Cumi-cumi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Cumi-cumi
Mastigoteuthis flammea
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Mollusca
Class: Cephalopoda
Subclass: Coleoidea
Superorder: Decapodiformes
Order: Teuthida
A. Naef, 1916b
Subordo

Plesioteuthididae (incertae sedis)
Myopsina
Oegopsina

Cumi-Cumi nu diéntép

Cumi-cumi mangrupa salasahiji sato laut ti kulawarga Loliginidae, kelas Cephalopoda. Dina basa latin, cumi-cumi dipikawanoh ku sebutan Loligo spp, tapi dina basa Inggris disebut squid[1]. Di Indonesia, cumi-cumi dipikawanoh ogé dipikawanoh maké sababaraha istilah, kayaning enus, nus, sotong atawa sontong bunga[1]. Sato laut ieu biasana diala nalika peuting maké lampu patromaks salaku alat jang ngirutna. Sato ieu umuna resep kana cahaya nalika peuting[1]. Golongan cumi-cumi bisa diala maké alat bubu, jaring angkat, jaring insang, pukat cingcin, pukat udang, rawai tuna atawa séro[1].

Kandungan Kimia[édit | sunting sumber]

Ditilik tina niley gizi, cumi-cumi miboga kandungan gizi anu loba pisan kusabab kandungan proteinna kawilang gedé kusabab protéin anu gedé nya éta 17,9 g/100 g cumi seger[1]. Daging cumi-cumi miboga kaonjoyan dbandingkeun jeung hasil laut séjénna nya éta teu aya tulang belakangana, babari dicerna, miboga rasa jeung aroma nu has, ngandung sakabéh unsur asam amino ésénsial anu diperlukeun ku awak[1]. Asam amino esensial anu loba dina cumi-cumi nya éta leusin, lisin jeung fenilalanin[1]. Ari kandungan asam amino nonesensial anu dominan nya éta asam glutamat jeung asam aspartat[1]. Dua asam amino éta méré kontribusi anu ngabalukarkeun ayana rasa ngeunah jeung gurih. Éta sebabna, sacara alami cumi-cumi miboga cita rasa anu gurih nu geus nyampak nepi ka dina masakna teu kudu ditambahan penyedap kayaning monosodium glutamat/ MSG[1]. Dina cumi-cumi ogé aya sababaraha rupa mineral mikro jeung makro anu jumlahna loba[1]. Kadar mineral anu aya dina cumi-cumi ogé rupa-rupa sanajan dina spésiés anu sarua[1].Variasi ieu gumantung kana kaayaan lingkungan tempat hirupna, ukuran, jeung umur[1]. Mineral penting anu aya dina cumi-cumi nya éta natrium, kalium, fosfor, kalsium, magnesium jeung selenium[1]. Lian ti loba proteinna, cumi-cumi ogé mangrupa sumber vitamin anu alus, kayaning vitamin B1/tiamin, B2/riboflavin, B12, niasin, asam folat sarta vitamin larut lemak (A, D, E, K)[1].

Dina cumi-cumi ogé aya TMAO (Trimetil Amin Oksida) anu kawilang loba[1]. TMAO anu loba ieu méré rasa anu has kana daging cumi-cumi[1]. Daging cumi-cumi ogé loba ngandung monoamino nitrogen anu ngabalukarkeun cumi-cumi miboga rasa amis[1]. Kandungan sulfur anu loba ogé dina cumi-cumi ngabalukarkeun cumi-cumi jadi bau hanyir nalika diasakan contona didikulub[1].

Cairan tinta cumi-cumi sifatna alkaloid, nepi ka teu dipikaresep ku prédator, utamana lauk[1]. Cairan anu warnana poék ngandung butir-butir melanin atawa pigmen hideung[1]. Melanin alami nya éta melanoprotein anu ngandung 10-15 persen protein. Melanin ieu meungkeut protéin ngaliwatan asam amino anu ngandung sulfur nya éta sistein[1].

Mangpaat[édit | sunting sumber]

1.Anti tumor, liat ti ngeunah cumi-cumi kebek ku gizi, Aya protein, mineral jeung rupa-rupa vitamin. Tinta cair anu dipibogana miboga fungsi jang merangan tumor.[1].
2.Ngarojong pertumbuhan tulang, Fosfor jeung kalsium miboga fungsi jang pertumbuhan kerangka tulang, numatak loba mangfaatna pikeun pertumbuhan barudak[1].
3.Nyingkahan Osteoporosis, Fosfor jeung kalsiumna og[1] miboga fungsi jang nyingkahan osteoporosis[1].
4.Nurunkeun koléstérol, Kadar lemak daging cumi-cumi kaasup kana asam lemak tak jenuh ganda nya éta omega 3 anu bisa nurunkeun kandungan koléstérol dina getih[1].
5.Ngaaktifkeun sél darah putih, Dumasar kana panalungtikan Hiroki University Jepang, tinta cumi-cumi jeung sotong miboga loba fungsi, nya éta ngaaktifkeun sél darah putih jang merangan panyakit tumor[1].
6.Nyageurkeun kulit bernoda jeung berlubang, Biasana ka nu ngarandapan panyakit cacar, kulit jadi bernoda jeung berlubang[1]. Hal ieu bisa diubaran ku cumi-cumi anu geus digaringkeun, ditutu jeung disaring, tuluy dipaké jadi wedak saméméh saré[1].

Nu Kudu Diperhatikeun Nalika Ngadahar Cumi-Cumi[édit | sunting sumber]

Kadar lemak dina daging cumi-cumi relatif saeutik, nya éta 7,5 g/100 g bahan, anu masing-masing 1,9 g asam lemak jenuh; 2,7 g asam lemak tak jenuh tunggal; sarta 2,1 g asam lemak tak jenuh ganda[1].

Sanajan kitu, konsumsi cumi-cumi anu kaleuleuwihi kudu disingkahan kusabab kadar kolesterolna lumayan loba, nya éta nepi ka 260 mg/100 g bahan[1]. Di kelompok lauk laut, kadar kolesterol pada cumi, udang, lobster dan kepiting, memang tergolong tinggi[1]. Namun, kadar kolesterol dina produk éta masih kénéh kawilang leutik dibandingkeun jeung endog kokonéngna , haté, jeroan sarta otak sato ingon.[1].

Dina awak manusa, kolésterol bisa disintésis sorangan dina awak, nya éta dina bagéan haté, korteks, adrénal, kulit, usus, testis, lambung, otot, jaringan adiposa jeung otak[1].Kurang leuwih 17 persen tina beurat garing otak disusun ku kolésterol. Lamun teu aya kolésterol, struktur otak teu bisa sampurna[1].

Numut panduan anu dikaluarkeun ku National Heart, Lung and Blood Institute (NHLBI), kadar kolésterol total anu alus jang awak manusa kurang ti angka 200 mg/dl, HDL leuwih ti 35 mg/dl, LDL kurang ti 130 mg/dl, jeung trigliserida kurang ti 250 mg/dl[1]. Kadar kolesterol anu aya di luhureun 200 mg/dl bisa ngabalukarkeun ancaman jang rupa-rupa panyakit kayaning aterosklerosis/penyumbatan pembuluh darah, stroke jeung panyakit jantung koroner[1].

Sanajan dianggap bahaya, kolésterol tetep dibutuhkeun ku awak[1]. Manusa rata-rata merlukeun 1.100 miligram kolésterol unggal poé jang miara dingding sél jeung fungsi fisiologis séjénna.[1]. Tina jumlah éta 25-40 persen (200-300 mg) sacara normal anu asalna tina kadaharan jeung sésana disintesis ku awak[1].

Kaunikan[édit | sunting sumber]

Cumi-cumi bisa nyingkahan pamangsana sacara gancang ngaliwatan pengerutan otot sacara gancang[1]. Lamun ngan saukur sacara gancang teu pati mantuan tapi ku ayana awan tinta pekat jeung poék bisa dikaluarkeun sangkan musuhna reuwas[1].

Lian ti éta, cumi-cumi ogé miboga sistim perlindungan ku cara ngaganti-ganti warna kulitna sacara gancang, kadang-kadang jadi kabiru-biruan, bodas, beureum atawa coklat. Parobahan warna ieu kusabab ayana kromatofor anu mangrupa kantong élastis anu eusina pigmén beureum atawa konéng[1].

Sel-sel pigmén anu [[élastis] ieu dikurilingan ku beungkeutan sél-sél otot anu bisa kontraksi sacara gancang, nepi ka sél-sél pigmén jadi leuwih gedé jeung ngabalukarkeun warnana jadi leuwih écés[1]. Mekanisme ieu ngabalukarkeun cumi-cumi jadi robah warnana lamun meunang rangsangan ti luar[1]. Sistem parobahan warna ieu dipaké ogé jadi alat komunikasi[1].

Kamuflase[édit | sunting sumber]

Cumi-cumi spesies Onychoteuthis banksii miboga kamampuh kamuflase unik[2]. Bisa ngarobah warnana tina transparan jadi beureum burem atawa sabalikna pikeun nyingkahan musuhna.Hal éta dipikanyaho sabada ditalungtik ku Sarah Zylinski, panalungtik ti post doktoral di Duke University, Amerika Serikat[2].

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at Cumi-Cumi (diaksés 18 November 2011)
  2. a b Kamuflase Unik Gurita dan Cumi-cumi(diakses 18 November 2011)
Nulis.jpg