Rabeprazol

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina.
Rabeprazol
Ngaran sistimatik (IUPAC)
(RS)-2-([4-(3-Metoksipropoksi)-3-metilpiridin-2-yl]metilsulfinil)-1H-benzo[d]imidazol
Identifiers
Nomer CAS 117976-89-3
Sandi ATC A02BC04 A02BC54 A02BD12 A02BD13
PubChem 5029
DrugBank DB01129
ChemSpider 4853
Data kimia
Rumus C18H21N3O3S 
Mass. mol. ?
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas 52%
Ikatan protein 96.3%[1]
Metabolisme CYP2C19 dan CYP3A4 di hati
Waktu paruh 1 jam
Eksresi 90% melalui ginjal sebagai metabolit[2][3]
Therapeutic considerations
Licence data

US

Kat. kehamilan

B1(AU) ?(US)

Legal status
Jalur Obat oral

Rabeprazol nyaéta obat pikeun kasakit di beuteung jeung tikoro (kayaning refluks asam, tukak lambung), hiji kaayaan di mana aliran asam lambung nyababkeun mules jeung kAmungkinan cidera esofagus (tabung nu ngahubungkeun tikoro jeung lambung) di jalma nu geus dewasa atawa di budak leutik. Rabeprazole dipaké pikeun ngubaran kasakit GERD, kamungkinan tikoro bisa cageur, sarta nyingkahan karusakan nu leuwih parna dina tikoro jalma dewasa. Rabeprazol ogé dipaké pikeun ngubaran kasakit lambung di mana lambung atawa padaharan ngaproduksi asam leuwih loba ti normal, kayaning sindrom Zollinger-Ellison di jalma nu geus dewasa, salian ti éta rabeprazol ogé digunakeunn pikeun ngubaran bisul (raheut di lapisan pangluhurna beuteung atawa usus) sarta digunakeun dina kombinasi jeung ubar séjénna piikeun ngaleungitkeun H. pylori, baktéri nu nyababkeun bisuL di jalma dewasa. Rabeprazol aya dina kelas nu disebut inhibitor pompa proton. Ieu gawéna pikeun ngurangan jumlah asam nu di jieun di jero padaharan.[4] Ubar ieu miboga fungsi keur ngurnagan jumlah asam di lambung. Ubar ieu ngurangann gejala kasakit kayaning maag, hésé nelen, jeung batuk nu tutuluyan. Ubar ieu ogé bisa ngurangan karusakan asam dina beuteung jeung tikoro, nyingkahan bisul jeung kanker tikoro. Rabeprazole kaasup kana ubar nu dipiwanoh salaku inhibitor pompa proton (PPI).[5]

Struktur fisik jeung kimia[édit | édit sumber]

Rabeprazol nyaéta ubar antiulcer dikelas inhibitor pompa proton, ieu nyaéta prodruk dilingkungan asam sél parietal nu robah jadi bentuk sulfida aktif. Rabeprazol ngahambat H +, K+ ATPase tina lapisan sel lambung jeung kagumantungan dosis ieu neken basal sarta ngastimulasi sekresi asam lambung. Rabeprazol miboga struktur kimia C18H21N3O3S nu miboga beurat molekul 359,4 gram/mol dina ngaran kimia 2-([4-(3-metoksipropoksi)-3-metilpiridin-2-yl]metilsulfinil)-1H-benzimidazol. Rabeprazol bentukna kristal bodas tina eter (CH2Cl2) kalawan titik cair 99-100 °C, pakiraan tekanan uap 2,2x10-15 mmHg dina suhu 25 °C. Koefisien nu nyekat cai/oktanolnya 0,6. Rabeprazol téh larut dina cai jeung metanol, sarta bisa ogé larut dina alkohol, kloroform, jeung etil asetat, tapi teu bisa larut dina eter jeung n-heksana.[6][7]

Cara maké[édit | édit sumber]

Saacan make ubar ieu, baca heula panduan ubar di brosur informasi pasén nu disadiakeun ku apoték, mun can aya bisa ditanyakeun ka apotéker atawa dokter.

Mun ngonsumsi ubar ieu dina bentuk tablet, konsumsi dosis anjeun saluyu jeun nu diarahkeun ku dokter, biasana hiji nepi ka dua kali sapoé. Tureuy sakabéh tablét make cai. Ulah diancurkeun, digayem, atawa dipotongkeun. Ngalakukeun hal éta bisa ngaleupaskeun sakabéh obat sarta ningkatkeun résiko éfék samping.[5]

Mun maké kapsul, konsumsi dosis 30 menit saacan dahar saluyu jeung nu diarahkeun ku dokter, biasana sakali dina sapoé. Ulah diteureuy sakabéh kapsulna, tapi dibuka heula, tuluy eusina bisa diawurkeun ka kadaharan nu téksturna éncér (kayaning saos apel, atawa yogurt) tawa bias ogé diasupkeun kana nginuman. Kadaharan atawa inuman nu dicampur suhuna kudu suhu ruang Kadaharan atawa inuman nu dicampur kudu tuluy didahar kurang ti  15 menit sanggeus dicampurkeun. Ulah digayem atawa ngancurkeun campuran nu geus dijieun.

Dosis jeung lilana pangobatan dumasar  kana kondisi médis pasén jeung réspon ka obat. Lamun narajang budak leutik, dosis disaulyukeunn jeung beurat awak.

Mun diperlukeun, antasida bisa dipaké barengan jeung obat ieu. Mun pasén ngonsumsi sukralfat, nginum ubar rabeprazole sahenteuna 30 menit saacan nginum obat sukralfat.

Inum obat ieu sacara taratur supaya hasilna leuwih optimal. Kudu diinget yén nginum obat ieu kudu dina waktu nu sarua unggal poéna. Tuluykeun pamakéan obat pikeun pangobatan jangka panjang nu geus ditangtukeun sanajan pasén ngarasa kondisi awakna geus leuwih mending tibatan sacanna. Pasén kudu ngiberan dokter mun ngarasa kondisi awakna euweuh parobahan.

Cara nyimpen[édit | édit sumber]

Obat ieu alusna mah disimpen di suhu ruangan, jauhkeun tina sorot panonpoé sacara langsung, sarta ti tempat nu lembab, ulah nepi ka di bekukeun ogé. Mérk liana tina obat ieu bisa jadi ngabogaan aturan nyimpen nu lian ogé. Perhatikeun aturan nyimpen, sarta jauhkeun ti budak leutik. Mun geus kadaluarsa obat ieu bisa dipiceun saluyu jeung instruksi nu aya atawa bisa ditanyakeun ka apotékér cara pikeun ngungkulan limbah obat.[5]

Dosis[édit | édit sumber]

Inpormasi ieu lain mangrupa gaganti resép ti dokter. Omat kudu konsultasikeun heula ka dokter saméméh nginum ieu ubar.[5]

Dosisi normal pikeun kolot nu katarajang panyakit tukak nyaéta 20 mg sakali nginum dina sapoé, sanggeus sasarap isuk-isuk. Salian éta, dosis pikeun kolot nu katarang erosif esofagitis nyaéta 20 mg sakali nginum dina sapoé sanggeus sasarap. Dosis pikeun nu katarajang maag nyaéta 20 mg sakali nginum dina sapoé sanggeus sasarap. Dosis normal pikeun kolot nu katarajang panyakit gastroesophageal reflux 20 mg sakali nginum dina sapoé sanggeus sasarap isuk-isuk, dosis normal pikeun kolot nu katarajang panyakit tukak profilaksis 20 mg sakali nginum dina sopoé sanggeus sasarap

Terapi ieu kudu dilarapkeun saheunteuna opat nepi ka dalapan minggu ka hareup.[5] Térapi bisa dituluykeun salila 4 (opat) nepi ka 8 (dalapan) minggu. Térapi bisa dituluykeun salila 4 (opat) nepi ka 8 (dalapan) minggu. Durasi terapi normal nyaéta opat minggu dina sabagéan gedé pasén nu katarajang, ngan teu sakabéh pasén sarua, sababaraha pasén bisa ogé ngabutuhkeun térapi nu liana pikeun bisa cageur.[5]

Éfék samping[édit | édit sumber]

Éfék samping alérgi nu karasa nyaéta arateul, teu bisa ngarenghap (eungap), beungeut, biwir, létah sarta tikoro jadi barareuh. Mun ieu hal tumiba, langsung ka dokter pikeun dipariksa.[8]

Pamakéan obat ieu kudu dieureunkeun mun karasa gejala kakurangan magnesium kayaning:

  • lieur, linglung
  • ratug jantung
  • gerakan otot nu teu biasa
  • ngarasa gulisah
  • nyeri beuteung (mangrupa cai atawa aya getihan)
  • keram otot, kalemahan otot atawa ngarasa laleuleus
  • batuk
  • kejang

Efek samping nu teu pati serius kayaning:[édit | édit sumber]

Teu kabéh jalma ngalaman ieu efek samping. Bisa jadi aya sababaraha efek samping nu teu dituliskeun di luhur. Mun ngalaman ieu efek samping, gera pariksa ka dokter atawa konsultasikeun ka apotéker.

Cara nyingkahan[édit | édit sumber]

Saacan maké rabeprazol atawa obat nu tangtu, kudu ditimbang heula risiko sarta mangfaatna heula. Ieu kaputusan nu kudu ditangtukeun ku urang jeung dokter. Pikeun ubar ieu, perhatikeun awak urang miboga alérgi atawa henteu.

Saacan nangtukeun ubar ieu pikeun dikonsumsi, urang kudu konsultasikeun heula ka dokter pikeun alérgi nu aya dina awak urang, salian ti éta, urang gé kudu nyaritakeun alérgi kadaharan, pawarna, pangawet, atawa alérgi liana.

 Pikeun budak leutik sajauh ieu can aya panalungtikan ngeunaan hubungan umur jeung efek rabeprazole pikeun ngubaran GERD di budak leutik nu leuwih ngora ti umur sataun, salian ti éta ogé can aya panalungtikan ngeunaan hubungan rabeprazole pikeun ngubaran indikasi séjénna. Kaamanan sarta kamanjuran can bisa ditangtukeun.

Kitu deui pikeun kolot, can aya panalungtikan nu dilakukeun pikeun nunjukeun masalah geriatric khusus nu bisa ngawatesan kagunaan rabeprazole pikeun kolot.

Salian ti éta, nepi ka kiwari gé can aya panalungtikan ngeunaan pangaruh rabeprazol ka awéwé nu keur hamil atawa nu nyusuan. Ubar ieu asup ka résiko kahamilan katégori C numutkeun US Food and Drugs Administration atawa FDA.

Ieu di handap mangrupa kategori résiko kahamlian numutkeun FDA :

A= Teu miboga résiko

 B= Eweuh résiko dumasar kana sababaraha panalungtikan

C= Mingkin miboga résiko,

D= Aya bukti positif tina résiko

X= Kontraindikasi,

N= Teu dipikanyaho

Interaksi[édit | édit sumber]

Interaksi ieu salah sahijina jeung ubar séjén. Maké salah sahiji obat-obatan ieu di handap teu dianjurkeun, biasana Dokter bakal ngusulkeun pikeun ngaganti salah sahiji ubar éta.[8]

Rilpivirine[édit | édit sumber]

Maké ubar ieu jeung salah sahiiji obat-obatan éta biasana teu dianjurkeu, tapi bisa jadi ogé diperlukein dina sababaraha kasus. Mun kadua ubar éta diresépkeun babarengan dina hiji waktu, dokter bisa ngarobah dosis atawa sabarah mineng anjeun make salah sahiji ubar éta atawa kadua ubarna.[8]

Atazanavir[édit | édit sumber]

ieu jinis ubar Atazanavir kayaning bosutinib, citalopram, copidogrel, dabrafenib, dasatinib, erlotinib, eslicarbazepine asetat, ketoconazole, ledipasvir, methotrexate, mycophenolate mofetil, nelfinavir, nilotinib, pazopanib, saquinavir, topotecan, sarta vismodegib.

Maké ubar ieu jeung salah sahiji obat-obatan ieu di handap bisa nyababkeun ningkatna résiko éfék samping, tapi make kadua ubar éta aya kamungkinan mangrupa ubar nu panghadéna pikeun anjeun. Mun kadua ubar ieu diresépkeun dina waktu nu babarengan, dokter bisa ngarobah dosisna.[8]

Cranberry[édit | édit sumber]

Jinis ubar ieu diantarana digoxin jeung levotiroksin.

Kadaharan[édit | édit sumber]

Salian ti ubar, alkohol ogé miboga pangaruh, sababaraha jinis obat-obatan teu bisa dikonsumsi babarengan jeun jinis kadaharan atawa inuman nu tangtu, contona alkohol, kusabab bisa jadi bakal aya interaksi nu tangtu nu bisa nyababkekun hal nu leuwih bahaya, hadéna saacan ngonsumsi jinis ubar dikonsulatsikeun heula jeung dokter atawa apotéker nu leuwih paham sangkan euweuh éfék samping ka hareupna.[5]

Kondisi kaséhatan[édit | édit sumber]

Kondisi kaséhatan liana ogé bisa mangaruhan pamakéan ubar ieu. Saacan dibéré resép, hadéna dikonsultasikeun heula jeung dokter kasakit naon nu keur karagapan dina wanci harita, utamana:[5]

·      Diare

·      hypomagnesemia (kadar magnesium nu leutik dina getih)

·       osteoporosis (masalah tulang)

·       inféksi beuteung (misalna, kolitis pseudomembran) digunakeun kalawan ati-ati, bisa jadi nyieun kaayaan leuwih goréng.

·       panyakit hati, pamakéan kudu ati-ati. Éfékna bisa ningkatkeun kasakit ieu kusabab panétralan ubar ieu dina jero awak bisa leuwih  lila.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Langtry, HD; Markham, A (October 1999). "Rabeprazole: a review of its use in acid-related gastrointestinal disorders.". Drugs 58 (4): 725–42. doi:10.2165/00003495-199958040-00014. PMID 10551440. 
  2. "Rabeprazole". PubChem. NCBI. Diakses tanggal 10 January 2020. 
  3. PubChem. "Rabeprazole". PubChem. Diakses tanggal 10 January 2020. 
  4. "Rabeprazole: MedlinePlus Drug Information". medlineplus.gov. Diakses tanggal 2020-04-25. 
  5. a b c d e f g h "Rabeprazole Obat Apa? Dosis, Fungsi, dll. • Hello Sehat". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-12-27. 
  6. "Rabeprazole | C18H21N3O3S | ChemSpider". www.chemspider.com. Diakses tanggal 2020-04-25. 
  7. "Rabeprazole". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-04-25. 
  8. a b c d "Rabeprazole". Alodokter. Diakses tanggal 2020-04-25.