Sél getih bodas

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Sél getih bodas (ogé disebut leukosit atawa sél imun) mangrupakeun salasahiji komponén getih nu pancénna mantuan pertahanan awak ngalawan kasakit inféksi jeung bahan asing salaku bagian tina sistim imun. Normalna mah aya kana 4x109 nepi ka 11x109 sél getih bodas dina saléter getih jalma sawawa nu walagri - kira 7000-25000 sél per keclak. Dina kasus leukemia, jumlahna bisa nérékél nepi ka 50000 sél per keclak.

Gambar mikroskop éléktron scanning (scanning electron microscope, SEM) getih manusa nu sirkulasina normal. Katempo sél getih beureum, sababaraha sél getih bodas nu nonjol kaasup limfosit, monosit, nétrofil, jeung loba deui platelet nu laleutik.

Sakumaha dina getih, sél getih bodas aya ogé dina sistim limfatik, limpa, jeung jaringan lianna.

Tipe[édit | sunting sumber]

Aya tilu tipe utama sél getih bodas.

Granulosit[édit | sunting sumber]

Granulosit mangrupakeun hiji kategori sél getih bodas nu cirina nyoko kana béda kelir granul dina sitoplasmana nalika diwarnaan sarta ditempo maké mikroskop cahya: neutrofil, basofil, jeung éosinofil (dingaranan dumasar pasipatan pewarnaanana).

Limfosit[édit | sunting sumber]

Limfosit leuwih ilahar aya dina sistim limfatik, kaasup nu katelah killer T-cells. Dina getih aya tilu tipe limfosit: sél B, sél T, jeung sél NK (natural killer cell). Sél B ngahasilkeun antibodi nu ngabeungkeut patogén nu salajengna diancurkeun. Sél T (helper) CD4+ ngordinir réspon imun (sél ieu nu ruksak dina inféksi HIV téh). Sél T (sitotoksik) CD8+ jeung sél NK bisa maéhan sél awak nu kainféksi ku virus.

Monosit[édit | sunting sumber]

Lian ti pancén lianna, monosit babagi pancén 'vacuum cleaner' jeung neutrofil. Monosit némbongkeun popotongan patogén ka sél T sahingga patogénna bisa diapalkeun sarta gampang diperuhkeun nalika nyerang deui. Monosit ogé katelah makrofag lamun geus ninggalkeun aliran getih sarta asup kana jaringan.

Tipe Gambar Diagram % dina manusa Katerangan
Neutrofil PBNeutrophil.jpg Seg-hemo.JPG 50-70% Neutrofil patali jeung pertahanan awak urang ngalawan inféksi baktéri jeung prosés peradangan leutik lianna sarta biasana ogé nu sok méré tanggapan pangheulana kana inféksi baktéri; aktivitas jeung paéhna neutrofil dina jumlah nu loba nyababkeun ayana nanah.
Éosinofil PBEosinophil.jpg Eos-hemo.JPG 2-5% Éosinofil utamana patali jeung inféksi parasit sarta ningkatna éosinofil nandaan yén loba parasit.
Basofil PBBasophil.jpg Baso-hemo.JPG <1% Basofil utamana tanggung jawab pikeun méré réaksi alérgi jeung antigén ku jalan ngaluarkeun histamin kimia nu nyababkeun peradangan.
Limfosit Lymphocyte2.jpg リンパ球.gif 20-40% Limfosit leuwih ilahar dina sistim limfa. Getih miboga tilu tipe limfosit:
  • Sél B: Sél B nyieun antibodi nu meungkeut patogén nu ngamungkinkeun pikeun ngancurkeunnana. (Sél B henteu ukur nyieun antibodi nu meungkeut patogén, tapi sanggeusna serangan, sababarahan sél B bakal angger mertahankeun kamampuhannana pikeun ngahasilkeun antibodi minangka layanan sistim 'mémori'.)
  • Sél T: CD4+ (pembantu) Sél T ngordinasikeun tanggapan katahanan (anu bertahan dina inféksi HIV) tur penting pikeun nahan baktéri intrasélulér. CD8+ (sitotoksik) bisa maéhan sél nu kainféksi ku virus.
  • Sél natural killer: Sél pamaéh alami (natural killer, NK) bisa maéhan sél awak nu henteu némbongkeun sinyal supaya tong dipaéhan, sabab geus kainféksi ku virus atawa geus jadi kanker.
Monosit Monocyte 40x.JPG Mono-hemo.JPG 3-6% Monosit ngabagi fungsi "pameresih vakum" (fagositosis) tina neutrofil, tapi leuwih jauh hirup sabab miboga tugas tambahan: méré potongan patogén ka sél T sahingga éta patogén bisa diapalkeun sarta diperuhkeun, atawa sahingga tanggapan antibodi bisa dipaké keur ngajaga.
Makrofag Macrophage.jpg Macrophage.png (tempo di luhur) Monosit katelah ogé minangka makrofag sanggeus pindah tina aliran getih sarta asup kana jaringan.

Panyakit[édit | sunting sumber]

  • Leukopénia, kasakit nu ditunjukkeun ku kurangna kadar sél getih bodas dina getih.
  • Leukositosis, nujul ka luhurna kadar/jumlah sél getih bodas dina getih.
  • Leukemia jeung limfoma, dua tipe kangker alatan teu kakontrolna produksi sél getih bodas.

Sél jaringan séjén[édit | sunting sumber]

Gambar tambahan[édit | sunting sumber]

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Sistem kardiovaskular - Getih
Sél getih beureum - Sél getih bodas - Platélét - Plasma getih - Sél stém hémopoiétik pluripoténsial
Sél getih bodas
Granulosit (Granulosit Neutrofil, Granulosit éosinofil, Granulosit basofil) - Limfosit - Monosit
Koagulasi
Faktor koagulasi: - Fibrin (I) - (Pro)trombin (II) - FV - FVII - FVIII - FIX - FX - FXI - FXII - FXIII - HMWK - vWF - Faktor jaringan
Inhibitor: Antitrombin - Protéin C - Protéin S - Protéin Z - ZPI - TFPI
Fibrinolisis: Plasmin - tPA/urokinase - PAI-1/2 - α2-AP - TAFI


Sistim imun
Sistim imun humoral - Sistim imun sélular - Sistim limfatik - Limfosit - Antibodi - Antigén (MHC)