Situs Bumi Rongsok
Situs bumi rongsok diaranan ku Eyang Dalem Bagus Nayadimantiri, ngandung harti gapura asup ka tanah nu subur ( bumi = tanah, rongsok = subur atawa sunda). Aya di dusun Demunglandung Desa Papayan Kecamatan Jatiwaras, ± 19 km ti puseur kota Tasikmalaya, kordinat S.07º 27. 869’, E 108º 12. 376’.[1]
Eyang Dalem Bagus Nayadimantri nyaéta salah sahiji ulama ti Banten nu diianggap miboga jasa salila hirupna dina ngasumebarkeun ajaran Islam.[1] Anjeunna datang ti Banten jeung murid-muridna dina taun 1700 an.[1] Dina wanci harita Banten keur aya peperangan antara rakyat Banten jeung Walanda pikeun ngabebaskeun tina panjajaan.[1]
Anjeunna indit ninggalkeun Banten kalayan miboga maksud pikeun néangan tempat pikeun padumukan nu anyar, salah sahii muridna nyaéta Sumapatra, Sumanegara jeung Siti Saroh siji-hijina awéwé nu dibawa dina éta rombongan.[1]
Anjeunna yakin yén wilayah nu rék dijadikeun tempat sumebarna Islam téh acan mikawanoh agama Islam,dina waktu harita masarakat dditu agamana Hindu, dirojong ku sababaraha urang masarakat pribumi di ditu, nu di antarana nyaéta Embah Naya, Eyang Atna, Embah Rangga jeung Uing Enok. Dalem Bagus Nayadimantri munggaran ngajarkeun agama Islam ka warga disabudeureun Bumi Rongsok.[1]
Bukti pernah aya kahirupan di Situs Bumi Rongsok
[édit | édit sumber]1. Pakuburan[1]
- Lega pakuburan 33m2 x 32,5m2 = 1.072,50m2
- Lega sakabéhna 25.500m2
- Lega kolam 500m2
- Lega makam Cipetir 900m2
- Jumlah makam nu aya 45 makam
2. Batu/menhir, antarana:
- 1 batu/menhir deukeut makam Dalem Bagus, cenah baheulana miboga pungsi pikeun nandéan cai[1]
- 1 batu panjang nu baheula dipaké pikeun tempat ibadah.[1]
3. Sababaraha jenis pusaka, di antarana tombak, pedang, keris, péso, bedog, bokor jeung cingcin, sakitar taun 1928 aya musibah kahuruan di puseur desa (kiwari desa kolot) ngabalukarkeun sakabéh barang pusakaéta ngilu kaduruk.[1]
Bumi Rongsok salian mangrupa hiji situs ogé mangrupa suaka alam jeung marga satwa, ku sabab ditempat éta salian ti aya titinggal sajarah mangrupa situs, aya ogé titinggal suaka alam kayaning tatangkalan nu gedé jeung umurna geus ratusan taun, sarta sasatoan kayaning monyet, lutung jeung kalong.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |