Lompat ke isi

Rawa Lakbok

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Data Rawa Lakbok
Lokasi Lakbok, Ciamis, Jawa Barat
Legenda Onom, Ratu Buliger Putih, Soko Galuh
Tradisi Ngabubak Lakbok, Wayang Kila, Hajat Bumi
Sumber Sastra Kidung Lakbok (1956)

Rawa Lakbok nyaéta ngaran hiji rawa nu aya di Kacamatan Lakbok, Kabupatén Ciamis, Jawa Barat, deukeut wates Kota Banjar jeung Provinsi Jawa Tengah. Rawa ieu mangrupa puseur legenda jeung kabudayaan wewengkon Lakbok sarta tempatna Pulo Majeti.[1]

Ngaran Baheula: Bandjarpatroeman

[édit | édit sumber]

Numutkeun naskah Kidung Lakbok, Rawa Lakbok baheula katelah Bandjarpatroeman, nyaéta "nagara gede loh djinawi pamaréntahan" nu baheula pisan. Ngaran "Bandjarpatroeman" ieu nunjukkeun yén wewengkon Lakbok baheula mangrupa puseur karajaan.[2]

Dina Sastra

[édit | édit sumber]

Rawa Lakbok jadi latar utama dina naskah Kidung Lakbok karya Ranadjangga Ma'lim taun 1956. Dina naskah éta dicaritakeun yén rawa ieu mangrupa tempat asal Wayang Kila jeung tempat kajadian carita Onom.[3]

Dina Legenda

[édit | édit sumber]

Rawa Lakbok dipercaya dijaga ku Onom, Raja Siluman atawa Raja Jin nu ngawasa Pulo Majeti. Pulo Majeti aya di tengah Rawa Lakbok sarta dianggap karajaan jin nu teu katingali ku panon manusa.[4][5]

Dina Budaya Ayeuna

[édit | édit sumber]

Unggal taun, Pamaréntah Kota Banjar ngayakeun upacara Hajat Bumi atawa Seba Hasil Bumi di Pulo Majeti, Rawa Lakbok minangka wujud ngamumule budaya karuhun jeung ngahormat ka Onom.[6][7]

Rawa Lakbok ogé dieusi ku rupa-rupa spésiés tutuwuhan langka di Pulo Jawa, kayaning Ficus retusa, Elaeocarpus littoralis, Nephrolepis radicans, Scirpodendron ghaeri, Floscopa scandens, Stenochlaena palustris, jeung Licuala sp.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]