Situs Talun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Situs Talun nyaéta situs nu sacara administratif kaasup kana wilayah Desa Telaga Sari Kacamatan Sagalahérang Kabupatén Subang.[1][2] Lahan situs mangrupa pasir nu aya di tungtung béh kideuleun kampung, perenahna aya dina posisi 06°38’02,6” LS jeung 107°37’32,9” BT anu jangkungna kurang leuwih 450 m.[1][2] Watesan ieu situs téh nyaéta di béh wétan wawatesan jeung jalan désa, béh kalér wawatesan jeung kebon, béh kulon wawatesan jeung pamakaman umum, sarta di béh kidul wawatesan jeung sawah.[1][2]

Kampung Talun, tempat ayana Situs Talun téh cukup jauh ti jalan utama.[2] Lokasi ieu bisa ditempuh ti Kota Subang ngaliwatan jalan raya arah Bandung nepi ka Jalancagak.[2] Ti dieu tuluy ka jalan alternatif ka Wanayasa ngaliwatan Sagalahérang.[2] Ti kebon entéh kuloneun Sagalahérang, tuluy ka beulah kalér ngaliwatan jalan désa nu geus diaspal nepi ka Kampung Talun.[2]

Asal-usul Situs Talun[édit | édit sumber]

Ayana situs Talun mimiti kanyahoan dina taun 1993.[1][2] Warta anu sumebar di masarakat nétélakeun yén kampung Talun téh miboga loba bata nu bararadag.[1][2] Nurutkeun sajarah lisan masarakat Talun nu ditepikeun ku Bapa Tata (umurna 40 taunan), éta lokasi téh urut alun-alun hiji karajaan.[1][2] Bapa Tata ogé nyaritakeun yén jaman baheula aya karuhun masarakat désa Talun anu ngimpi meunang pituduh di lokasi nu ditandaan ku awi konéng anu di deukeutna aya tapak suku munding bokor emas.[1][2] Dumasar ieu pituduh, lokasi nu disebutkeun téh dikali, tapi nu kapanggih ngan saukur susunan bata nu baradag.[1][2] Sababaraha kali masarakat di dinya nyokot bata-bata éta nepi ka aya nu nyieun téras imah jeung bénténg.[1][2]

Kapanggihna Situs Talun[édit | édit sumber]

Dina awal taun 2006, misteri bata badag nu aya di Kampung Talun téh kadéngé deui.[1][2] Dilaporkeun aya kelompok masarakat nu neundeun panitén kana titinggal purbakala, nepi ka maranéhna ngagali kebon.[1][2] Penggalian éta ngahasilkeun struktur bata anu nyanghareup ngalér ngidul.[1][2] Panjang strukturna 6, 80 m nu ngawengku 2 lajur bata.[1][2] Di tungtung béh kulon jeung kidul mangrupa juru anu nyampung jeung struktur arah ngétan ngulon.[1][2] Struktur nu aya di béh kalér jeung kidul gé masing-masing miboga dua jalur.[1][2] Dina struktur béh kalér katingali aya lima lapis bata sedengkeun béh kidul mah can katingali kabéhanana.[1][2]

Dumasar kana hasil ngagali masarakat, Balai Arkeologi Bandung dina taun 2006 ngalakukeun eksvakasi sistematis kana titinggal struktur bata situs Talun.[1][2] Ekskavasi rata-rata jerona kurang leuwih 1,5 m.[1][2] Ti dinya katingali taneuh anu nutupan bata kuna luhur nu mangrupa lempung coklat kahideung-hideungan anu teksturna téh lemes tepi ka keusrak.[1][2] Di handapeun lapisan lempung aya lapisan lapukan tufa anu keusikan warnana konéng.[1][2] Lapisan satuluyna nyaéta lempung anu warna na coklat.[1][2] Dina éta lapisan celempung anu warna coklat aya pecahan bata jeung struktur bata.[1][2] Sésana nu katingali tina hasil ekskavasi aya dina kedalaman 1,30 m.[1][2] Struktur bata aya dua unit.[1][2] Unit kahiji di béh kulon mangrupa fondasi wangunan anu wangunna pasagi kalawan ukuran 7 x 7 m.[1][2]

Unit kadua kapanggih di béh wétan unit mimiti nu mangrupa struktur bata rolak nu can ditingalikeun sagemblengna.[1][2] Struktur lantai nu katingali jelas diwengku ku tilu lapis.[1][2] Lapisan nu pangluhurna, bata disusun memanjang ti kulon ka wétan, lapisan handapeunana disusun memanjang ti kalér ka kidul, sarta lapisan bata panghandapna disusun manhang ti kulon ka wétan.[1][2] Téhnik nyusun bata henteu katingali ngagunakeun lapisan pangrapet.[1][2] Jarak antarbata kacida sempitna. Pangrapet antarbata dikira-kira mangrupa taneuh liat anu leuleus.[1][2]

Artefak penting lainna nyaéta fragmen keramik bodas biru nu kapanggih handapeun konséntrasi fragmen bata anu jerona kurang leuwih 60 cm.[1][2] Fragmén éta mangrupa pecahan mangkok ti China di masa dinasti Ming (abad ka 14 nepi ka abad ka 17).[1][2] Fragmen keramik lainna kapanggih dina kadalaman 77 cm anu mangrupa fragmen bagian awak nu warnana bodas.[1][2] Fragmen keramik ieu asalna ti China dina masa dinasti T'ang (abad ka 7 nepi ka abad ka 10) dina wangun buli-buli.[1][2]

Dumasar analisis fragmen keramik jeung struktur bata nu kapanggih di situs Talun, bisa dikira-kira asalna ti abad ka 8 nepi ka abad 17.[2] Kurun waktu ieu mangrupa masa karajaan Sunda.[1][2]

Potensi Wisata Situs Talun[édit | édit sumber]

Situs Talun miboga poténsi wisata nu kawilang alus lantaran loba titinggal budaya jeung poténsi alamna.[2] Situs Talun miboga objék titinggal nu mangrupa struktur bata nu aya kaitanana jeung sajarah karajaan Tarumanagara atawa karajaan Sunda.[2] Salian ti éta aksés jalan ka Situs Talun gé gampang dijugjug ti Kota Subang.[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai "Situs Talun-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2017-11-09. 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq Ari, Musthari. "Strategi Pengembangan Wisata Kawasan Situs Talun Kabupaten Subang". Diakses tanggal 9 November 2017.