Sistem kamasarakatan
Sistem kamasarakatan mangrupa kesatuan-kesatuan sosial dumasar kana wilayah atawa teritorial administasi, nu umumna dibagi deui jadi kesatuan sosial nu leuwih leutik nyaéta banjar jeung teritorial adat.[1] Banjar ngatur hal-hal anu sipatna kaagamaan, adat sarta masarakat séjénna.
Sistem kamasarakatan atawa organisasi sosial ngawengku:
- Sistem kekerabatan
- Sistem kanagaraan
- Asosiasi jeung kumpulan-kumpulan
- Sistem kesatuan hidup (budaya sosial masarakat)
Sistem Kekerabatan
[édit | édit sumber]Sistem kekerabatan mangrupa unit-unit sosial nu diwangun ku sababaraha kulawarga nu miboga hubungan getih. Nu kaasup kana anggota kekerabatan nyaéta indung, bapa, anak, incu, minantu, lanceuk, aki, nini, jrrd. Ayana upacara jatukrami ngawujudkeun dua kelompok duduluran ngagabung jadi hiji.
Kelompok duduluran umumna dibédakeun jadi sababaraha rupa, di antarana:
- Kulawarga ambilinéal leutik
- Kulawarga ambilinéal gedé
- Klen leutik
- Klen gedé
- Fratri
- Paroh masarakat (Moeity).
Sistem Kanagaraan
[édit | édit sumber]Sistem kanagaraan mangrupa struktur konséptual nu disusun tina fungsi-fungsi nu miboga patula-patalina sarta digawé minangka hiji kesatuan pikeun ngahontal tujuan nu dipikahayang ku nagara éta sorangan sacara éfisien jeung éféktif.
Asosiasi jeung Kumpulan-kumpulan
[édit | édit sumber]Di Indonésia mekar sababaraha masarakat nu ngahiji dumasar kana rupa-rupa golongan jadi bentuk kumpulan-kumpulan. Kumpulan-kumpulan nu gedé jeung miboga potensial disebut asosiasi.
Sistem Kesatuan Hidup (Budaya Sosial Masarakat)
[édit | édit sumber]Numutkeun Koentjaraningrat (1992: 161), kesatuan hidup setempat atawa komunitas mangrupa kesatuan sosial nu ayana lain ku sabab kaiket ku tali duduluran sakumaha sistem duduluran, tapi ku ayana tali tempat kahirupan (tempat cicing/hirup nu sarua). Koentjaraningrat ngabagi komunitas jadi dua bagéan, nyaéta:
- komunitas gedé; ngawengku dayeuh, provinsi sarta nagara.
- komunitas leutik; ngawengku band, RT, désa, jsb.,
Dina masarakat nu bentukna komunitas leutik, sering katingali ayana hiji sikep silih tulungan nu gedé. Silih tulungan éta sok disebut ogé gotong royong. Koentjaraningrat (1992: 172-173) ngabagi aktivitas gotong royong jadi opat bagéan, nyaéta:
- silih tulungan dina kagiatan tatanén
- silih tulungan dina kagiatan sabudeureun rumah tangga
- silih tulungan dina sasadian pesta jeung upacara
- silih tulungan dina kajadiaan kacilakaan, musibah jeung kapapaténan.
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ Handoko, Trias Hamidi.2009.'Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Upacara Adat Sedekah Bumi di Kampung Urug Tonggor désa Kiarapandak kacamatan Sukajaya Kabupatén Bogor'.Skripsi.Universitas Pendidikan Indonésia
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
|
Artikel ini teu mibanda kategori. Pék bantuan Wikipedia pikeun nambahan kategori. Tag ieu dipasangkeun dina Maret 2017. |