, kecap 'traba' téh wancahan tina trayodasi badrapada, nujul ka titimangsa 13 Badrapada. Candrasangkala kieu sarupa jeung 'hakara' nu kapanggih dina prasasti Cibadak nu mangrupa wancahan tina Hariang-Kaliwon-Radité. Ku kituna, candrasangkala dina ieu prasasti téh lengkep pisan: tanggal 13, bulan Badrapada, taun 1033 Saka (21 Agustus 1111), titimangsa nu dijadikeun poé milangkala Tasikmalaya).

Eusi[édit | édit sumber]

Kalengkepan titimangsa dina ieu prasasti bisa disandingkeun jeung prasasti Cibadak, Danasasmita boga kacindekan yén ieu prasasti aya patalina jeung Sri Jayabupati. Ayana sebutan 'Batari Hyang' nunjukkeun yén ieu prasasti téh patali jeung istri, nu ceuk Danasasmita mah sigana putra cikal Jayabupati anu teu bisa jadi raja alatan manéhna awéwé. Antukna, éta putra cikal téh jadi batara (batari) anu boga kalungguhan teu éléh luhur dina kahirupan urang Sunda harita.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Saléh Danasasmita (2003). Nyukcruk sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Kiblat Buku Utama.