Bawang bodas

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bawang Bodas
Bawang putih
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Liliopsida
Order: Asparagales
Family: Alliaceae
Subfamily: Allioideae
Tribe: Allieae
Genus: Allium
Species: A. sativum
Ngaran binomial
Allium sativum
L.

Bawang bodas atawa Allium sativum L, mangrupa pepelakan anggota familia lilaceae anu loba tumuwuh di indonésia utamana di Jawa Tengah sarta Nusa Tenggara.[1]

Asal Muasal[édit | sunting sumber]

Asia tengah nya éta lokasi anu mangrupa pusat asal muasalna bawang bodas sarta A Longicuspis anu boga sipat éndemik di Asia tengah, bisa mangrupa tipe nini moyang liarna.[2] Bisa dicindekkeun A Longicuspis ngahasilkeun siki anu bisa tumuwuh, samentara bawang bodas biasana henteu tapi sawatara klon A Sativum bisa ngahasilkeun sababaraha siki anu bisa tumuwuh.[2] Kiwari keur diupayakeun pepelakan anu bisa dikembangkeun ku siki.[2] Bukti isozom terkini nunjukkeun yén misahkeun bawang bodas ti A Longicuspis kurang bener.[2] Aya bukti deui yén bawang bodas téh geus biasa digunakeun di Mesir saméméh taun 2000 SM, jeung di Cina ogé di India leuwih ti 1000 taun ka tukang.[2] Padang ti Eropa mantuan nyebarkeun bawang bodas terus-terusan nepi ka jadi komoditas sayuran anu penting di dunia, minangka bumbu pikeun masakan.[2] Sanajan ngan ukur dipaké sapersapuluhna tibatan bawang beureum, bawang bodas mangrupa Allium kadua anu loba digunakeun.[2] Bawang bodas loba diproduksi hampir ku sakabéh negara,jeung dibudidayakeun anu dimimitian ti khatulistiwa nepi ka lintang 50°.[2] Sanajan tumuwuh sarta rupana rada jiga bawang bombay, bawang bodas béda dina hal daunna anu padet, wangunna ngabentuk hurup V, jeung ngagulung sacar longitudinal.[2] Nu ngabédakeun tinu séjénna nya éta yén ujung daun bawang bodas teu nendeun kadaharan, ngan

Ciri-ciri[édit | sunting sumber]

Bawang bodas anu penting pikeun obat nya éta beuti batangna anu miboga bau anu khas aromatik, rasana lada, uraiana makroskopikna :

  1. Mangrupa beuti majemuk anu bentukna rata-rata rada buleud, miboga garis tengah 4cm nepika 6cm.[1]
  2. Warnana bodas diwangun ku sababaraha siung (8 nepika 20 siung), anu sakabehna kabungkus ku 3-5 selaput ipis warna bodas.[1]
  3. Unggal siungna dibeulit ku 2 selaput ipis, selaput luar warnana ngadeukeutan warna bodas jeung rada logor, sedengkeun selaput luar ngabungkus rakeut dina bagian luar daging siung, warnana jambon, anu babari diesotkeun.[1]

Kandungan zat-zat dina beuti bawang bodas, nya éta :

  1. Minyak atsiri antara 0,1% nepika 0,5% anu eusina dialildisulfida, alilpropildisufida jeung senyawa sulfur organik sejena.[1]
  2. Alin (teu miboga bau) anu dina hidrolisa bisa nimbulkeun bau bawang, ku dosis antara 2 gram - 8 gram bisa digunakeun pikeun obat antiseptika, antispasmodika, antiiritansia.[1]

Khasiatna[édit | sunting sumber]

  1. Ngahambat morosotna otak sarta sistem kekebalan,
  2. Mantuan ngahambat prosés ngolotan,
  3. Ngahambat tumuwuhna sél kanker,
  4. Kalayan ngonsumsi bawang bodas, resiko katularan kanker bisa dikurangan,
  5. Bawang bodas anu dikonsumsi sacara rutin dina jangka wayah nu tangtu bisa mantuan nurunkeun kadar kolesterol,
  6. Zat anti-kolesterol dina bawang bodas anu ngaranna ajoene nulungan nyegah penggumpalan getih,
  7. Bawang bodas bisa mantuan meredakan stress, kahariwang, sarta depresi,
  8. Jeung éfék anu leuwih lembut,
  9. Bawang bodas ngandung vitamin A,
  10. Bawang bodas ngandung vitamin B,
  11. Bawang bodas ngandung vitamin C,
  12. Bawang bodas ngandung kalsium,
  13. Bawang bodas ngandung potasium,
  14. Bawang bodas ngandung antioksidan,
  15. Bawang bodas ngandung karoten sarta selenium,
  16. Mengonsumsi 2-3 siung bawang bodas sapoé, baris nyingcetkeun tina kamungkinan miboga panyakit jantung,
  17. Ngawaraskeun tekeunan getih luhur
  18. ngaringankeun tukak lambung
  19. Nurunkeun kolesterol dina getih
  20. Ngaronjatkeun insulin getih pikeun penderita diabetes,
  21. Ngalumpuhkeun radikal bebas anu ngaganggu sistem kekebalan awak
  22. Méré mangpaat pikeun penawar racun (detoxifier) anu nangtayungan awak tina sagala rupa panyakit,
  23. Mantuan nambahan napsu dahar lamun didahar atah-atah,
  24. Ngajaga stamina awak,
  25. Ngandung khasiat antimikroba, antitrombotik, hipolipidemik, antiarthritis, hipoglikemik, sarta ogé miboga antivitas minangka antitumor,

[3] Tapi sakumaha hasiatna hiji ubar, lamun henteu dimbangan ku pola hirup nu beuner bakalan sia-sia.[3]


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f (id) Kartasapoetra, G.2006.Budidaya Tanaman Berkhasiat Obat.Jakarta:PT Rineka Cipta
  2. a b c d e f g h i (id) Rubatzky, Vincent E.1998.Sayuran Dunia 2.Bandung:ITB Bandung
  3. a b (id)bawang.htm (diaksés tanggal 07 Oktober 2011)
Nulis.jpg