Lompat ke isi

Limfoma

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Limfoma Hodgkin.
Limfoma Non-Godgkin.

Limfoma nyaéta salah sahiji kangker getah bening anu kaasup salah sahiji kangker getih anu tumuwuh dina sél getih bodas kalawan dingaranan limfosit. Limfosit mangrupa bagian tina sistem kakuatan awak jeung miboga peran penting keur ngahalangan inféksi atawa panyakit anu bakal tumerap kana awak manusa. Sél limfosit sumebar dina sistem limfatik anu aya dina sakabéh sistem awak. Anu dimaksud sél limfatik téh ngawengku kelenjar getah bening, limpa, sumsum tulang jeung kelenjar timus.[1]

Faktor[édit | édit sumber]

Panyakit limfoma disababkeun ku sél limfosit anu tumuwuh abnormal jeung teu bisa dikadalikeun. Ieu sél numpuk dina kelenjar getah bening anu aya dina kélék, beuheung jeung palangkakan. Kumpulan sél abnormal tadi bisa nyaliara kana sakabéh sistem limfatik kaasup kana organ-organ awak anu lian. Ieu kaayaan disebut kangker limfoma maligna anu kaasup kangker ganas bisa ngabahayakeun jiwa anu kakeunaanana.[1]

Wanda[édit | édit sumber]

  • Limfoma hodgkin, jalma anu kakeunaan ieu wanda mah miboga sél kangker anu kacida bahaya dina awakna nyaéta reedsternberg (rs). Umumna, nyangkaruk dina sél limfosit B. Sababraha sub tipe ieu kangker nyaéta Lymphocyte-depleted Hodgkin’s lymphoma, Lymphocyte-rich Hodgkin’s lymphoma, Mixed cellularity Hodgkin lymphoma, Nodular sclerosis Hodgkin lymphoma, jeung Nodular lymphocyte-predominant Hodgkin lymphoma.[1] Ieu kangker bakal tumerap ka jalma anu miboga rentang umur 20 nepi ka 30 taun atawa umur 50 taun ka luhur. Keur ngubaranana bisa ngagunakeun kémoterapi, radiotérapi jeung operasi.[2]
  • Limfoma non-hodgkin, ieu kangker leuwih umum kapanggih dina awak manusa tibatan hodgkin. Tipe non- hodgkin bisa nyangkaruk dina limfosit B jeung limfosit T, sarta bisa sumebar gancang atawa lalaunan. Sababaraha subtipe non-hodgkin nyaéta diffuse large B-cell lymphoma (DLBCL), Burkitt’s lymphoma, atawa follicular lymphoma.[1] Ieu kangker tumerap ka jalma anu umurna kaasup katégori lansia atawa umur 60 taun ka luhur. Cara ngubaranana bisa ngagunakeun radioterapi, kemoterapi, imunoterapi, terapi target, plasmeferesis, antibiotik, atawa transplantasi sel induk.[2]

Gejala[édit | édit sumber]

Limfoma miboga gejala anu sarua jeung panyakit anu disababkeun ku virus saperti selesma anu mindeng tumerap ka manusa. Tapi, waktu tumerapna leuwih lila. Sababaraha urang anu kakeunaan teu ngalaman gejala nanaon, tapi sababaraha jalma bisa ngalaman kelenjar getah bening anu bareuh saperti anu kajadian dina beuheung, palangkangan, lambung, atawa kélék. Bareuh moal nyababkeun nyeri iwal kelenjar anu kakeunaanana ngagedéan jeung neken kana organ, jaringan atawa struktur séjénna. Gejala séjén tina dua wanda limfoma nyaéta muriang tuluy-tumuluy sanajan euweuh inféksi, késang tiis mun peuting, muriang,jeung ngeleper, napsu kana barangdahar kurang teu cara biasa, kacapéan terus-terusan, nyeri dina kelenjar getah bening sanggeus nginum alkohol, dina limfoma non-hodgkin karasa aya batuk, eungap, nyeri atawa bareuh beuteung. Upama dina pamariksaan awal dokter curiga ayana limfoma, bakal nyarankeun sangkan pasién ngalakukeun biopsi. Biopsi dilakukeun keur ngaleungitkeun sél anu ngagedéan jeung nyarungsum aya henteuna sél limfoma atawa wanda sél anu séjén. Upama dokter hematologist, ngadeteksi ayana sél limfoma, dokter bakal ngalaksanakeun tés langkung lengkep pikeun ngaidentipikasi sabaraha jauh panyebaran kangker. Ieu tés bisa kaasup kana sinar-X, tés getih, atawa nguji kelenjar getah bening atawa jaringan anu pangdeukeutna. Limfona bisa gancang nyebar tina titik limfa kana bagian awak anu séjénna via sistem limfatik. Nalika kangker limfosit nyebar kana jaringan anu séjén, sistem imun henteu bisa mipindingan diri keur ngalawan inféksi sacara épéktip.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Fadila, Ihda. "Limfoma (Kanker Getah Bening): Gejala, Penyebab & Pengobatan". Hello Sehat (dalam id-ID). 01-02-2021. Diakses tanggal 2021-04-30. 
  2. a b Sunur, Irene Cindy. "Perbedaan Limfoma Hodgkin dan Limfoma Non-Hodgkin". Alodokter. 31-12-2018. Diakses tanggal 2021-04-30. 
  3. Dewi, Dinda Selviana. "Mengenal Kanker Limfoma, Penyakit Penyebab Ria Irawan Meninggal". tirto.id (dalam Indonesian). 14 januari 2020. Diakses tanggal 2021-04-30.