Gotong royong

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Gotong royong nyaéta gawé babarengan dina nganggeuskeun pagawéan sarta babarengan ngarasakeun hasilna sacara adil. Atawa bisa disebut ogé usaha nu dilaksanakan tanpa pamrih jeung ihlas ku sakabéh warga sakadugana séwang-séwangan.
Gotong royong nyaéta hiji kagiatan anu dilakukeun babarengan, sifatna sukarela sangkan pagawéan karasa babari tur hampang. Conto pagawéan anu bisa dilakukeun sacara gotong royong di antarana pangwangunan fasilitas umum jeung ngabersihkeun lingungan sabudeureunana. Gotong royong mangrupa hiji istilah asli Indonesia anu hartina gawé babarengan pikeun ngahontal tujuan anu ditangtukeun. Babarengan ku cara musawarah, Pancasila, hukum adat, ketuhanan, sarta kakulawargaan, gotong royong jadi dasar Filsafat Indonésia.

Sajarah Gotong Royong[édit | édit sumber]

Dina Prasasti Kabantenan ditétélakeun yén Sri Baduga Maharaja ngaleupaskeun warga Jayagiri jeung Sunda Sembawa tina opat jinis pajeg (dasa, calagra, kapas timbang, sarta paré dondang). Bisa dicindekkeun yén saméméh Sri Baduga naék tahta, masarakat Sunda geus lila diwajibkeun mayar pajeg ka nagara. Taya katerangan nu pasti, ti iraha ayana kawajiban “mayar” pajeg ieu dikeunakeun ka masarakat Sunda. Tangtuna, dina Pustaka Jawadwipa, dina mangsa Tarumanagara abad ke-5 ra’yat geus ngalakukeun pagawéan karyabhakti, samodél gotong royong.
Bisa waé karyabhakti ieu mangrupa sikep babakti ra’yat ka raja-raja Tarumanagara. Ra’yat ngalakukeun karyabhakti pikeun kepentingan umum ku ayana paréntah ti pangawasa. Ku kituna, bisa jadi gotong royong ieu sabenerna pajeg sanajan diwujudkeun dina wangun tanaga, lain mangrupa barang (komoditas pertanian). Wangun karyabhakti ieu tuluy aya dina mangsa Karajaan Sunda-Galuh-Pajajaran, anu ditambahan ku pajeg komoditas. Naskah-naskah saperti Kropak 630 jeung Kropak 406 nyebutkeun sacara jéntré ayana pajeg éta. Dina Kropak 630 disebutkeun, pajeg nyaéta dasa, calagra, upeti, jeung panggeureus reuma. Kropak 406 nétélakeun yén ra’yat Kandang Wesi kudu mawa kapas sapuluh carangka minangka upeti ka Pakuan unggal taunna. Kapas, salahiji komoditas pangpentingna ti Sunda, dipasrahkeun ka pangawasa daérah, lain ka unggal jalma. Dina Sanghyang Siksakandang Karesian aya informasi anu nétélakeun yén raja-raja Sunda miboga kakawasaan maréntahkeun ra’yatna “gotong royong” pikeun kepentingan karajaan. Ieu gé mangrupa pajeg dina wangun dasa jeung calagra. Ra’yat gawé di kebon, sawah, serang gedé (kebon milik karajaan nu hasilna dipaké pikeun upacara-upacara resmi), nguatkeun sisi walungan, ngagali marigi, ngaduakalikeun ingon-ingon, masang ranjau, mendet walungan keur ngikis, ngecrik, masang jaring, numbank lauk, sarta kawajiban séjénna pikeun kapentingan nagara. Sarta nalika migawé paréntah ti nagara, ra’yat “dipihareup” ulah ambek-ambekan, ulah bobodo daék, ulah hariwang, ulah rungsing; sabalikna kudu dipigawé ku haté nu gumbira, tanpa pamrih. Kropak 630 nétélakeun yén para patani nu ngalaksanakan pajeg kudu anut ka wado atawa wadwa (prajurit nagara nu mingpin pagawé calagra). Pajeg dasa jeung calagra ieu di Majapahit disebut walaghara, nu hartina “pasukan kerja bakti”. Gotong royong mangrupa ciri has masarakat umum, jadi sifat jeung ayana gotong royong lain milik hiji daérah waé. Gotong royong sistem tradisonal Indonésia, nyaéta struktur sosial jaman baheula anu masih sumebar di désa-désa di wilayah Jawa jeung di leuwih ti sebagéan Indonésia.


Flag of Indonesia.svg