Lompat ke isi

Sél getih beureum

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sél getih beureum manusa

Sél getih beureum nyaéta sél getih anu paling umum anu pancénna pikeun ngakut oksigén ti bayah atawa insang vertebrata ka jaringan-jaringan awak ngaliwatan getih. Dina istilah médis, sél getih beureum katelahna RBC (red blood cell), hématid, atawa éritrosit (tina basa Yunani erythros nu hartina beureum "red" jeung cyte nu hartina "sél"). Sistosit hartina sél getih beureum anu keur ngarandapan fragméntasi atawa potongan-potongan sél getih beureum.

Éritrosit vertebrata

[édit | édit sumber]
Ti kénca ka katuhu: éritrosit, trombosit, leukosit.

Érintrosit utamana dieusi hémoglobin, molekul kompléks anu ngandung gugus hémé anu ngabeungkeut atom beusi anu pancénna ngabeungkeut molekul oksigén pikeun dileupaskeun di jaringan-jaringan sakujur awak. Oksigén bisa nembus mémbran sél éritrosit. Myoglobin, sanyawa nu sarupa jeung hémoglobin, boga pancén neundeun oksigén dina sél otot.

Kelir beureum éritrosit téh asalna tina gugus hém dina hémoglobin, rupa-rupana gumantung kana kaayaan hémoglobinna: burahay beureum mun ngabeungkeut oksigén, tapi bakal jadi leuwih kolot mun ngaleupaskeun oksigén (déoksihémoglobin). Oksimétri pulsa ngamangpaatkeun parobahan kelir ieu pikeun sacara langsung ngukur kajenuhan oksigén dina getih artéri ngagunakeun téhnik kolorimétri.

Ayana protéin nu mawa oksigén di jero sél (dibandingkeun jeung leyur dina cairan awak) téh dianggap hambalan penting dina évolusi vertebrata: getihna jadi teu pati kentel bari jeung oksigénna bisa leuwih loba.

Éritrosit mamalia

[édit | édit sumber]

Mun geus sawawa, éritrosit mamalia jadi nir-inti (anucleate), nu hartina teu boga inti sél antukna teu ngandung DNA. Pikeun babandingan, éritrosit vertebrata lian ti mamalia ampir kabéhanana boga inti; nu geus kanyahoan téh ukur salamander genus Batrachoseps.[1] Éritrosit mamalia ogé leungiteun organél, kaasup mitokondria, antukna ngahasilkeun tanaga tina férméntasi, ngaliwatan glikolisis glukosa nu dituturkeun ku produksi asam laktat. Lian ti éta, sél beureum teu boga reséptor insulin, da asupan glukosana gé teu diatur ku insulin. Alatan kakurangan-kakurangan di luhur, ieu sél getih téh teu bisa ngahasilkeun protéin, boh struktural, pangropéa, atawa énzim, antukna umur hirupna kawates.

Éritrosit mamalia bentukna cépér bikonkaf: depé sarta leuwih dekok di bagian tengah. Bentuk ieu (ogé euweuhna organél & inti) ngarojong sangkan patukeurna oksigén sél jeung sabudeureunana leuwih optimal. Sél ieu ogé fléksibel antukna bisa nyélékét kana kapilér tempat ngaleupaskeun muatan oksigénna. Iwal ti onta ti kulawarga Camelidae nu éritrositna lonyod, di mamalia séjén mah bentukna buleud.

Dina saluran getih anu badag, sél-sél getih beureum kadang numpuk ngabentuk formasi rouleaux. Kajadian ieu lumangsung utamana mun kadar sababaraha jenis protéin sérum ngaronjat, misalna mun aya inflamasi.

Éritrosit manusa

[édit | édit sumber]

Diaméter éritrosit manusa ilaharna mah 6–8 µm, leuwih leutik batan lolobana sél manusa. Ieu sél leutik téh ngandung kira 270 juta molekul hémoglobin nu masing-masing mawa opat gugus hémé.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Gambaran ngeunaan sél getih beureum dipedar ku ahli biologi Walanda Jan Swammerdam taun 1658. Anjeunna ngagunakeun mikroskop jaman baheula.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Red blood cell, Wikipédia édisi basa Inggris. Disalin 7 Agustus 2007.
  1. W. D. Cohen. The cytomorphic system of anucleate non-mammalian erythrocytes.[tumbu nonaktif] Protoplasma, vol. 113 No. 1, Pébruari 1982

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]


Sistem kardiovaskular - Getih
Sél getih beureum - Sél getih bodas - Platélét - Plasma getih - Sél stém hémopoiétik pluripoténsial
Sél getih bodas
Granulosit (Granulosit Neutrofil, Granulosit éosinofil, Granulosit basofil) - Limfosit - Monosit
Koagulasi
Faktor koagulasi: - Fibrin (I) - (Pro)trombin (II) - FV - FVII - FVIII - FIX - FX - FXI - FXII - FXIII - HMWK - vWF - Faktor jaringan
Inhibitor: Antitrombin - Protéin C - Protéin S - Protéin Z - ZPI - TFPI
Fibrinolisis: Plasmin - tPA/urokinase - PAI-1/2 - α2-AP - TAFI