Haji Abdul Malik Karim Amrullah
Haji Abdul Malik Karim Amrullah atawa anu leuwih dikenal HAMKA, (gumelar ping 17 Pébruari 1908, di Maninjau, Sumatera Barat - Maot di Jakarta ping 24 Juli 1981 dina umur 73 taun) nya éta Sastrawan Indonesia, Ulama, jeung Aktivis Politik.[1] Anjeunna di béré sebatan Buya, nya éta sebatan pikeun urang Minangkabau nu asalna tina kecap Abi, atawa Abu dina basa Arab nu hartina bapa, atawa jelma anu dipikahormat.[1] Bapana nya éta Syéh Abdul Karim bin Amrullah, anu mangrupakeun tokoh gerakan Islam di Minangkabau, sabalikna ti Mekah taun 1906.[1]
[édit] Kasang Tukang
HAMKA meunang pendidikan rendah di Sakola Dasar Maninjau nepi ka kelas 2.[2] Nalika HAMKA 10 taun, bapana ngadegkeun Sumatera Thawalib di Padang Panjang.[2] Didinya HAMKA diajar agama jeung neuleuman basa Arab.[2]
HAMKA mimitina gawé sabagé guru agama dina taun 1927 di Perkebunan Tebing Tinggi, Médan ogé di Padang panjang dina taun 1929.[2] HAMKA dilantik jadi dosén di Universitas Islam, Jakarta jeung Universitas Muhammadiyah, Padang Panjang ti taun 1957 nepi taun 1958.[2] Sabada éta, anjeunna diangkat jadi Réktor Paguron luhur Islam, Jakarta jeung Profésor Universitas Mustopo, Jakarta.[2]
[édit] Rujukan
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |