Ranitidin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gambar:File:Ranitidine-A-3D-balls.png
Ranitidin
Ngaran sistimatik (IUPAC)
N-(2-[(5-[(Dimethylamino)methyl]furan-2-yl)methylthio]ethyl)-N'-methyl-2-nitroethene-1,1-diamine
Identifiers
Nomer CAS 66357-35-5
Sandi ATC A02BA02
A02BA07 (ranitidin bismut sitrat)
PubChem 3001055
DrugBank DB00863
ChemSpider 4863
Data kimia
Rumus C13H22N4O3S 
Mass. mol. ?
Synonyms Dimethyl [(5-{[(2-{[1-(methylamino)-2-nitroethenyl]amino}ethyl)sulfanyl]methyl}furan-2-yl)methyl]amina
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas 50% (Ngaliwatan baham)
Ikatan protein 15%
Metabolisme Liver: FMOs, kaasup FMO3; énzim lianna
Waktu paruh 2–3 jam
Eksresi 30–70% Ginjal
Therapeutic considerations
Licence data

US

Kat. kehamilan

B1(AU) B(US)

Legal status

Pharmacy Only (S2)(AU) GSL(UK)

Jalur ngaliwatan baham, Intravena (IV)

Ranitidin téh salah sahiji ubar golongan antagonis reseptor H2 histamin,[1] nyaéta ubar nu dipaké pikeun ngubaran kaayaan nu aya patalina jeung asam lambung dina beuteung.[2] Miboga fungsi pikeun nyingkahan sarta ngungkulan rasa panas dina beuteung, maag, jeung kasakit lianna nu disababkeun ku tukak lambung.[3] Ubar ieu dipikawanoh ogé salaku Zantac, sadia dina sababaraha bentuk kaasup tablét, jeung injéksi.[4][5]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Ubar ieu ogé dipaké pikeun ngubaran kasakit lianna nu aya dina beuteung jeung tikoro nu disababkeun ku lobana asam lambung, produksi asam lambung nu kaleuleuwihi bisa micu iritasi jeung peradangan dina dinding lambung jeung saluran pencernaan. kayaning erosive esophagitis jeung refluks asam lambung (gastroesophageal reflux disease, GERD).[2][3]

Ngaran lian sarta ngaran dagang[édit | édit sumber]

Ieu di handap sababaraha ngaran lian tina ranitidin:[1]

  • Ranitidina
  • Ranitidine
  • Ranitidinum

Sarta ngaran dagang tina ranitidin ieu:[4][6]

  • Ranitidin,
  • Ranitidine,
  • Ranitidine Hydrochloride,
  • Ranitidine HCL.
  • Acran,
  • Anitid,
  • Conranin,
  • Curadyn,
  • Fordin,
  • Gastridin,
  • Graseric,

Cara gawé[édit | édit sumber]

Sanggeus dahar, hormon gastrin nu diproduksi ku sel-sel di lapisan beuteung, ngarangsang leupasna histamin, nu tuluy aya patalina jeung reseptor histamin H2, nu nyababkeun sekresi asam lambung. Ranitidin ngurangan sekresi asam lambung kucara meungkeut reversibel ka reseptor histamin (H2), nu kapanggih dina sel parietal lambung. Proses ieu ngarah ka panghambatan meungkeut histamin ka reseptor ieu, nyababkeun ngurangan sekresi asam lambung. Nurunkeun gejala nu patali jeung asam lambung, bisa karasa sanggeus 60 menit nginum ubar ieu, sarta dan éfékna bisa lumangsung salila 4-10 jam, nurunkeun gejala kalawan gancang sarta éféktif.[1][3]

Cara maké[édit | édit sumber]

Ranitidin nyaéta ubar nu biasana diinum hiji nepi ka dua kali dina sapoé atawa saluyu jeung instruksi dokter. Dina sababaraha kaayaan, bisa nepi ka diresépkeun opat kali sapoé. Mun aneun nginum ubar ieu sakali dina sapoé, biasana kudu diinum sanggeus dahar ti peuting atawa saacan saré.[3] Turutkeun paréntah dokter sarta kudu maca katerangan nu aya dina kemasan saacan maké ranitidin. Ulah ngagandakeun dosis atawa ngurangan dosis. Ranitidin bisa diinum sanggeus atawa saacan dahar, usahakaeun pikeun nginum ubar ieu dina jam nu sarua unggal poéna supaya ubar ieu bisa leuwih éféktif gawéna.[2][3]

Hal nu kudu diperhatikeun[édit | édit sumber]

Ieu di handap sababraha hal nu kuu diperhatikeun saacan nginum ranitidin:[4][2]

Pikeun awéwé nu keur kakandungann, can aya panalungtikan nu ngabuktikeun yén ubar ieu miboga pangaruh. Numutkeun US Food and Drugs Administration atawa FDA ubar ieu asup kana résiko kahamilan kategori B nu hartina teu miboga résiko dina sababaraha panalungtikan. [2]

Interaksi ubar[édit | édit sumber]

Ranitidin bisa nyababkeun sababaraha interaksi ubar mun diinum babarengan jeung ubar séjénna. Ieu di handap sababaraha interaksi ubar nu bisa karandapan:[4]

  • Bisa ningkatkeun konsentrasi serum jeung ngalambatkeunabsorpsi ranitidin ku saluran pencernaan, mun dipaké babarengan jeung propantheline bromide.
  • Ngahambat metabolisme teofilin, diazepam, jeung propanolol dina organ haté.
  • Ngaganggu panyerepan ubar-ubar nu tingkat panyerepanna dipangaruhan ku pH, kayaning ketoconazol jeung midazolam.
  • Nurunkeun bioavailabilitas ranitidin, mun dipaké babarengan jeung obat antasida.
  • Atazanavir, pamakéan ubar ieu jeung ranitidin bisa nyababkeun panyerapan atazanavir nu jadi ngurangan éféktivitasnya,[7]
  • Dasatinib, nginum dasatinib babarengan jeung ranitidin ilaharna mah teu dianjurkeun. Ranitidin bisa ngaganggu penyerepan dasatinib kana jero getih nu bisa nyababkeun ubar ieu kurang éféktif dina ngubaran kanker,[8]
  • Loperamid, pamakéan ranitidin jeung loperamid bisa sacara signifikan ninngkatkeun kadar loperamide dina getih. IIeu bisa nyababkeun komplikasi serius sarta miboga poténsi parna kayaning ratug jantung jadi teu taratur sarta eureunna jantung, utamana mun dosis nu dipaké leuwih ti dosis nu dianjurkeun, [9]
  • Neratinib, kucara ngurangan tingkat keasaman dina beuteung, ranitidin bisa ngaganggu panyerepan neratinib jeung ngurangan éféktivitasna,[10]
  • Salian ti interaksi jeung ubar lian, ranitidin ogé bisa nyababkeun interaksi jeung kaayaan kaséhatan pasén, contona panyakit ginjal, haté sarta prophyria.[4]

Éfék samping[édit | édit sumber]

Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Sababaraha éfék samping nu ilahar karandapan sanggeus nginum ranitidin kayaning sebel jeung utah, nyeri sirah,[11] insomnia, vértigo, ruam kulit, konstipasi, diaré.[5] Tapi mun ngarandapan éfék samping nu leuwih parna kayaning nyeri beuteung, teu hayang barangdahar, cikiih kiruh, kulit babari geuneuk, ratug jantung nu naék turun teu taratur, buuk murudul, linglung, halusinasi, panyakit konéng, gera tepungan dokter keur pamariksaan nu leuwih serius.[4]

Kontrovérsi[édit | édit sumber]

Dina tanggal 13 Séptémber 2019, FDA ngabéwarakeun yén tés saacanna manggihan kandungan N-nitrosodimethylamine atawa NDMA di ranitidin, ubar maag nu ilahar dipaké.[12][13] Lian ti éta, Badan Pemeriksa Obat dan Makanan (BPOM) geus ménta perusahaan farmasi pikeun ngeureunkeun sarta narik ubar Ranitidin kusabab ngandung N-Nitrosodimethylamine atau NDMA.[14]

NDMA mangrupa zat nu sabenerna teu bahaya mun diinumm dina batas normal, ngan BPOM manggihan kandungan di luhureun batas normal nu nyababkeun NDMA jadi miboga sifat karsinogenik atawa bisa micu kanker, ku kituna ubar ieu geus kungsi ditarik tina pasaran. Tapi teu kungsi lila, BPOM méré ijin deui pikeun ubar ieu dipasarkeun, kusabab sanggeus dilakukeun panalungtikan ngeunaan ambang batas normal batas cemaran N-Nitrosodimethykamine (NDMA) nu kakandung dina ranitidin. NDMA ogé dipiwanoh salaku pencemar lingkungan nu aya dina cai, daging, sayuran, jeung produk susu. Studi global mutuskeun yén nilai ambang batas cemaran NDMA di ijinkeun nyaéta 96 mg/sapoé. Mun diinum di luhureun batas normal unggal poe dina jangka wkatu nu lila, miboga poténsi karsinogenik.[15]

Tutumbu luar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c "Ranitidine". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-30. 
  2. a b c d e "Ranitidine: Uses, Dosage, Side Effects, Warnings". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-30. 
  3. a b c d e "Ranitidine : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-30. 
  4. a b c d e f "Ranitidin". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-30. 
  5. a b "Drugs & Medications". www.webmd.com. Diakses tanggal 2020-06-30. 
  6. Putrikrislia, Ursula Penny. "Obat Ranitidin: Dosis, Kegunaan, Efek Samping". Informasi Kesehatan dan Tips Kesehatan - Dokter Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-30.  Archived 2020-08-10 di Wayback Machine
  7. "Atazanavir and ranitidine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-30. 
  8. "Dasatinib and ranitidine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-07-01. 
  9. "Loperamide and ranitidine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-07-01. 
  10. "Neratinib and ranitidine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-07-01. 
  11. "Ranitidine | Kandungan, Indikasi, Efek Samping, Dosis, Obat Apa". Farmasi-id.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-07-01. 
  12. ScD, Joshua Gagne, PharmD. "Popular heartburn drug ranitidine recalled: What you need to know and do". Harvard Health Blog (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-06-30. 
  13. Commissioner, Office of the. "FDA Requests Removal of All Ranitidine Products (Zantac) from the Market". FDA. Diakses tanggal 2020-06-30. 
  14. Media, Kompas Cyber. "Ranitidin Dapat Diedarkan Kembali, Ini Penjelasan BPOM Halaman 2". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-06-30. 
  15. "Ranitidin, Obat Asam Lambung yang Diduga Picu Kanker". nasional (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-30.