Lompat ke isi

Abah Anom

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
K.H. Ahmad Shohibulwafa Tajul Arifin
(Abah Anom)
Pamingpin Pasantrén Suryalaya
Gumelar1 Januari 1915 [1]
Suryalaya, Tasikmalaya, Hindia Walanda
Tilar dunya5 Septémber 2011 (yuswa 96)
Tasikmalaya, Jawa Kulon
PagawéanUlama, Mursyid Thoriqoh Qodiriyah Naqsyabandiyah
Dipikawanoh salaku/lantaranPamingpin Pasantrén Suryalaya, Program Inabah
KolotnaAbah Sepuh (Syeikh Abdullah Bin Nur Muhammad), Hj. Juaerah [2]
Situs web
www.suryalaya.org

Abah Anom (lahir di Tasikmalaya, 15 Januari 1915) nyaéta Kiai Kahot, Pamingpin Pasantrén Suryalaya di Tasik.[3] Ngaran pituinna Shohibulwafa Tadjul Arifin.[4] Disebut Abah Anom ogé alatan sepuhna nu kawentar ku sebutan Abah Sepuh. Mangsa budakna, Tajul Arifin téh kungsi sakola di Vervolgschool di Ciamis (1928), tuluy diajar di pasantrén-pasantrén nu aya di sabudeureun Ciamis jeung Tasikmalaya.[5] Sanggeus diajar élmu hikmah ti ramana, anjeunna mangkat haji.[6]

Taun 1950, nalika yuswa anjeunna 35 taun anjeunna mingpin pasantrén Suryalaya.[7] Dina mangsa kamerdékaan, ieu pasantrén kungsi jadi panyalingkeran A.H. Nasution, Solihin G.P, jeung Umar Wirahadikusumah.[8] Kiwari ieu pasantrén kawentar minangka Puseurna Tarékat Qodiriyyah Naksabandiyyah (TQN) di Indonésia.[9]

Karyana anu paling nyongcolang taya lian nyaéta konsep zikir pikeun ngubaran korban kacanduan narkoba.[10] Ti taun 1980-an, pasantrén nu diluluguanana narima korban narkoba atawa barudak anu bangor pikeun diaping.[11] Diapingna téh dilakonan ku cara ngamalkeun zikir. Hasilna, rébuan rumaja bisa cageur deui, malah taro'at ka Allah swt.[12] Sanajan aya ogé anu teu beunang dicageurkeun, tatapina program ieu (Inabah) kiwari geus kawentar nepi ka mancanagara.[13]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. "Sajarah Pondok Pesantren Suryalaya". suryalaya.org. Diaksés tanggal 23 Januari 2026.
  2. Abdussalam, Aam (2008). Pribadi nan Bersahaja. Tasikmalaya: Yayasan Serba Bakti. hlm. 5.
  3. Salahudin, Asep (2013). Abah Anom: Menembus Relung Hati yang Dalam. Nuansa Cendekia. hlm. 25. ISBN 978-602-8397-91-3.
  4. "Riwayat Singkat KH. A. Shohibulwafa Tajul Arifin (Abah Anom)" (Dina basa Indonesia). Loka resmi Pondok Pesantren Suryalaya. Diaksés tanggal 23 Januari 2026.
  5. Abdussalam, Aam. (2008). Pribadi nan Bersahaja: Biografi K.H.A. Shohibulwafa Tajul Arifin. Tasikmalaya: Yayasan Serba Bakti. hlm. 18.
  6. Syarifuddin, H. (2011). Menelusuri Jejak Langkah Abah Anom. Tasikmalaya: Sekretariat Pesantren Suryalaya. hlm. 32.
  7. "Sajarah Pondok Pesantren Suryalaya". suryalaya.org. Diaksés tanggal 23 Januari 2026.
  8. Abdussalam, Aam (2008). Pribadi nan Bersahaja: Biografi K.H.A. Shohibulwafa Tajul Arifin. Tasikmalaya: Yayasan Serba Bakti. hlm. 45.
  9. Ajip Rosidi (ed.) (2003) Apa Siapa Orang Sunda. BandungL Kiblat Buku Utama
  10. "Metode Inabah di Pondok Pesantren Suryalaya". suryalaya.org[tumbu nonaktif]. Diakses ping 23 Januari 2026.
  11. "Profil Inabah Pondok Pesantren Suryalaya". suryalaya.org (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 23 Januari 2026.
  12. Mustaqim, Muhamad (2015). [[tautan mencurigakan telah dihapus] Model Rehabilitasi Korban Penyalahgunaan Narkoba dengan Dzikir Tanbih]. ADDIN: Media Dialektika Ilmu Islam. Vol. 9, No. 1, hlm. 155-178.
  13. Damanik, Ahmad Syafi'i (2002). K.H. Shohibulwafa Tajul Arifin: Pengabdian dan Karya Nyata Abah Anom. Jakarta: Logos Wacana Ilmu. hlm. 88. ISBN 9789796261242.