Tipografi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
conto teks anu disusun dina hij kaca

Tipografi téh nyaéta hiji élmu dina milih jeung merenahkeun aksara kalawan pangaturan sumebarna dina rohangan jeung widang nu geus aya, pikeun nyiptakeun kesan nu tangtu, nu antukna bisa nulungan pamaca pikeun meunangkeun rasa merenah dina maca kalawan maksimal.[1] Iwal ti eta dipikawanoh ogé seni tipografi, nyaéta karya atawa desain anu maké pangaturan aksara minangka élémén utama.[1] Dina seni tipografi mah wangenan aksara minangka lambang sora téh bisa disingkahkeun.[1] Tipografi ngarujuk kana kagiatan nyusun teks dina hiji kaca, kalawan dina sababaraha wangun lianna dina media komunikasi.[2]


Wangun tipografi éta téh ahirna mekar nepi ka Kréta, tuluy ngaramat ka Yunani jeug ahirna sumebar ka sakumna Éropah.[1] Puncak kamekaran tipografi, nyaéta leuwih kurang aya dina abad ka-8 SM di Roma nalika urang Romawi mimiti ngawangun kakawasaanana.[1] Alatan bangsa Romawi mah teu boga sistem aksara sorangan, maranéhna mah dialajar sistem tulisan Étruska nu mangrupa masarakat pribumi asli Italia jeung nyampurnakeun éta aksara nu antukna jadi huruf-huruf Romawi.[1]

Kiwari tipografi ngalaman kamekaran tina fase panyiptaan maké leungeun (manual) nepika ngalaman prosés komputerisasi.[1] Fase komputerisasi ngajadikeun pamakéan tipografi jadi leuwih gampang jeung dina waktu anu leuwih gancang kalawan jenis pilihan huruf anu jumlahna ratusan.[1]

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h (id)Amir, dkk. 2007.Apresiasi Bahasa dan Seni. Bandung: FPBS UPI. Kaca 152-153
  2. (en) What is typography (diakses tanggal 21 Oktober 2011)


Nulis.jpg