Sambel

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sambal ulek.JPG

Sambel mangrupakeun deungeun/réncang sangu tradisional masarakat Malayu (kayaning di Indonésia, Malaysia, Singapura) dina wujud kawas saos anu eusina salawasna maké céngék atawa cabé, sahingga rasana condong kana lada. Bentuk saos ieu dihasilkeun tina cara nyieunna, nyaéta ku jalan diréndos dina coét, maké mutu.

Rupa-rupa sambel[édit | sunting sumber]

Gumantung kana bahan jeung cara nyieunna, nya sambel téh aya sababaraha rupa. Di masarakat Sunda, aya sababaraha rupa sambel, di antarana

  • sambel goang: bahanna ukur céngék, uyah, jeung surawung, diréndos terus digalokeun kana sangu atawa dicoél ku kacang panjang atah (kumaha karesep), atawa uyah, kécap, minyak jalantah, cabé beureum jeung bawang bodas diréndos tong lembut teuing.
  • sambel oncom: oncom (beunang meuleum), céngék, beuleum bawang beureum, uyah, gula, cikur (lamun resep), jeung tomat dihijikeun terus diréndos, dicaian saeutik, terus digoréng sakeudeung (teu digoreng oge teu nanaon, kumaha karesep), lalabna cukup ku seupan daun sampeu/gedang, peuteuy, jéngkol jrrd.
  • sambel tarasi: tarasi, gula, uyah (saeutik), céngék, tomat, bawang beureum; sakabeh bahan digoréng heula iwal gula jeung uyah, sanggeus kira-kira asak terus diréndos dihijikeun sakabéh bahan dina coét, saterusna digoréng sakeudeung. Lalabna bisa seupan daun sampeu atawa lalab atah oge bisa (takokak, jrrd.)
  • sambel muncang: muncang nu kolot (dibeuleum heula), céngék, uyah, gula; muncang beunang meuleum dihijikeun jeung bungbu nu séjénna terus diréndos dina coét (caian saeutik) ; lalabna jéngkol ngora jrrd.
  • sambel jahé: jahé, uyah, gula, céngék; jahé diteukteukan laleutik terus diréndos dihijikeun jeung bungbu nu lianna, sanggeus réngsé kécapan sacukupna (lamun resep) terus galokeun jeung lauk beunang meuleum.
  • sambel buah: buah manggah ngora diparud (sikina mah piceun baé), lajeng cabé beureum, tarasi, céngék, gula, uyah beureum diréndos, saparantosna campurkeun jeung parudan manggah téa, aduk nepi ka rata, biasana baturna jeung beuleum lauk.
  • sambel kécap: céngék diréndos terus dikécapan.
  • sambel kacang: suuk beunang ngagoréng diréndos jeung uyah, gula beureum, bawang bodas, cikur, jeung céngék.
  • sambel picung: picung kelewek (picung sok dikubur heula dina taneuh), uyah, gula, céngék (kahade kudu rada ati-ati bisi picungna aya racunan, mun bisa mah diléob heula ku cai haneut).
  • sambel goréng: bawang bombay disiksik lajeng digoréng nepi ka konéng, tambahkeun céngék jeung bawang bodas beunang ngaréndos, gula bodas, kécap asin, jeung udang ebi (beunang ngeueum ku cai panas) nepi ka seungit.
  • sambel tomat:
  • sambel cibiuk: aya dua rupa, sambel beureum jeung sambel héjo. Sambel beureum dijieun tina tomat beureum, cabé beureum, surawung, gula, uyah, bawang bodas, bawang beureum, jeung cikur, sedengkeun sambel héjo maké tomat jeung cabé héjo. Ieu sambel diréndosna tara nepi ka lembut, sapuratina asal nyampur.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Paguneman Kusnét di milis urangsunda@yahoogroups.com
  • Komunitas Srimanganti. 2004. Énsiklopédi Alit Garut. Dinas Pendidikan Kab. Garut, Garut.


Foodlogo2.svg