Rarangkén ka--an
Pidangan
|
|
{{{text}}} |
| Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda |
|---|
|
Rarangkén hareup: |
Rarangkén ka—an mangrupa salah sahiji rarangkén barung (nl:confix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén ka—an ngawangun kecap barang.
| Warna kecap | Harti | Conto |
|---|---|---|
| barang | "hal anu patali jeung ... " atawa "anu sipatna ... " | kaéndahan, kageulisan, kaamanan, kajayaan, kaagungan, kanyataan, kapastian |
| barang | "anu di-... " atawa "anu di-...-keun " | kaolahan, kaperluan, kapentingan |
| barang | "tempat (anu patali jeung) ... " | kacamatan, kabupatén, kalurahan, kawedanaan, karésidénan |
| pagawéan pasif | "teu kahaja ... " atawa "teu kahaja keuna ku (pagawéan)... " | kakotoran, kacaahan, kadiukan, kaancikan, kabangsatan, kacopétan |
| pagawéan pasif | "teu dihaja aya dina kaayaan ... " | kalaparan, kakurangan |
| pagawéan pasif | "bisa di-...-an " | kacumponan, katedunan |
| sipat | "bisa di-...-keun " | kabuktian |
| sipat | "teu dihaja ... " atawa "teu dihaja keuna ku ... " | kabeneran, kalepasan, kapanasan, katiisan, kabeurangan, kapeutingan |