Ucing sumput
|
|
{{{text}}} |
Ilustrasi barudak nuju maén ucing sumput. | |
| Jumlah Pamaén | Minimal 2 urang (langkung seueur langkung ramé) |
|---|---|
| Pakakas | Tangkal / Témbok (salaku "Hong") |
| Jenis | Kaulinan Barudak Luar Imah |
| Ajén | Kajujuran, Kawaspadaan, Kasabaran |
| Sasaruan | Petak Umpet, Hide and Seek |
Ucing sumput nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula nepi ka 25 méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana.
Kaulinan ieu :(petak umpet) kawentar di mamana, hususna di Indonésia. Nu maén pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih ramé. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten ( suit ).
Cara ulinna, kabéh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancén kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabéh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan néangan sesa baturna nu can kapanggih, bisa ogé henteu gumantung aturan maen nu disatujuan saméméh maen.
Aturan maén nu séjénna biasana mah ngeunaan wewengkon nyaéta wates-wates panjauhna hiji budak meunang nyumput/nyamuni téh diatur dina aturan maeén téh nu disatujuan saméméh maén. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manéhna kapanggih pangpandeurina.
Tugas B. Sunda
[édit | édit sumber]Sumber
[édit | édit sumber]| Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
