Serat Kanayagan
Serat kanayagan nyaéta sistim nuliskeun karawitan, boh sekar, boh gending, dina paélmuan musik umum disebut notasi.[1] Anapon serat kanayagan dipikawanoh ogé minangka titi laras.[1] Serat ngandung harti tulisan, dina hal ieu tulisan seni swara, mangrupa titi laras sagemblengna.[2] Kanayagan, jangkar kecapna nayaga ngandung harti nabeuh/ ngagending.[2] Parabot ngagending disebutna waditra.[2]
Fungsi Serat Kanayagan
[édit | édit sumber]- Dokuméntasi dina wangun tinulis boh lagu boh gending;[1]
- Sangkan leuwih gampang dina prosés diajar-ngajar karawitan;[1]
- Sangkan gampang dina prosés nyiptakeun atawa nyusun karya karawitan;[1]
- Mangrupa obyék panalungtikan anu aya hubunganana jeung karya karawitan, bohkarya-karya jaman baheula, boh karya-karya kiwari.[1]
Purwaswara jeung Murdaswara
[édit | édit sumber]Purwaswara ngandung harti asal swara atawa anu mibanda sora asal/ mimiti, maksudna sora jelema.[2] Murdaswara teu mibanda sora, ukur mangrupa lambang swara anu bisa pindah-pindah.[2] Purwaswara ditulis ku aksara Latén kapital, sedengkeun murdaswara ditulis ku angka ti angka 1 tepi ka 5.[2]
Serat Kanayagan Da-Mi-Na-Ti-La
[édit | édit sumber]Serat Kanayagan da-mi-na-ti-la diciptakeun ku R. Mahyar Angga Kusumadinata dina taun 1924.[1] Da-mi-na-ti-la téh wancahan tina “Ada minangka pranataning laras” nu hartina gunakeun ieu saméméh aya nu anyar.[1] Lambang nada serat kanayagan da-mi-na-ti-la nyaéta

Aya dua cara nyerat laras Madenda nu biasa dipaké nyerat serat kanayagan, bisa ku 1 2 3 4 5 / da mi na ti la dina laras Madenda, atawa ku 1 2 -3 4 5 / da mi ni ti la da dina laras Degung. Cara nu kadua biasana dipake dina waditra gamelan degung nu larasna miboga bilah jeung pencu serép, atawa gagantina. Pencu bonang nada 3 diganti ku nada -3 (ni) ambeh bisa maénkeun gending nu maké laras Madenda. Gamelan selap miboga bilah jeung pencu nu diselapkeun (ditambahan), sarupaning nada -3 (ni), +5 (leu), -1 (di), jeung -4 (teu/tié).[3] Gamelan selap pangmindengna dipake dina gamelan paranti marengan wayang.
Serat Kanayagan diusulkeun dina babaraha rakitan anu nyarupaan sistem kromatik dina musik barat. Aya rakitan 10 nada, 15 nada, jeung 17 nada. Rakitan ieu diusulkeun pikeun méré gambaran transposisi atau ngageserkeun nada dasar hiji laras anu sinah bisa tumbuk jeung laras nu lian, contona laras Saléndro. Ku ayana sistem ieu, dua waditra nu disurupkeun kana dua laras nu beda bakal bisa akur. Contona, kacapi laras Saléndro bisa akur jeung rebab nu maén laras Madenda, ku sabab aya nada nu sarua, atawa disebutna "nada tumbuk". Dua laras bisa miboga dua nada tumbuk nu disebutna dwiswara, jeung dua laras nu tumbuk tilu nada disebutna triswara.[3]
Nada ka | Ms. | Ngaran | Ngaran Buhun | Ngaran Buhun
(R. M. A. K)[3] |
Sl.
1=T |
Sl.
1=G |
Triswara Sl. | Dwiswara Sl. | ||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Dg.
1=T |
Dg.
1=G |
Dg.
4=T |
Md.
2=T |
Md.
4=T |
Dg.
2=T |
Md.
1=G |
Md.
1=T | |||||||
I | 1 | da | Tugu | Nem | 1 | 3 | 1 | 3 | 4 | 2 | 4 | 2 | 3 | 1 |
II | -2 | mi- | Loloran Miring | Loloran Miring | 2 | 5 | 4 | 2 | ||||||
III | +1 | da+ | Tugu Malang | Nem Malang | ||||||||||
IV | 2 | mi | Loloran | Loloran | 2 | 4 | 4 | 5 | ||||||
V | -3 | ni | Panelu Miring | Panelu Miring | 5 | 5 | ||||||||
VI | +2 | meu | Loloran Malang | Loloran Malang | 3 | 3 | ||||||||
VII | 3 | na | Panelu | Panelu | 3 | 5 | 3 | 1 | 4 | 3 | ||||
VIII | -4 | tie | Galimer Miring | Gulu Miring | 2 | 4 | ||||||||
IX | +3 | neu | Panelu Malang | Panelu Malang | 1 | 4 | ||||||||
X | 4 | ti | Galimer | Gulu | 4 | 1 | 4 | 1 | 5 | 2 | 5 | 1 | ||
XI | -5 | li | Singgul Miring | Pangasih Miring | 5 | 2 | 2 | 5 | ||||||
XII | +4 | teu | Galimer Malang | Gulu Malang | ||||||||||
XIII | 5 | la | Singgul | Pangasih | 5 | 2 | 3 | |||||||
XIV | -1 | di | Tugu Miring | Nem Miring | ||||||||||
XV | +5 | leu | Singgul Malang | Pangasih Malang | 1 | 3 | 1 | |||||||
I | 1 | da | Tugu | Nem | 1 | 3 | 1 | 3 | 4 | 2 | 4 | 2 | 3 | 1 |
Nada ka | Ms. | Ngaran
Nada |
Ps. | Solfege
Kulon |
Sl.
1=T |
Sl.
1=G |
Triswara Sl. | Dwiswara Sl. | ||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Dg.
1=T |
Dg.
1=G |
Md.
2=T |
Dg.
4=T |
Md.
4=T |
Dg.
2=T |
Md.
1=G |
Md.
1=T | |||||||
I | 1 | da | T | 1' (do) | 1 | 3 | 1 | 3 | 2 | 4 | 4 | 2 | 3 | 1 |
II | 2 | mi | L | 7 (ti) | 2 | 5 | 4 | 2 | ||||||
III | B+ | ♯6 (li) | ||||||||||||
IV | +2 | meu | L+ | ♭7 (sa) | 2 | 4 | 4 | 5 | -3 | |||||
V | -3 | ni | B | 6 (la) | -3 | 5 | +5 | 5 | -3 | |||||
VI | P- | ♯5 (si) | 3 | |||||||||||
VII | B+ | ♭6 (le) | 4 | +5 | 3 | |||||||||
VIII | 3 | na | P | 5 (sol) | 3 | 5 | 3 | +5 | 1 | +5 | 3 | |||
IX | -4 | tie | G- | ♯4 (fi) | 2 | 4 | ||||||||
X | P+ | ♭5 (se) | 1 | 4 | ||||||||||
XI | 4 | ti | G | 4 (fa) | 4 | 1 | 4 | 1 | 5 | 2 | 5 | 1 | ||
XII | 5 | la | S | 3 (mi) | 5 | 2 | 2 | 5 | ||||||
XIII | So- | ♯2 (ri) | ||||||||||||
XIV | S+ | ♭ (me) | 2 | +5 | -3 | +5 | ||||||||
XV | +5 | leu | So | 2 (re) | 5 | +5 | -3 | 3 | +5 | |||||
XVI | -1 | di | T- | ♯1 (di) | ||||||||||
XVII | S+ | ♭2 (ra) | 1 | 3 | 1 | |||||||||
I | 1 | da | T | 1 (do) | 1 | 3 | 1 | 3 | 2 | 4 | 4 | 2 | 3 | 1 |
Singketna mah, ieu serat angka nu mindeng dipake, jeung cara macana:[3]
Angka | Dibaca | Surupan Suling 56 | ||||
---|---|---|---|---|---|---|
Saléndro
1=T |
Wisaya,
Md. 1=T |
Degung
1=T |
Madenda
1=G |
Mandalungan,
Dg. 1=G | ||
1 | Da | G | G | G | C | C |
2 | Mi | E+ | F# | F# | B | B |
-3 | Ni | - | (E) | (E) | (A) | (A) |
3 | Na | D | D | D | G | G |
4 | Ti | C | C# | C | F# | F |
5 | La | A+ | B | B | E | E |
+5 | Leu | - | (A) | (A) | (D) | (D) |
Nada-nada seselan aya dina laras pélog/degung jeung sorog/madenda.[1] Aya deui lambang nada pikeun nuduhkeun nada poko, dicokot tina istilah buhun (heubeul)[1]:
Ngaran Buhun | Ngaran Buhun
(R.M.A.K.)[3] |
Diwancah | Pelog surupan 56
dina notasi kulon |
Saléndro surupan 56
dina notasi kulon |
---|---|---|---|---|
Barang/Tugu | Nem | T[1] | G | G |
Kenong/Loloran | Loloran | L[1] | F# | ≈E |
Bungur | Bungur | B | E | - |
Panelu | Panelu | P[1] | D | D |
Bem/Galimer | Gulu | G[1] | C | C |
Singgul | Pangasih | S[1] | B | ≈A |
Sorog | Sorog | So | A | - |
Lian ti lambang nada, aya tanda titik (.), tanda enol (0), garis nada, garis matra, tanda rajék (ulang), ornamén, jeung tanda ligatura.[1]
Catetan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q Setiawan, Iik jeung Ismet Ruhimat. 1996. Seni Karawitan untuk Murid SLTP Kelas 1.Bandung: Geger Sunten.
- ↑ a b c d e f Supriatna, E. Nani. 2001. Tembang Kanayagan. Cianjur: Sanggar Seni Gentra gending Wirahmasari
- ↑ a b c d e Kusumadinata (Raden.), Machjar Angga (1989). Ringkesan pangawikan rinenggaswara: ringkesan elmuning kanajagan (dalam jw). Noord-hoff-Kolff.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |