Prasajarah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Prasajarah hartina mangsa/periode dina sajarah manusa nu ngawengku sadaya sajarah saméméh ayana pangabisa nulis (nu nandakeun awal sajarah tinulis).

Yuga[édit | sunting sumber]

Prasajarah ngawengku mangsa/periode dina sajarah manusa nu taya/teu kapanggih catetan nu salamet. Najan loba nu teu sapuk ngeunaan munggaran mangsa prasajarah, sacara umum bisa ditarima yén mangsa prasajarah dimimitian kira 100000 nepi ka 200000 taun ka tukang, nalika ayana manusa modéren munggaran Homo sapiens. Tapi, aya ogé nu nyebutkeun yén mangsa prasajarah dimimitian leuwih lila ti éta, ku kapanggihna pakakas munggaran kira 2,5 yuta taun ka tukang di wewengkon ku kiwari katelah Olduvai Gorge. Ogé aya nu matok ka mangsa Homo erectus 1,5 yuta taun ka tukang, atawa mangsa Cro-Magnon kira 40000 MM.

Mangsa pungkasan prasajarah ogé teu réngsé dipaséakeun. Di Mesir, sacara umum ditampa yén prasajarah ditutup kira 3500 MM, sedengkeun di Gini Anyar mah leuwih anyar, taun 1900-an.

Émbaran ngeunaan mangsa prasajarah ilaharna dumasar kana hasil panalungtikan artéfak/titinggal para manusa kuna.

Sistim yuga[édit | sunting sumber]

Prasajarah mindeng dibagi kana sistim tilu yuga. Sistim ieu ngabagi prasajarah manusa kana tilu mangsa, nu dingaranan dumasar téhnologi nu ilahar dipaké dina mangsa éta.

Yuga Batu[édit | sunting sumber]

Yuga Batu nyaéta mangsa nalika manusa nyieun pakakas tina batu. Kai, tulang, jeung bahan séjénna ogé dipaké, tapi hususon batu leuwih awét sarta leuwih kapaké pikeun ngeureut & pakarang. Mangsa yuga ieu ambigu, gumantung kaadaban di masing-masing wewengkon, nu ngawengku

  • Paléolitik – Yuga Batu Buhun. Ieu mangrupakeun yangsa batu pangkolotna, ti munggaran dipakéna batu ku hominid (kira 2 yuta taun ka tukang) nepi ka pungkas mangsa Pléistosin.
  • Épipaléolitik – dicirikeun ku dipakéna mikrolit, teu dibéda-bédakeun ku para sarjana. Ieu mangrupakeun tungtung mangsa Paléolitik dumasar sababaraha skéma klasifikasi nu dipaké na arkéologi.
  • Mésolitik – Yuga Batu Panengah. Dimimitian dina pungkasan mangsa Pléistosin kira 10000 taun ka tukang nepi ka dipikawanohna tatanén, nu titimangsana teu sarua di masing-masing wewengkon géografis.
  • Néolitik – Yuga Batu Ahir, ilaharna nujul ka mitembeyanana agrikultur. Sacara tradisional ieu téh mangrupa pamungkasan yuga batu, nu dituturkeun ku épipaléolitik Pléistosin jeung budaya Mésolitik Holosin awal ku ayana tatanén sarta dipungkas nalika dipakéna parabot logam dina Yuga Tambaga.
  • Kalkolitik atawa Énéolitik (ogé disebut "Yuga Tambaga") – parabot-parabot batu jeung logam, teu disaluyuan ku sadaya sarjana. Ieu mangrupa fase tumuwuhna kabudayan manusa.

Yuga Perunggu[édit | sunting sumber]

Yuga Perunggu dimimitian ku sumebarna pakakas tambaga jeung perunggu. Mangsa ieu ditandaan ku beuki majuna téhnologi olah logam sahingga bisa nyieun pakakas perunggu nu teuasna ngéléhkeun pakakas logam alami lianna nu geus aya.

Yuga Beusi[édit | sunting sumber]

Yuga Beusi nyaéta mangsa nalika beusi geus dipaké salaku bahan pakakas pangpunjulna. Mimiti kapanggih di Turki jeung Pagunungan Kaukasus kira 1203 MM, nu salajengna nyebar ka sakuliah kaadaban dunya. Polinésia can kungsi ngalaman Yuga Beusi nepi ka datangna bangsa Éropah antara taun 1500 nepi ka 1750. Yuga Beusi dipungkas ku ayana catetan tinulis.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Prehistory, Wikipédia édisi basa Inggris (28 Juni 2005).