Onta

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Onta
Camelus bactrianus
Camelus dromedarius
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Camelus

Linnaeus, 1758
Spesies

Camelus bactrianus
Camelus dromedarius

Onta nyaéta sato nu kukuna beulah, beuheungna panjang sarta na tonggongna miboga punduk (aya nu pundukna hiji, ogé nu pundukna dua).[1] Biasana ieu sato sok dipaké ngangkut.[1] Hirupna di wilayah gurun kayaning Arab, Afrika Utara, Asia Tengah, jeung sajabana.[1] Kaasup kana genus Camelus (nu pundukna hiji-Camelus dromedarius; nu pundukna dua-Camelus bactrianus).[1] Umur rata-ratana nyaéta 30 taun nepi ka 50 taun.[1]

Kaonjoyan Onta[édit | édit sumber]

Loba kaonjoyan onta dibandingkeun jeung sato lianna, di antarana, kahiji bisa ngamangpaatkeun cai kalawan éfisien.[2] Dina waktu 10 menit, onta bisa nginum cai nepi ka 130 léter, jumlah nu kurang leuwih ampir sarua jeung sapertilu beurat awakna.[2] Ku lantaran kitu, onta bisa nahan haus nu kacida lilana.[2] Kadua, bisa ngamangpaatkeun hasil metabolisme.[3] Onta bisa ngamaksimalkeun cai nu digunakeun sarta zat-zat kadaharan lianna ku cara nyalurkeun uréa kana liver.[3] Struktur getih jeung sél onta kacida unikna nepi ka ieu sato bisa hirup dina waktu nu lila sanajan euweuh cai.[3] Onta miboga enzim albumin nu ngabalukarkeun onta bisa nahan haus.[3] Jumlah ieu énzim dina onta leuwih loba dibandingkeun jeung mahluk hirup lianna.[3] Katilu, onta miboga punduk (tonggong nu nonjol vertikal ka luhur).[3] Saperlima beurat onta nyaéta lemak nu aya dina éta punduk.[3]

Sanajan onta nu miboga punuk bisa méakkeun kadaharan 30–50 kg, onta bisa kuat hirup sabulan sanajan dahar 2 kg jukut sapoéna.[3] Kaopat, onta miboga biwir nu kacida kuatna sarta mirip karét nu ngabalukarkeun bisa ngadahar kadaharan nu aya cucukan.[2] Kalima, onta miboga beuteung kalawan opat bilik sarta sistem pencernaan nu kuat.[2] Kagenep, panon onta miboga bulu panon nu disusun jadi dua lapisan.[2] Ieu lapisan nepi ka bisa ngajaga panon onta tina keusik nu asup lantaran miboga sistem pengaitan, nalika aya dina kondisi nu bahaya sacara otomatis ieu bulu panon nutupan panon.[2] Katujuh, miboga bulu kandel nu nutupan awak sarta bisa ngajaga kulit onta tina panonpoé.[2] Sabalikna, nalika hawa tiris, ieu bulu bisa ngajaga awak onta sangkan tetep haneut.[2] Kadalapan, dampal cokor onta miboga ukuran nu leuwih gedé dibandingkeun ukuran jeung panjang sukuna.[2] Kasalapan, irung jeung ceulina ditutupan ku bulu nu panjang sangkan bébas tina kekebul jeung keusik.[2] Onta bisa nutupan liang irungna nepi ka keusik teu bisa asup.[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Unta Archived 2022-05-20 di Wayback Machine(diakses 22 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l Keunggulan Unta(diakses 22 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h Unta Hewan Gurun Pasir yang Luar Biasa Archived 2011-11-12 di Wayback Machine(diakses 22 Oktober 2011)