Gepuk
Gepuk (atawa sok disebut ogé empal) nyaéta jinis kadaharan anu bahan poko nyieunna tina daging (ilaharna mah daging sapi), nu saterusna disamaraan ogé dikulub mangjam-jam, geus kitu kakara wéh digoréng.[1] Dina kahirupan sapopoé, gepuk téh kadaharan nu sok disuguhkeun minangka deungeun sangu.[1] Gepuk atawa empal téa anu pangkakoncarana mah nyaéta gepuk asal Kota Bandung, nikakeun ku urang deungeun mah gepuk téh dianggep minangka kadaharan has tatar sunda.[2] Margalantarannana mah nyaéta ku sabab rasana anu sedep tur dagingna hipu, gampang digayemna ogé henteu liat.[3][4][5]
Cara Nyieun Gepuk
[édit | édit sumber]- Bahan sasadiaan[6]:
- Sakilo daging sapi, téanganna nu taya gajihan[6]
- 3 senti laja, cacagan nika lemes[6]
- 1 ½ sendok gula beureum atawa gula kawung[6]
- ½ sendok katuncar meunang ngagerus[6]
- Satangkal séréh meunang ngageprék[6]
- 500 mililéter santen + tina satengah sirah kalapa kolot meunang marud[6]
- 3 sihung bawang bodas[6]
- 1 ½ sendok uyah, luyukeun jeung ilaharna[6]
- 1 lambar daun salam[6]
- 7 siki bawang beureum[6]
- Prak-Prakan[6]:
- Mimiti, daging dikulub nika caina érép nyerep kana daging tur dagingna jadi hipu[6]
- Lajeng keureutan daging saarah guratanna ku kandelna kira-kira 1 sénti[6]
- Peupeuhan daging ku cara digebug-gebug nika rupa daging téh jadi jébér[6]
- Lemeskeun samara, nyaéta bawang beureum, bawang bodas, katuncar, laja, gula beureum/gula kawung jeung uyah[6]
- Golakkeun santen jeung samara nu tas dijieun sabari diaduk-aduk sangkan jadi galo (henteu barulah)[6]
- Asupkeun potongan dagingna, asakan ku seuneu leutik nika santenna érép kaserep ku daging, tuluy jait heula[6]
- Goreng wéh daging gepukna dina minyak panas nika asak, satuluyna jait jeung tiiskeun[6]
- Sanggeus asak bisa dipurulukan bawang goréng.[6]
Babasan
[édit | édit sumber]Sakapeung, istilah gepuk téh ku urang Sunda mah sok dijieun guyonan.[7] Nyaéta minangka istilah jeung paribasa mun dahar euweuh nanaon, cohagna mah ngan ukur jeung kurupuk hungkul.[7] Gepuk téh diguyonkeunna nyaéta minangka singgetan tina “gep kurupuk-gep kurupuk”. Hartina pas unggal dahar téh ngan jeung kurupuk deui waé.[7] Ieu singgetan lain singgetan asli, mung jadi kirata lamun keur teu bararoga deungeun sangu.[7]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b Chotimah, Husnul. 2006. Analisis Perilaku Konsumen dan Atribut Ideal Makanan Tradisional Gepuk dan Ikan Balita Karuhun serta Implikasinya Terhadap Strategi Pemasaran. Bogor: IPB.
- ↑ resepmasakankreatif.blogspot.com. 2013. Resep Empal Gepuk Daging Sapi Bandung. Blogger: Resep Masakan Kreatif.
- ↑ in-resep.blogspot.com. 2014. Resep Empal Gepuk Gurih dan Empuk. Blogger: IN Resep.
- ↑ Agribisnis Kreatif: Pilar Wirausaha Masa Depan, Kekuatan Dunia Baru Menuju Kemakmuran Hijau. Penebar Swadaya Group. 2012. ISBN 9789790025288.
- ↑ a b Tim, Dapur Demedia; Lianti Y (2007). Aneka Masakan Sunda. Jakarta: DeMedia. p. 5. ISBN 9789791471015.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w www.umieabie.com. 2014. Resep Gepuk Sunda Enak. Blogger: Umie Abie Archived 2018-10-14 di Wayback Machine.
- ↑ a b c d Sumarsono, Tatang. 1995. Mahér Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.