Lompat ke isi

Sondah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sondah/Sonlah (dialék Ciamis: Péclé) nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan maké ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditindak.

Kaulinan ieu geus diulinkeun ku barudak Sunda ti baheula kénéh, saméméh aya rupa-rupa kaulinan modéren. Biasana, kaulinan sonlah dipaénkeun di buruan imah, lapang, atawa jalan anu taneuhna datar. Di tanah Sunda, sondah/sonlah ngembang jadi kaulinan rakyat anu pinuh ku ajén budaya lokal. Barudak di lembur biasana nyieun pola kaulinan maké areng, batu, atawa kayu leutik di taneuh, tuluy maranéhna maén bari seuri jeung nembang babarengan.

Cara maénkeun

[édit | édit sumber]

Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang gé kaci. biasana dina taneuh diguratan heula, rek ku kapur atawa ku naon waé asal aya tapak guratna. Tempat sondahna naha rek gambar imah, atawa jelema, lamun gambar jelema, minangkana sukuna téh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak. Tuluy anderok atawa calana mun anderok samodél trapesium dibagi dua, mun calana samodél pasagi panjang sarua dibagi dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.

Aya nu disebut "kono" biasana tina potongan kenteng. Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah téa, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maenna, ngalungkeun hula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak engkle-engkléan (kaci ku suku kénca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina sudah anderok/calana kaci sudah. tulih na bahkan awak gambar engkle deui, nepi ka sirah gambarnya anderso.akuaku tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy engkle deui, pas lebah aya kojo téa mu tadi dialungkeun, dibawah heula kojona, tuluy engkle deui. mun geus bérés, ko nona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy we kitu

puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.

ayeuna, kaulinan ieu jadi bagian tina budaya dolanan Sunda, nyaéta kaulinan rakyat anu diturunkeun turun-temurun ti hiji generasi ka generasi salajengna.