Lompat ke isi

Rarangkén -an

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda

Rarangkén hareup:
N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang- per-
Rarangkén tengah:
-ar-, -um-, -in-,
Rarangkén tukang:
-an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung:
ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,

Kotak ieu: temposawalaédit

Rarangkén -an mangrupa salah sahiji rarangkén tukang (en:suffix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén -an ngawangun wanda kecap barang, pagawéan, sipat, jeung bilangan.

Rarangkén -an teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) kawas rarangkén N- atawa -na.

Rarangkén -an: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecapHartiConto
barang"tempat ..."sakolaan, kuburan
barang"hasil ..."karangan, tulisan, catatan, paisan
barang"anu di-...-keun"dagangan, omongan, caritaan
barang"anu dipaké ..."kiloan, méteran, takeran
barang"boga sipat ..."atahan, asakan
barang"anu di-..."jajahan, tincakan
barang"hasil/asal ti ..."cianjuran, garutan, cirebonan
barang"anu bisa di-..."bacaan
pagawéan pasif"nitah supaya di-..."bawaan, alaan, pulungan
pagawéan pasif"nitah supaya dibéré ..."tulungan, bantuan, wakilan, talangan
pagawéan pasif"supaya dijadikeun ..."paéhan, gedéan, leutikan, alusan, konéngan
pagawéan pasif"nitah supaya maké ..."caian, bajuan, calanaan
pagawéan aktif"ngalakukeun ..."latihan
sipat"boga sipat/bakat ..."daékan, wanian, éraan, kampungan
sipat"boga ..."anakan, béntolan
sipat"kaluar/bijil ..."getihan, cimataan
bilangan"sababaraha ..."ratusan, limaan