Ikebana

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ikebana

Ikebana (Jepang: 生け花 atawa いけ ば な, hartina kembang hirup) nya éta seni nataan kembang Jepang, atawa kado (华 道) jalan kembang. [1]


Sajarah[édit | sunting sumber]

Paméran Ikebana di Kyoto subway station

Ikebana mimitina dijieun di kuil-kuil Buddha di Jepang dina abad ka genep. [1] Ikebana ditataan dimana kembang jeung cabang ngagambarkeun indikasi ti iman. [1] Gaya Ikebana anu pangalusna nya éta rikka (kembang nagtung), mecenghul dina abad kalima belas, gaya ieu ngagambarkeun kaéndahan alam . [1] Contona, cabang-cabang pinus ngalambangkeun batu, krisan bodas ngalambangkaeun walungan. [1] Gaya rikka jadi populér dina abad katujuh belas, dipaké minangka téknik dekoratif pikeun acara-acara sérémonial. [1]

Parobahan ikebana lumangsung dina abad kalima belas, nalika shogun Ashikaga Yoshimasa Muromachi (1436-1490) maréntah di Jepang. [1] Manéhna salila maréntah ngalaurkeun aturan yén ikebana bisa dijieun ku saha waé, pan saméméhna mah ikebana ngan bisa dijieun ku jalma boga waé. [1]

Dina ahir abad kagenep belas, hiji gaya anu leuwih basajan ti nataan kembang disebut nageire hartina miceun atawa ngalungkeun. [1] Gaya ieu mah henteu paduli naon bahan anu dipakéna, gaya ieu disebut ogé cha-bana (茶花, hartina kembang téh).[1]

Taun 1890 an, teu lila sanggeus Restorasi Meiji (période modernisasi jeung westernisasi di Jepang), aya gaya anyar anu disebut ikebana moribana, atawa tumpukan kembang. [1] Gaya ieu mecenghul disababkeun ku wanohna kembang kulon jeung westernisasi anu hirup di Jepang. [1] Gaya moribana, anu nyiptakeun kabébasan anyar dina nataan kembang dipaké pikeun hiasan. [1] Gaya ieu bisa disaluyukeun jeung kaayaan formal atawa informal.[1]

Ikebana modern lahir dina taun 1930 kalayan transliterasi zen'ei ikebana atawa zen'eibana.[1] Wangun ikebana leuwih ekspresif batan gaya klasik.[1] Ayeuna, seni nataan kembang dipihormat minangka salah sahiji seni tradisional di Jepang.[1]


Sakola[édit | sunting sumber]

Aya loba sakola, anu pangpopulérna nya éta Ikenobo, Sogetsu jeung Ohara. [2] Ikenobo mangrupa sakola ikebana pangkolotna, diadegkeun ku imam Buddha Ikenobo Senkei dina abad ka 15.[2] Manéhna kira-kira geus nyiptakeun rikka (gaya kembang nangtung).[2] Gaya ieu dimekarkeun minangka ekspresi Buddhis ti kaéndahan alam, jeung tujuh cabang séjénna ngagambarkeun taneuh, cai, jeung sajabana anu diatur dina cara anu formal.[2] Sakola ieu tempatna di kuil Rokkakudo di Kyoto, dimimitian ku Pangeran Shotoku.[2] Di antara para imam jeung bangsawan, gaya ieu téh leuwih formal nepi ka dina ahir abad ka 17 kelas padagang tutuwuhan ngamekarkeun gaya basajan anu disebut Seika atawa shoka.[2] Shoka ngan maké tilu cabang utama, nya éta ten (surga), chi (bumi) jeung jin (manusa) sarta dirarancang pikeun némbongkeun kaéndahan pepelakan éta sorangan.[2] Wangun séjén ikebana tradisional nya éta nageire, dipaké dina upacara inum téh. [2]

Sakola modérn kabentuk di ahir abad 19.[2] Sakola Ohara umumna maké moribana (kembang nu dijieun bertingkat) anu dina hiji wadah.[2] Sakola ieu diadegkeun nalika budaya deungeun geus mangaruhan di Jepang sarta gaya moribana diapké pikeun nataan pepelakan daérah deungeun.[2] Pangaruh ti gerakan seni mimiti abad ka 20 ngabalukarkeun mekarna jiyuka (gaya bébas).[2] Sanajan geus ngalaman parobahan, ikebana ngan masih dipaké ku jalma beunghar wungkul..[2] Taun 1930 an, dina période sageus perang, minat ikebana jadi laér leuwih lega.[2] Sakola Ikebana dibuka pikeun sakabéh kelas sosial.[2] Dipingpin ku Teshigahara Sofu, taun 1927 ti sakola Sogetsu, zen-eibana atawa avant-garde, ikebana ngawanohkeun kabéh jenis material anyar, saperti palastik, plester jeung waja.[2]



Nulis.jpg



Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q Bunga (en) (Diakses tanggal 13 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p Ikebana (en) (Diakses tanggal 13 november 2011)