Lompat ke isi

Rarangkén -eun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda

Rarangkén hareup:
N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang- per-
Rarangkén tengah:
-ar-, -um-, -in-,
Rarangkén tukang:
-an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung:
ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,

Kotak ieu: temposawalaédit

Rarangkén -eun mangrupa salah sahiji rarangkén tukang (en:suffix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén -eun ngawangun wanda kecap barang jeung sipat.

Rarangkén -eun teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) kawas rarangkén N- atawa -na.

Rarangkén -eun: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecapHartiConto
barang"anu bisa/rék di ..."beulieun, bawaeun, alaeun, jualeun, dahareun
barang"anu bisa dijieun ..."sambeleun, rujakeun,
sipat"di tempat di ..."gigireun, hareupeun, tukangeun, handapeun, luhureun, wétaneun
sipat"keuna kasakit siga/lantaran ..."cacingeun, hileudeun,
sipat"boga sipat ..."cicingeun, kuuleun
sipat"dina kaayaan ..."tinggaleun, barieukeun, leungiteun
sipat"dina kaayaan ..." (pikeun jalma katilu)éraeun, daékeun, hayangeun, embungeun, ngéwaeun
sipat"giliran / bagéan ..."kuringeun, manéheun, batureun