Lompat ke isi

Sri Temasék

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sri Temasék
斯里淡马锡
ஸ்ரீ தெமாசெக்
Sri Temasék, foto tanggal 31 Januari 2006
Informasi umum
TipeBungalow
LokasiNewton, Singapura[1]
Koordinat1°18′14.41″N 103°50′34.84″E / 1.3040028°N 103.8430111°E / 1.3040028; 103.8430111Koordinat: 1°18′14.41″N 103°50′34.84″E / 1.3040028°N 103.8430111°E / 1.3040028; 103.8430111
Current tenantsPerdana Mentri Singapura
Lengkep1869; Citakan:Years or months ago (1869)
Nu bogaPamaréntah Singapura
Detil téhnis
Jumlah lantéyDua
Aréa lantéy1,600 m2 (17,000 sq ft)
Rarancang jeung konstruksi
ArsitékJ.F.A. McNair
PangajénPangajén Warisan Arsitéktur Otoritas Pangwangunan Deui Pakotaan (2008)
Ditunjuk14 February 1992

Sri Temasék nyaéta hiji wangunan anu difungsikeun minangka imah resmi pikeun Perdana Mentri Singapura. Ieu wangunan diadegkeun taun 1869[2], perenahna di Jalan Orchard sagunclukan jeung istana di Singapura.[3] Lega sakumna ieu wangunan kurang leuwih 1.558 m².[4] Sanajan ieu wangunan téh minangkana mah imah pikeun Perdana Mentri Singapura, tapi acan pernah aya Perdana Mentri anu kungsi dumuk di ieu wangunan.[5] Difungsikeun minangka imah Perdana Mentri Singapurana téh ti taun 1959, da baheula keur zaman kolonial Inggris mah ieu wangunan téh jadi imah pikeun Sékrétaris Kolonial.[6] Tanggal 14 Pébruari 1992 ieu wangunan téh resmi jadi Monumén Nasional Singapura bareng jeung Istana Nagara Singapura.[6]

Upama diwincik, ngaran Sri Temasék diwangun ku dua kecap nyaéta Sri jeung Temasék. Kecap "sri" ngandung harti mulya "atawa" "kamulyaan", baheula ieu kecap sok dilarapkeun pikeun jalma-jalma anu linuhung atawa boga kadudukan anu luhur.[7] Ogé ieu kecap dilarapkeun ogé kana barang atawa kapimilik jalma anu agung éta.[7] Sedengkeun kecap "temasék" mangrupa robahan tina kecap asal "tumasik", mun diguar deui ieu kecap tumasik mibanda kecap asal "tasik" anu diseselan ku rarangkén tengah -um- nu hartina nyaéta wewengkon cai nu dikurilingan ku daratan.[8] Harita mah mémang wewengkon nu kiwari jadi Singapura téh katelah ku sebutan Temasék.[9] Sahingga ngaran Sri Temasék téh miboga harti "Kamulyaan Temasék", lantaran unggal nu mikawasa ieu wewengkon Temasék tangtuna dumuk di ieu wangunan.[9]

Wangunan

[édit | édit sumber]

Sri Temasék mangrupa bungalo dua tingkat simétris nu mibanda ciri mandiri jieunan abad ka-19, katara tina ukiran kaina nu némbongkeun unikna paduan motif Wétan jeung Kulon.[10] Sri Temasék mangrupa wangunan bodas kalawan suhunan piramida beureum anu aya di luhureun pasir di komplék Istana.[4] Ieu wangunan mibanda tepas hareup kalawan tilu tihang Tuscan, sarta di sisi jeung tukang wangunanna aya tepas jeroan. Langkan lantéy luhur didékorasi ngabentuk angka delapan sarta di luhureun tepasna dipasang érang-érang Cina warna héjo nu rupa-rupa desainna.[4]

Tepas lantéy handap dicirikeun ku lengkungan ukiran lemes sarta fasia gaya Malayu di handapeun para.[4] Pantona maké panto satengah kai pikeun nyamunikeun nalika panto utama molongo. Di pipirna aya jalan satapak pileumpangeun ka gudang jeung ka tempat dumuk palayan.[4] Baheulana aya munara cai nu nyelekeceng di sisieun ieu wangunan nu kiwari mah éta munara caina téh geus diancurkeun.[4]

Di lantéy handap, dua panto hareup moncorong ka tepas, di salah sahiji tungtungna aya tangga nu némbongkeun swastika Asia na pager tanggana téh.[4] Tepas jeung rohang utama lantéyna tina marmer sarta di bagéan tukangna aya kamar-kamar nu leuwih laleutik.[4] Kamar paranti saré aya di lantéy luhur, ngamangpaatkeun véntilasi silang nu manco ka tepas, geus jadi ciri has wangunan kieu.[4] Aya rohang sémah di lantéy luhur nu manjang di luhureun tepas.[4]

Pamakéan

[édit | édit sumber]

Dibangun taun 1869 mimitina mah ieu Sri Temasék téh minangka tempat dumuk pikeun Sékrétaris Kolonial.[6] Sakumna anu nyekel ieu wewengkon geus dumuk di ieu wangunan, malah mah ti taun 1869 nepi ka 1959.[6] Ngan kiwari mah ieu tempat téh difungsikeun minangka tempat dumuk resmi Perdana Mentri Singapura, ieu kaputusan ditetepkeun ti taun 1959.[5] Sanajan kitu, euweuh saurang ogé Perdana Mentri Singapura nu kungsi nyicingan ieu wangunan, boh Lee Kuan Yew, Goh Chok Tong, sarta Lee Hsien Loong, kabéhanana teu pernah dumuk di Sri Temasék.[5] Nalika Lee Kuan Yew jadi Perdana Menteri taun 1959, manéhna jeung pamajikanna Kwa Geok Choo maheutkeun sangkan henteu pindah ka Sri Temasék, lantaran teu hayang barudakna nu harita arumurna tujuh taun, lima taun jeung tilu taun tumuwuh di lingkungan nu mégah teuing sarta teu nyaman ku ayana palayan nu dianggap ngaganggu kana katengtreman.[11] Saenya kungsi ieu kulawarga téh dumuk di Sri Temasuk basa taun 1965, ngan éta gé sakeudeungeun pisan. Dalah harita lumansungna kajadian pangusiran Singapura ti Malaysia, utamana mah pikeun alesan kaamanan.[12] Mangsa keur dumuk di Sri Temasuk, barudak Lee Kuan Yew sok kasampeur arulin di tepas dina wanci kapeutingnakeun sedengkeun bapana mah anteng maén golf.[13]

Réstorasi

[édit | édit sumber]

Bareng jeung Istana Nagara, Sri Temasék diresmikeun jadi Monumén Nasional dina bulan Pébruari 1992.[4] Ngan, ku lantaran jarang dipakéna ieu wangunan téh ngabalukarkeun loba karuksakan di babaraha tempat, boh balukar tina cuaca, kai nu dikorowotan ku rinyuh, ogé deuih lantaran tina faktor umur ieu wangunan nu geus kawilang kolot.[4] Ku kituna diperlukeun program réstorasi nu kawilang teu saeutik waragad nu diperlukeunna.[4] Program réstorasi dimimitian taun 2006. Ngoméan bagéan struktural anu penting, sarta ngomékeun atawa nyiptakeun deui wincik arsitéktur anu hadé.[4] Sawaréh kaina diganti ku aluminium sangkan teu gampang kaserang ku rinyuh. Liang-liang dina temok nu dijieun ti abad ka-19 di sapaparat jalan asup ditarambalan, ari kamar jeung dapur mah éta anyar dibangun.[4] Tempat dumuk palayan dirobah fungsina jadi rohang galéri minangka tempat nyimpen barang-barang koléksian.[4] Réngsé taun 2008, nu antukna ieu program réstorasi Sri Temasék meunang Pangajén Warisan Arsitéktur Urban Redevelopment Authority.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "URA Maps". Urban Redevelopment Authority. 
  2. Malayan Orchid Review - Volume 49 (2015 Edition). World Scientific. 2015. ISBN 978-981-4749-95-4. 
  3. "How to get to Sri Temasék: Official Residence Of The Prime Minister in Singapore by Underground or Bus | Moovit". moovitapp.com (dalam en-gb). Diakses tanggal 2019-12-13. 
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q "Sri Temasék | Infopedia". eresources.nlb.gov.sg. Diakses tanggal 2020-01-01. 
  5. a b c "Singapore : Singapore City : Istana and Sri Temasék – OR-TA TRAVEL" (dalam en-US). Diakses tanggal 2019-12-30. 
  6. a b c d Seligman, Dr James (2016-10-27). The Hunt. Lulu.com. ISBN 978-1-326-82840-0. 
  7. a b Philippus Pieter Roorda van Eysinga, W. A. P. Roorda van Eysinga (1877). Maleisch-Nederduitsch woordenboek, ook ten dienste van hen, die geen Arabisch karakter gebruiken (dalam Dutch). G.T. Bom. 
  8. "Hasil Pencarian - KBBI Daring". kbbi.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2020-01-03. 
  9. a b Seah, Jaclynn. "How Singapore Really Got Its Name". Culture Trip. Diakses tanggal 2020-01-03. 
  10. "The Istana | Buildings". www.istana.gov.sg. Diakses tanggal 2020-01-01. 
  11. Christiastuti, Novi. "Jenazah Lee Kuan Yew Disemayamkan Sementara di Istana Singapura". detiknews. Diakses tanggal 2020-01-03. 
  12. Yew, Lee Kuan (2015-07-15). Kisah Singapura: Memoirs of Lee Kuan Yew. Marshall Cavendish International Asia Pte Ltd. ISBN 978-981-4677-97-4. 
  13. "Prime Minister Kuan Yew Lee and son practicing golf at Sri Tamasek...". Getty Images (dalam en-us). Diakses tanggal 2020-01-03.  Archived 2020-01-03 di Wayback Machine