Papatong

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Papatong
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Artropoda
Class: Insékta
Order: Odonata
Suborder: Epiprocta
Infraorder: Anisoptera
Selys, 1854
Kulawarga

Aeshnidae
Austropetaliidae
Cordulegastridae
Corduliidae
Gomphidae
Libellulidae
Macromiidae
Neopetaliidae
Petaluridae

Papatong téh serangga nu asup kana ordo Odonata, subordo Epiprocta, jeung, dina jihat husus, infraordo Anisoptera. Cirina nyaéta panon majemuk nu badag, dua pasang jangjang ngalangkang, sarta tungtung awak nu panjang.

Kadaharan papatong ilaharna mah reungit, laleur, nyiruan, kukupu, sarta sarupaning serangga leutik lianna. Lingkungan hirup papatong biasana di sabudeureun situ, pasawahan, pokona mah deukeut ka cai, sabab larvana, nu katelah "kini-kini" téa, hirup na cai. Papatong mah tara ganggu, nyoco atawa nyeureud manusa; malah mah, papatong téh gedé pisan ajénna salaku pamangsa nu mantuan ngontrol populasi serangga nu bahya samodél reungit.

Daur hirup[édit | sunting sumber]

Kini-kini, larva papatong nu hirup di jero cai.

Daur hirup papatong, ti endog nepi ka paéhna nalika geus kolot, rupa-rupa, ti genep bulan nepi ka genep-tujuh taun. Papatong bikang napelkeun endogna dina atawa deukeut cai, misalna dina dangdaunan/jukut cai. Anu lila mah mangsa jadi kini-kini, dina jero cai, ngarénghap maké insang, sarta ngahakan invertebrata atawa vertebrata lian kayaning lauk leutik jeung buyur. Nalika geus sawawa dina ujud papatong, spésiés nu gedé mah bisa hirup nepi ka opat bulan.

Fakta umum[édit | sunting sumber]

Catetan rékor[édit | sunting sumber]

Papatong jaman baheula mah ukuranana leuwih badag batan papatong kiwari. Nu pangbadagna, kapanggih salaku fosil, nyaéta Protodonata nu ngaranna Meganeura monyi ti mangsa Permia, nu bébér jangjangna nepi ka 70–75 cm; bandingkeun jeung papatong jaman kiwari, nu pangbadagna ukur 19 cm, nyaéta papatong éndemik kapuloan Hawaii: Anax strenuus. Spésiés pangleutikna nu kungsi kacatet nyaéta papatong libellulid, Nannophya pygmaea ti Asia wétan, nu bébér jangjangna ukur 20 mm.

Papatong mangrupakeun serangga panggancangna, bisa nepi ka 60 mph [1]. Papatong Common Green Darner, (Anax junius), mangrupakeun salahsahiji papatong pangbadagna tur panggancangna, bisa hiber nepi ka 85 km/jam (53 mph).

Tetempoan[édit | sunting sumber]

Panon papatong

Téténjoan papatong mah hadé pisan, ku ayana struktur panon nu ahéng: 30.000 fasét nu masing-masing mangrupakeun organ pangrasa cahya nu misah (ommatidia), nu ngahasilkeun panénjo ampir 360°.

Kamuflase[édit | sunting sumber]

Anyaran ieu kapanggih yén papatong bisa metakeun ilusi optik, nu disebut "kamuflase gerak" (motion camouflage), pikeun ngadodoho serangga séjén nu asup ka jajahanana. Nalika nyerang mangsana, papatong bisa metakeun gerak nu justru kawas nu teu usik, kitu cenah ceuk para panalungtik.

Klasifikasi[édit | sunting sumber]

Papatong Jarum

Papatong Purba (Anisozygoptera)[édit | sunting sumber]

Sacara konvénsional, Anisoptera subordona aya gigireun "papatong purba" (Anisozygoptera, dua spésiés hirup kénéh, nu lianna mah geus lastari), tapi anyaran ieu aya katangtuan yén Anisozygoptera téh ngabentuk susunan parafilétik salaku dulur primitif Anisoptera. Ku kituna, Anisoptera diturunkeun kana infraordo, jadi subordo anyar Epiprocta (papatong sacara umum).

Papatong vs. papatong jarum[édit | sunting sumber]

Papatong jarum (Subordo Zygoptera) di urang mah sok disaruakeun jeung papatong biasa, padahal béda: papatong jarum mah mun keur eunteup jangjangna tara mébér, béda jeung papatong nu salawasna mébér. Ogé panonna, papatong jarum mah misah, sedengkeun papatong mah ampir paadek. Duanana kaasup Odonata, nu mibanda daur hirup nu sarupa.

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Dragonfly, Wikipédia édisi basa Inggris per 8 Januari 2006.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikispecies
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca


Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap