Gandaria
| Gandaria | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Sapindales |
| Family: | Anacardiaceae |
| Genus: | Bouea |
| Species: | B. macrophylla |
| Ngaran binomial | |
| Bouea macrophylla Griffith |
|
Gandaria (Bouea macrophylla Griffith) nyaéta pepelakan anu asalna ti kapuloan Indonésia jeung Malaysia. Pepelakan ieu tumuwuh di wewengkon tropis, sarta réa dibudidayakan di Sumatera jeung Thailand.
Gandaria dimangpaatkeun buahna, daunna, sarta tangkalna. Buah gandaria boga warna héjo waktu masih ngora, sarta mindeng dijadikeun bahan rujak atawa campuran sambel gandaria. Buah gandaria anu asak boga warna konéng, ngabogaan rasa haseum-amis sarta bisa didahar langsung. Daunna dipaké minangka lalab. Tangkal gandaria bisa dijadikeun papan.
Botani [édit]
Gandaria mangrupakeun tangkal jeung jangkungna nepi ka 27 m kalawan tajuk nu rapet. Daunna tunggal, bentukna bunder endog nepi ka wangun lanset atawa jorong. Waktu ngora boga warna bodas, tuluy lalauna jadi wungu kolot, saterusna jadi héjo kolot. Kembangna mecenghul dina kélék daun, bentukna rada buleud, kalayan diaméter 2,5-5 cm, boga warna konéng nepi ka oranyeu, daging buahna ngaluarkeun cacai kentel; buahna henteu buluan, rasana haseum nepi ka amis, jeung boga ambeu anu has rada ngadeukeutan ambeu terpentin. Sikina boga warna lumayung.
Gandaria nyaéta tutuwuhan tropis baseuh sarta bisa tumuwuh dina taneuh anu hampang sarta subur. Tumuwuh liar di leuweung dataran handap; di handapeun 300 m ti beungeut laut, tapi dina budidaya gaeus aya nu hasil melak dina dataran nu luhurna kira-kira 850 m ti beungeut laut.