Universal Serial Bus

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Konéktor USB (Tipe A jeung B)
Colokan USB Séri “A”

Universal Serial Bus (USB) nyaéta standar beus sérial kana parangkat antarbeungeut. Barétona dirancang pikeun komputer-komputer saperti PC jeung Apple Macintosh, tapi lantaran popularitasna, kiwari USB geus ilahar dipaké dina video game console, PDA, telepon sélulér; malah keur parangkat saperti televisi jeung parabotan home stereo (contona, pamuter MP3), jeung parangkat mémori nu portabel.

Spéktrum radio anu dumasar kana impléméntasi USB katelahna Wireless USB.

Sawangan[édit | sunting sumber]

Sistim USB mibanda rancangan anu asimétris, ngawengku ranté host controller jeung multiple daisy-chained device. USB hub tambahan bisa diasupkeun dina éta ranté, nu ngidinan ayana percabangan nu ngawangun struktur tangkal (tree structure) nepikeun ka lima tingkat percabangan dina unggal kontrolerna. Unggal USB host meunang miboga sababaraha host controller sarta unggal host controller bisa nyadiakeun hiji términal USB atawa leuwih. Nepikeun ka 127 parangkat, kaasup parangkat beusna, bisa disambungkeun kana hiji host controller.

Parangkat-parangkat USB silisambung sacara séri ngaliwatan hub. Diperlukeun sahenteuna hiji hub anu katelah root hub, anu biasana ngahiji jeung host controller. Aya oge hub-hub anu dipaké babarengan, disebutna sharing hub, anu ngidinan leuwih ti hiji komputer ngaksés kana périferal anu sarua, boh ku cara aksés nu siligenti antara PC sacara otomatis atawa sacara manual. Hub nu dipaké babarengan ieu kawéntar pisan dina pamakéan di kantor-kantor, utamana kantor leutik. Pikeun ngurangan perluna hub USB, komputer ayeuna mah USB port-na loba, umumna aya genep. Komputer déstop nu pangmodérenna miboga nepi ka satengahna términal USB dina panél hareupna, sawaréhna di panél tukang. Nu di hareup ieu dipaké pikeun konéksi parangkat portabel samentara.

USB dirancang keur ngahubungkeun périperal tanpa perlu nyolokkeun kartu ékspansi kana beus ISA, EISA, atawa PCI-na komputer, sarta pikeun ningkatkeun kamampuan plug-and-play ku jalan nga-hot-swap parangkat (disambungkeun atawa dipegatkeun hubungannana tanpa maéhan power atawa rebooting komputer). Nalika hiji parangkat munggaran dihubungkeun, host bakal ngitung (nyebutan hiji-hiji) sarta ngaku parangkat éta, sarta ngaluarkeun driver parangkat nu diperlukeun. USB bisa ngahubungkeun périperal saperti mouse, keyboard, gamepad jeung joystick, scanner, kaméra digital, printer, panyimpen éksternal, komponén jaringan, jeung sajabana. Keur sababaraha parangkat saperti scanner jeung kaméra digital, USB geus jadi métode konéksi standar. USB ogé digunakeun sacara lega keur ngahubungkeun printer nu teu boga hubungan ka jaringan, ngaganti port paralél nu loba dipigunakeun; USB ngabasajankeun hubungan sababaraha printer kana hiji komputer. Nepi ka taun 2004 aya 1 miliar parangkat USB di dunya. Dina 2005, ukur périperal kelas lega nu henteu bisa migunakeun USB, alatan perlu data rate nu leuwih luhur tibatan nu bisa disadiakueun ku USB, nyaéta display jeung monitor, sarta komponén video kualitas luhur.

Standarisasi[édit | sunting sumber]

Rancangan USB distandarisasi ku USB Implementers Forum (USB-IF), hiji badan standar isndustri mangrupakeun gabungan pausahaan-pausahaan mapan dina widang isndustri komputer jeung éléktronik. Anggotana kaasup diantarana Apple Computer, Hewlett-Packard, NEC, Microsoft, Intel, jeung Agere.

Dina taun 2006, spésifikasi USB nepikeun ka vérsi 2.0 (kalayan révisi). Hewlett-Packard, Intel, Lucent, Microsoft, NEC, jeung Philips babarengan ngamimitian inisiatif keur ngawangun rarata transfer data nu leuwih luhur tibatan spésifikasi 1.1 Spésifikasi USB 2.0 dikaluarkeun dina bulan April 2000 sarta distandarisasi ku USB-IF din aahir 2001. Kaluaran saméméhna nu kacatet nyaéta spésifikasi 0.9, 1.0, jeung 1.1. Parangkat nu migunakeun vérsi standar USB mana waé ogé, bisa dipaké dina parangkat nu dirancang dina spésifikasi saméméhna (disebut: kasaluyuan ka tukang, basa Inggris:backwards compatibility).

Colokan jeung wadah (stéker jeung stop kontak) keur USB nu leuwih leutik, disebut Mini-A jeung Mini-B, ogé aya, nu ditetepkeun ku On-The-Go Supplement to the USB 2.0 Specification. Dina 2 Agustus 2006, spésifikasi ieu nepi ka révisi 1.2.

Detil téhnis[édit | sunting sumber]

USB ngahubungkeun sababaraha parangkat ka host controller ngaliwatan ranté hub. Dina istilah USB, parangkat dirujuk minangka fungsi (function), sabab dina tiori, anu ku urang dipikawanoh minangka parangkat sabenerna bisa jadi tempat sababaraha fungsi, saperti router anu bisa jadi mangrupa pamaca Secure Digital Card dina waktu nu sarua. Hub-hub mangrupakeun parangkat nu boga guna husus nu henteu sacara resmi dianggap fungsi. Nu sok aya waé téh, hiji hub minangka root hub, nu dipasang langsung kana host controller.

Alat/fungsi (jeung hub) ieu boga pipa (kanal logis) nyambung nu mangrupakeun sambungan ti kadali host kana hiji entitas logis dina alat nu disebut titik tungtung (endpoint). Pipah ieu sarua jeung aliran bita (byte stream) kawas dina jalur pipa (pipeline) bogana Unix, numana istilah endpoint oge (istilah nu goreng) dipake keur ngamaksudkeun kana sakabeh pipa, sok sanajan dina dokumentasi USB standar oge.

Titik tungtung ieu (sarta pipa nu patuturutna) dinomeran 0-15 dina unggal arahna, sahingga hiji alat/fungsi bisa boga tepikeun ka 32 pipah aktip, 16 ka jero jeung 16 ka luar. (arah OUT bisa dihartikeun kaluar tina host controller sarta arah IN hartina asup kana host controller.)

Unggal titik tungtung bisa nransfer data ukur saarah, boh ka jero atawa ka luareun alat/fungsi, sahingga unggal pipa mangrupakeun pipa saarah. Titik tungtung 0 disadiakeun keur manajemen beus dua arah sarta jadina aya 32 titik tungtung — sakabeh alat USB kudu nerapkeun titik tungtung 0, sahingga pasti ukur aya pipa asup jeung kaluar nu dinomeran 0 dina alat nu siga kumaha wae oge.

Dina pipah ieu, data dikirimkeun mangupa paket nu panjangna rupa-rupa. Unggal pipah boga hiji panjang paket makimum, ilaharna 2^n bita, sahingga paket USB bakal mindeng ngandung hiji hal anu runtuyanana 8, 16, 32, 64, 128, 256, 512 atawa 1024 bita.

Pipah eta dibagi oge jadi opat kategori nu beda-beda dumasar kana tipe transferna:

  • transfer kadali - ilaharna dipake keur parentah pondok tur basajan kana pakakas, katut tanggepan statusna, nu dipake contona ku pipah kadali beus nomer 0
  • tranfer isokron - dina sababaraha guaranteed speed (mindeng tapi teu perlu sagancang-gancangna) tapi kalayan rugi data nu mungkin (possible data loss), contona audio jeung video wanci nyata
  • transfer interupsi - pakakas nu merlukeun tanggepan nu gancangna kajamin (bounded latency), conton pakakas panunjuk (pointing device) jeung keyboard
  • transfer nu gedé (bulk transfer) - transfer sporadis nu gede make rubak pita nu aya nu nyesa (tapi tanpa jaminan kana rubak pita atawa latency), contona transfer koropak (file transfer).

Nalika hiji pakakas (fungsi) atawa hub dicolokkeun kana host controller ngaliwatan hub naon wae dina beus, harita oge dibere 7 alamat bit nu unik dina beus ku host controller.

Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.

Kelas alat nu sering dipake (dikelompokkeun dumasar ID kelas nu didaptarkeun) nyaeta:

0x00 
Reserved value - used in the device descriptor to signify that the interface descriptor holds the device class identifier for each interface.
0x01 
USB audio device class, sound card-like devices.
0x03 
USB human interface device class ("HID"), keyboards, mice, etc.
0x06 
Still image capture device class, identical to the Picture Transfer Protocol as used across USB
0x07 
USB printer device class, printer-like devices.
0x08 
USB mass storage device class used for flash drives, portable hard drives, memory card readers, digital cameras, digital audio players etc. This device class presents the device as a block device (almost always used to store a file system).
0x09 
Hub USB.
0x0A 
USB communications device class used for modems, network cards, ISDN connections, Fax.
0x0E 
USB video device class, webcam-like devices, motion image capture devices.
0xE0 
Wireless controllers, for example Bluetooth dongles.
0xFF 
Custom device class - used to establish that a device or interface does not support any standard device class and requires custom drivers.

Pasinyalan USB[édit | sunting sumber]

Pasinyalan USB[édit | sunting sumber]

Nomer suku (ditempo dina sokét):

USB TypeAB Connector Pinout.svg

Panetepan suku[1]
Suku Fungsi
  1 VBUS (4.75–5.25 V)
  2 D−
  3 D+
  4 GND
  Shell Shield

Tempo Ogé[édit | sunting sumber]

Keur beus lianna, tempo:

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]

Wikibooks
Wikibooks bisa leuwih écés ngeunaan subjék ieu: