Lompat ke isi

Wolff Schoemaker

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Prof. C.P. Wolff Schoemaker mangrupa arsitek nu kacida ahlina. Di Bandung sorangan, anjeunna geus nyieun 25 rancangan. Lolobana anjeunna nyieun wangunan ibadat. Ti mimiti gareja nepi ka masigit.[1]

Biografi jeung Karyana

[édit | édit sumber]

Gumelar di Banyubiru, Semarang Jawa Tengah tanggal 25 Juli 1882. Prof. Ir. Charles Prosper Wolff Schoemaker salila hirup kungsi nyebutkeun yén anjeunna asup Islam jeung ngaranna diganti jadi Kemal Schoemaker tapi layonna angger dimakamkeun di Astana Kristen Pandu, Blok CB Kelas 1 nomor 1086. Salila hirupna, anjeunna sok ngarancang sababaraha wangunan di Dayeuh Bandung.[1]
Wangunan Gereja St. Petrus nu munggaran diwangun ku Wolff Scoemaker ditaun 1922, tuluy ka Gereja Kristen Bethel nu diwangun taun 1925. Gereja Bethel ngabogaan gaya arsitektur campuran klasik-modérn. Hateupna susun dua mangrupa salah sahiji ciri rancangan Schoemaker salaku adaptasi ti wangunan tradisional. Ciri ieu ogé nu salajengna diturutan ku salah sahiji muridna, Ir. Soekarno dina ngarancang sababaraha wangunan nu dijadikeun imah dumuk di Dayeuh Bandung. Soekarno nu salajengna jadi présidén Républik Indonésia nu munggaran, nambah elemen ngawangun gada di bagéan puncak wangunan hasil rancanganna.[1][2]
Karya Schoemaker nu punjul dina ngarancang wangunan ibadat katembong tina wangunan gereja St. Petrus. Gereja ieu diwangun di taun 1922 kalawan acuan prinsip Néo Gothik nu dihijikeun jeung langgam lokal sacara kawates. Denah wangunanna bentuk salib kalawan interior kaca patri nu aya di tembok wétan panti iman. Di isuk-isuk, cahya bisa ditingali sacara pinuh ku umat nu miluan misa isuk. Gereja St. Petrus ngabogaan ciri khas mangrupa hateup menara loceng lancip, luhurna 26 meter, dijieun ti struktur baja. Masjid Raya Cipaganti, masjid ieu sakalian mangrupa wangunan ibadat umat Islam nu diwangun di tengah masarakat Eropa. Dina taun 1933, daerah Cipaganti jeung sakurilingna mangrupa paniisan urang Walanda jeung masarakat Eropa lianna.[1]
Wangun hateup masigit éta kasusun tilu jeung di luhurna aya tambahan, mangrupa ngahijina sababaraha gaya arsitektur modérn jeung tradisional. Interiorna dihias ku lampu antik nu dijieun ti bahan logam konéng. Lampu éta biasa disebut “lampu gambreng”. Ditempatkeun digantung di tengah rohang solat. Dina salah sahiji kolom sakaguruna aya ragem hias ornamen kaligrafi jeung floral. Titi mangsa pangwangunan masigit éta dipasang dina salah sahiji sisi bagéan hareup masigit. Aya hiji prasasti nu napel di tembok hareup wangunan masigit aya tulisan:[1]

Pangemoet-emoet Ngadegna


Ngawitan Dipidamel Dina Ping 11
Sjawal 1351 (7 Februari 1933). Diis
Trénan Dina Ping 11 Sjawal 1952
(27 Djanoeari 1934). Batoe Ka Hiji
Dipasang Koa Asta Kandjeng Boe-
Pati Bandoeng Raden Tg. Hassan
Soemadipradja Disarengan Koe Ra-
den Rg. Wirijadinata Patih Ban
doeng, Raden Hadji Abdoel Kadir,
Hofd Pengoeloe Bandoeng.


Villa Isola

Pada bagéan handapna aya tulisan nu ngajelaskeun arsitek jeung pelaksana pangwangunan masjid éta: Architect Prof. Schoemaker. Anu Ngadegkeun Anggadibrata. Dibantoe Koe Keramisch Laboratorioem (kiwari Balai Besar Keramik).[1]

Kontroversi Astana Wolff Schoemaker

[édit | édit sumber]

Prof. Ir. Charles Prosper Wolff Schoemaker tilar dunya dina interniran Jepang di Bandung. Saperti nu geus dijelaskeun, saurna Wolff Schoemaker kungsi asup Islam alias jadi Muallaf ngan angger dikurebkeun di Astana khusus Kristen. Dina tutunggul watuna katulis:[1]

Hier Rust Prof. Ir. Charles Prosper Wolff Schoemaker

Rider in de orde van de Nederlandse Hoogeschool te Bandoeng.
Geb te Banjoebiroe-Ambarawa, 25 Djuli 1882............


Salajengna teu kabaca deui sabab kakubur ku taneuh. Dina ahir Juli 2002, astana ieu kungsi rék dibongkar sabab salila salapan taun teu mayar retribusi. Sanajan gedéna ngan Rp 20.000/taun. Rencana éta ahirna dibatalkeun sanggeus putra bungsuna almarhum présidén Sukarno, Guruh Soekarnoputra méré bantuan.[1]
Astana maestro nu ngarancang wangunan éta sabenerna geus lila ditéangan cucuna, Juan Schoemaker nu kaleungitan akina. Anjeunna ngan nyaho, akina nyaéta arsitek di Nusantara. Tapi di manana anjeunna teu apal di mana. Sakanyahona mah akina loba ngarancang wangunan di dayeuh Bandung. Juan gawé salaku panalungtik ka Johns Hopkins University. Salila usaha néangan mangtaun-taun, unggal datang ka Indonésia, anjeunna sok boga tarékah néangan informasi ngeunaan astana akina. Ahirna, taun 2003 anjeunna manggihan astana akina.[1]

Catetan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i Suganda, Her.2007.Jendela Bandung, Pengalaman Bersama Kompas.Jakarta: Penerbit Buku Kompas.
  2. Bemmelen, Reinout Willem .1949.The Geology of Indonesia.California: Govt. Print. Off.