Lompat ke isi

Rarangkén -um-

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda

Rarangkén hareup:
N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang- per-
Rarangkén tengah:
-ar-, -um-, -in-,
Rarangkén tukang:
-an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung:
ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,

Kotak ieu: temposawalaédit

Rarangkén -um- mangrupa salah sahiji rarangkén tengah (en:infix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén -um- ngawangun kecap pagawéan jeung sipat.

Rarangkén -um- ngalaman parobahan posisi jadi rarangkén hareup lamun nyalusupan kecap anu dimimitian ku vokal.

Rarangkén -um-: parobahan sora (en:alomorf)
Robah jadinalika wangun dasarna...Conto:
um-dimimitian ku vokal amis + -um- --> umamis

aing + -um- --> umaing

Rarangkén -um-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecapHartiConto
pagawéan aktif“ngalakukeun ...”lumampah, lumaku, sumujud
pagawéan aktif“migawé salaku ...”kumawula
pagawéan aktif“dina kaayaan ...”bumetah, gumantung, tumamprak, sumerah
pagawéan aktif“remen/tutuluyan ...”lumengis, rumahuh, jumerit, sumegruk
sipat“saperti/jiga ...”gumading, lumého, kumincir
sipat“saperti nu ...”umaing, gumedé, kumasép, gumeulis, umamis, humaseum
sipat“boga ...” (wangun dasarna kecap barang)rumasa