Rarangkén pi--eun
Pidangan
| Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda |
|---|
|
Rarangkén hareup: |
Rarangkén pi—eun mangrupa salah sahiji rarangkén barung (nl:confix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén pi—eun ngawangun kecap barang atawa kecap sipat anu hartina "bakal (jadi) ... ".
| Warna kecap | Harti | Conto |
|---|---|---|
| barang | "bakal jadi ... " atawa "calon ... " | pibajueun, piimaheun, picalanaeun, pimitohaeun, pisalakieun, pibupatieun, pidoktereun |
| sipat | "bakal ... " | pigeuliseun, pipintereun, pikasépeun, pijangkungeun |