Lompat ke isi

Rarangkén -in-

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda

Rarangkén hareup:
N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang- per-
Rarangkén tengah:
-ar-, -um-, -in-,
Rarangkén tukang:
-an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung:
ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,

Kotak ieu: temposawalaédit

Rarangkén -in- mangrupa salah sahiji rarangkén tengah (en:infix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén -in- ngawangun wanda kecap pagawéan jeung sipat. Upama kecap dasarna kecap pancén, rarangkén -in- mibanda fungsi jadi mamanis kecap.

Rarangkén -in- teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) atawa posisi kawas rarangkén -ar- atawa -um-.

Rarangkén -in-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecapHartiConto
pagawéan pasif“geus kakeunaan ku...”tinulis, sinerat, ginanjar
pagawéan aktif“aya dina kaayaan...”pinanggih
sipat“nu siga...”sinatria, pinandita
pancénlain harti anyar, tapi jadi 'mamanis'tinangtos, sinareng