Wawacan Layang Syékh Abdul Qodir Jaélani
Wawacan Layang Syékh Abdul Qodir Jaélani nyaéta hiji naskah karya sastra buhun atawa klasik anu digolongkeun kana carita sajarah anu diwangun ku rupa-rupa pupuh jeung hikayat.[1]
Ieu Carita ditulis dina bulan Rayagung poé Kemis tanggal 4 tahun 1939, ieu naskah aslina ditulis dina basa Sunda kalawan aya pangaruh basa Arab. [2][2]
Sajarah
[édit | édit sumber]Ieu carita anu ngagambarkeun budaya agama Islam sarta hambalan-hambalan élmu enggoning nuju kana kama'rifatan ka Pangéran, sarta dumasar kana carita inohong - inohong Islam di jaman sajarah mangsa ieu naskah ditulis.[1]
Dina ieu bubuka naskah Syékh Abdul Qodir diwangun ku tilu pupuh, tayalian pupuh-Dangdanggula, Asmarandana, sarta Sinom. [2]
Ieu wawacan ka golongkeun kana carita sajarah anu ngariwayatkeun jalma gedé, sarta eusina loba dipaké pikeun kapentingan dokuméntasi. Kalayan latar kamulyaan hiji Syékh di jaman baheula, ahli ibadah jeung bagja dina ngawula ka Allah. [2] Mangsa harita ieu carita dimaksudkeun sangkan jadi pieunteungeun sarta palajaran keur nu maracana, sangkan miceun kalakuan nu goréng jeung nyegah kalakuan anu dilarang ku agama (maksiat).[1]
Ogé ngajelaskeun undakan pangaweruh dina Islam nu disusun dina opat tahap tayalian Syariat , Tarékat, Hakékat jeung Ma'rifat. Opat hambalan pangaweruh ieu dilaksanakeun ku Syékh Abdul Qodir Jaélani nepi ka ma’rifat.[1]
Ajén konséptual anu aya dina ieu carita nuduhkeun ajén kamuliaan, rahasia cahaya illahi dibarung ku harti siloka anu disumputkeun satukangeun tukisan ayat suci Al Quran. Anu ngalimpudan niléy kakeyeng dina nyuprih élmu, kitu deui luhurna niléy yang meliputi nilai kataatan.[1]
Pieunteungeun anu aya dina ieu wawacan masih kénéh loba anu luyu jeung kaayaan dina widang kaagamaan dina mangsa kiwari, alatan inohong agama Islam anu kasohor sanggum méré sumbangan anu pohara gedé pikeun pangwangunan hirup rohani jeung lahiriah ku karakteristik dina ngariksa moralitas bangsa ngaliwatan palajaran agama Islam.[1]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f Departemen pendidikan dan Kebudayaan, Indonesia; Departemen pendidikan dan kebudayaan RI (1995). Abstraksi Hasil Kajian Naskah-Naskah Nusantara. Library Newyork Botanical Garden: Direktorat Jenderal Kebudayaan. p. 40. ISBN 9789794194966.
- ↑ a b c d Ninien and Yunus, Ahmad and Ganda, Yahya and Kartikasari, Tatiek, Karlina (1990). Wawacan layang syech abdul qodir jaelani.Ninien and Yunus, Ahmad and Ganda, Yahya and Kartikasari, Tatiek. Jakarta: Pustaka kebudayaan kemendikbud. p. 4. Disungsi6 Peb 2022
Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |