Saéni

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Déskripsi[édit | édit sumber]

Novel Saéni téh minangka novel munggaran karangan Hadi AKS, anu diterbitkeun ku Grafindo Media Pratama taun 2007[1]. Saterusna ieu novel diterbitkeun deui ku Kiblat Buku Utama bulan Maret taun 2014, kalawan panganteur Teddi Muhtadin[1]. Ieu novel kandelna 151 kaca, kaasup idéntitas pangarang, sasakala carita (panganteur pangarang), sarta panganteur Teddi Muhtadin. Jilidna dipasieup ku lukisan warna biru nu dirarancang ku Ésti Lestarini [1]. Saméméh diterbitkeun, ieu novel kungsi dilélér pinunjul kahiji pasanggiri ngarang novel Hadiah Sastra Oeton Moechtar nu diayakeun ku majalah Manglé taun 2000-2001[1]. Pinunjulna mangrupa 3 pinunjul satata. Salian ti novel Saéni, pinunjul kahiji satata séjénna nya éta novel Sandékala karangan Godi Suwarna, jeung novel Ujay Kodok karangan Tatang Sumarsono[1]. Saterusna novel Saéni dimuat jadi carita nyambung dina majalah Manglé taun 2002 [1].

Tingkesan[édit | édit sumber]

Novel Saéni nyaritakeun ngeunaan tokoh Ijan nu katarik ka Nyi Saéni,sripanggung ubrug Bénhur. Malah Ijan milu nganteurkeun Nyi Saéni ka Gunung Keneng. Tapi Ijan saterusna ngarasa tugenah, lantaran Nyi Saéni kaburu dipihukum ku tokoh bapa nu geus lila jadi duda. Cindekna, Nyi Saéni téh jadi indung téré Ijan. Ijan ngarasa bapa téga megatkeun duriat anak, tepi ka Ijan mindeng kabur ti imahna. Sabada Nyi Saéni ngalilipur haté Ijan, ti harita Ijan bisa narima kanyataan. Basa Nyi Saéni keur kakandungan, tur bapa geus lawas tu mulang, duriat Ijan bet kahudang deui, lantaran di imah ukur aya Ijan jeung Nyi Saéni. Laju teu lila Nyi Saéni kaguguran, nya ti harita bapa ampleng-amplengan ngalaut, tepi ka kabéjakeun tilar dunya. Sanggeus ditilar ku bapa, Nyi Saéni dibawa ku Ki Cindul, pupuhu kasenian ubrug ka Gunung Keneng sangkan Nyi Saéni jadi sripanggung deui. Ijan gé milu nuturkeun Nyi Saéni ka Gunung Keneng, lantaran Ijan di imah mindeng gering. Tapi duriat Ijan angger baé teu bisa laksana, sabab Saéni kaburu dikawin ku Ki Baidin, jawara di éta wewengkon. Tungtungna Ijan mulang deui ka lemburnna[2].

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 26. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014
  2. Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 27. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014