Pompeii

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wewengkon Arkéologis Pompeii, Herculaneum, jeung Torre Annunziata*
Loka Warisan Dunya UNESCO

Jalan sepi di Pompeii
Nagara Itali
Tipeu Budaya
Kriteria iii, iv, v
Rujukan 829
Wewengkon Éropa jeung Amérika Kalér
Koordinat 40°45′04″N 14°29′13″E / 40.751°N 14.487°E / 40.751; 14.487
Sajarah inskripsi
Inskripsi 1997  (Sési ka-21)
* Ngaran saperti nu diterangkeun dina Daptar Warisan Dunya.
Wewengkon saperti nu diklasifikasikeun ku UNESCO.

Pompeii mangrupakeun ruruntuk kota Romawi deukeut Naples di wewengkon Campania, Itali. Kota ieu ancur nalika bituna gunung Vesuvius taun 79. Bituna gunung ieu ngubur kota ieu sajero sababaraha méter sahingga leungit tapakna salila 1600 taun. Ruruntuk kota ieu teu kahaja kagali deui, nepi ka kiwari jadi modél kota jaman Romawi nu kacida lengkepna. Ku kituna, ruruntuk kota ieu téh jadi pangirutan wisata Itali sarta jadi Loka Warisan Dunya UNESCO.

Lokasi[édit | sunting sumber]

Pompeii perenahna aya dina koordinat 40°45′00″N 14°29′10″E / 40.75000°N 14.48611°E / 40.75000; 14.48611, tenggaraeun Naples, deukeut kota suburban modéren Pompei. Kota ieu aya dina gawir nu kabentuk ku aliran lahar ka kaléreun sungut Walungan Sarno (dina jaman kuna mah katelahna téh Sarnus). Kiwari, Pompeii téh perenahna nyisi, padahal dina mangsana mah leuwih deukeut ka basisir.

Dina abad ka-1, Pompeii téh mangrupa salah sahiji kota nu aya di sabudeureun gunung Vesuvius. Pangeusina makmur walatra tina hasil tatanén, kusabab taneuhna subur. Kota sabudeureunana, dina kajadian bituna gunung Vesuvius taun 79 téh, misalna Herculaneum, ogé ngilu ancur.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Kota ieu diadegkeun kira abad ka-6 SM ku Osci atawa Oscans, hiji jalma ti Itali tengah. Nu balayar ti Yunani jeung Punisia sok nyimpang ka dieu. Nalika bangsa Etruscan ngancam rék nyerang, Pompeii ngabalad jeung Yunani, sahingga ngawasa Teluk Naples. Dina abad ka-5 SM, bangsa Samnite nalukkeun kota ieu (sarta sakabéh kota-kota Campania), lajeng pangawasa anyar ngaropéa arsitéktur sarta ngalegaan kotana.

Pompeii jeung Campania Romawi

Nalika Campania merangan Roma, Pompeii ngilu mantuan, tapi taun 89 SM justru diperuhkeun ku Sulla. Najan perjurit Liga Sosial nu dipingpin ku Lucius Cluentius ngilu mantuan ngalawan Roma, dina taun 80 SM Pompeii dipaksa nyerah sanggeus Nola taluk. Kota ieu lajeng jadi koloni Romawi maké ngaran Colonia Cornelia Veneria Pompeianorum. Kota ieu jadi jalur niaga penting nu datang ti sagara sarta kudu dikirim ka Roma atawa Itali Kidul.

Taun 62, aya lini nu lumayan ngaruksak Pompeii jeung sababaraha kota Campania. Antara taun 62 jeung bituna taun 79, kota ieu téh diwangun deui, malah leuwih loba sarta ditambahan ku rupa-rupa ornamén/hiasan seni.

Dikubur Vesuvius[édit | sunting sumber]

Pangeusi Pompeii, geus sababaraha taun ngarasakeun lini di kotana, tapi 5 Pébruari 62[1] mah linina téh kawilang tarik, sahingga ngaruksak basisir jeung kota Pompeii. Balukar tina ieu lini téh can kabéh kaoméan nalika gunungna bitu [2]. Tapi, sigana mah si lini téh sipatna téktonik, lain alatan gerakan magma dina beuteung Vesuvius[3].

Sanggeus taun 62, lini nu leuwih leutik lumangsung deui taun 64; kacatet dina ku Suetonius dina biografina Nero[4], dina De Vita Caesarum, jeung ku Tacitus dina Pustaka XV Annals (Tacitus)|Annales[5] kusabab lumangsung nalika Nero keur di Naples munggaran midang di téater publik. Suetonius nyatet yén lini téh teu dianggap ku kaisarna, sarta terus tembang nepi ka anggeusna, sedengkeun Tacitus nyatetkeun yén téaterna runtuh nalika keur évakuasi.

Pangarang Pliny the Younger nyebutkeun yén lini téh "teu dianggap salaku hiji totondén, sabab geus teu anéh di Campania mah" ("were not particularly alarming because they are frequent in Campania").

Pompeii jeung kota lianna keuna ku bituna Gunung Vesuvius. Awan hideung nunjukkeun distribusi lebu. Gurat basisir kiwari katingali oge dina gambar ieu.

Awal agustus 79, cinyusu jeung sumur-sumur ngadadak galaring[6]. Lini leutik mimiti karasa 20 Agustus 79[7], sarta beuki mindeng dina opat poé salajengna. Totondén kitu téh teu dianggap, nepi ka pasosoré 24 Agustus, gunungna mimiti bitu, nepi ka ngubur Pompeii jeung pilemburan lianna. Poé éta téh, kabeneran, dina budaya Romawi mah mangrupakeun poé Vulcanalia, péstipal déwa seuneu.

Aya saksi mata anu salamet tina kajadian ieu, sakumaha kacatet dina Pliny the Younger dina rupa dua surat[8] ka ahli sajarah Tacitus. Ti imah emangna di Misenum, kira 35 km ti Vesuvius, Pliny nempo bituna Vesuvius: méga hideung kaluar tina sungut gunung, nu beuki lila beuki turun nutupan sakabéh wewengkon di sabudeureunana.

"Méga" dina Pliny the Younger téh taya lian ti nu ayeuna disebut aliran piroklastik, nyaéta méga/awan gas superpanas, lebu, jeung batu nu muncrat tina gunung api. Pliny nyebutkeun yén pas bitu téh karasa aya lini leutik sababaraha kali nu dituturkeun ku lini badag. Manéhna ogé nyebutkeun yén wewengkon basisir, nyusul lini anu badag, katarajang sunami.

Tilem salila 16 abad[édit | sunting sumber]

Sapasang sastrawan: lapisan lilin dina tablét kai nu bisa dilééhkeun sarta dipaké deui.

Dua kota nu kakubur keusik gunung téh lila-lila kapopohokeun. Herculaneum kapanggih taun 1738, sedengkeun Pompeii 1748. Sabenerna mah éta dua kota téh geus kagali taun 1599, ku arsiték nu ngaranna Fontana, nalika keur ngagali saluran anyar pikeun walungan Sarno, tapi ari bener-bener digalina (pikeun ngabongkar éta ruruntuk kota) mah kakara leuwih ti 150 taun ti harita. Raja Charles VII ti Dua Sisilia ngarojong pisan kana ieu tarékah, malah nalika anjeunna geus jadi raja Spanyol. Ékskavasi taun 1860 dipingpin ku Giuseppe Fiorelli. Anjeunna pisan nu boga ide pikeun nyuntikkeun plaster kana lolongkrang nu ditinggalkeun ku awak nu alancur, sahingga bisa némbongkeun kaayaan para korban Vesuvius sagemlengna.

Aya nu nyebutkeun (tanpa bukti) yén Fontana (nu munggaran manggihan ruruntuk kota téa) téh manggihan sababaraha frésko érotik/jorang titinggal Pompeii. Ngan, kusabab harita mah karya sarupa kitu téh dipahing pisan, anjeunna lajeng ngubur deui éta titinggal arkéologis. Kamungkinan ieu bukti dina laporan nu ngagarali salajengna, nu nyebutkeun yén situs éta téh geus aya nu kungsi ngadatangan, sarta geus dikubur deui.

Rohangan sawala, balong, paimahan, sarta sababaraha vila nu kagali horéng loba nu kawilang weuteuh kénéh. Di deukeut Pompeii kapanggih aya hiji hotél nu legana 1.000 méter persegi; ayeuna katelah "Grand Hotel Murecine".

Pompeii téh mangrupakeun hiji-hijina kota kuna nu struktur topografis sagemblengna weuteuh, tanpa modifikasi atawa tambahan. Wangunan-wangunanana teu sumebar dina 'tata kota' sakumaha nu sok katempo di kota-kota Romawi, sabab kaayaan taneuhna nu teu rata, tapi jalanna lalempeng, luyu jeung tradisi Romawi; dibalay ku batu poligonal nu diaping ku toko-toko jeung paimahan di sisina.

Karuksakan alatan lini, longsor, jeung gunung bitu[édit | sunting sumber]

Jalan nu sepi di Pompeii

Salah sahiji nu keur ditalungtik kiwari téh ngeunaan struktur wangunan nu keur dijieun dina mangsa gunung bitu (ruksak alatan lini taun 62). Sababaraha lukisan heubeul nu ruksak sigana geus diganti ku nu anyar. Pangna nepi ka sapuluh taun lilana téh, sigana mah, kusabab sapanjang sapuluh taun éta mah kota Pompeii téh terus-terusan digeder ku lini (vulkanik), nu ditungtungan ku bituna gunung Vesuvius.

Dina mangsa munggaran digali, lapisan lebu gunung téh tétéla loba ngubur manusa. Kusabab lapisanana téh kawilang teuas, Giuseppe Fiorelli boga akal ngeusian lolongkrang urut manusa téh ku plaster, sahingga hasilna mangrupa dedegan manusa pangeusi Pompeii nu teu bisa ngejat tina hujan lebu (tingal [9], [10], [11]). Dina sababaraha hasil mah katémbong pisan kaayaan soak nu karandapan ku éta korban.

Korban gunung bitu

Para ahli géologi migunakeun karakteristik magnétik batu, talawéngkar, jeung pasésaan nu aya di Pompeii pikeun ngaduga-duga suhu aliran piroklastik nu ngubur ieu kota. Hasilna nunjukkeun yén awan lebu téh suhuna nepi ka 850 °C nalika kaluar tina sungut Vesuvius. Pas nepi ka kota mah suhuna turun nepi ka kurang ti 350 °C, antara 240 jeung 340 °C (Cioni et al., 2004).

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Pompeii, Wikipédia édisi basa Inggris (17 Maret 2006).
  • Senatore, M.R., J.-D. Stanley, and T.S. Pescatore. 2004. Avalanche-associated mass flows damaged Pompeii several times before the Vesuvius catastrophic eruption in the 79 C.E. Geological Society of America meeting. Nov. 7-10. Denver. Abstract.
  • Maiuri, Amedeo, Pompeii, pp, 78-85, in Scientific American, Special Issue: Ancient Cities, c. 1994.
  • Cioni, R.; Gurioli, L.; Lanza, R.; Zanella, E. (2004). "Temperatures of the A.D. 79 pyroclastic density current deposits (Vesuvius, Italy)". Journal of Geophysical Research-Solid Earth 109.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg