Lompat ke isi

Umar Wirahadikusumah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Umar Wirahadikusumah
Wakil Présidén Indonésia ka-ka-4
Masa jabatan
12 Maret 1983 – 11 Maret 1988
Présidén Suharto
Saméméhna Adam Malik
Sanggeusna Sudharmono
Katerangan lian
Gumelar 10 Oktober 1924
Sumedang, Jawa Kulon, Dutch East Indies
Pupus 21 Maret 2003 (yuswa 78)
Jakarta, Indonesia
Partéy pulitik Golongan Karya
Rélasi Agus Wirahadikusumah (alo)
Profési Militér
Ageman Islam
Pangabdian militér
Kasatiaan Bandéra Indonésia Indonésia
Layanan/cabang Angkatan Darat Indonésia
Lila ngabdi 1945–1973
Réngking Jéndral
Unit Kodam Siliwangi
Kodam Jaya
Kostrad
Komando Kodam Jaya
Kostrad
Angkatan Darat Indonésia
Patempuran/perang Révolusi Nasional Indonésia
Peristiwa Madiun
PRRI

Jend. TNI (Purn.) Umar Wirahadikusumah (gumelar di Situraja, Sumedang, Jawa Barat, 10 Oktober 1924 – maot di Jakarta, 21 Maret 2003 dina umur 78 taun) nyaéta Wakil Présidén Républik Indonésia kaopat, nu mangsa baktosna taun 1983-1988.

Riwayat Hirup

[édit | édit sumber]

di handap ieu riwayat singket Jend. Umar Wirahadikusumah :[1] Lahir dina tanggal 10 Oktober 1924 ti pasangan Raden Rengga Wirahadikusumah (Wedana Cibatu, Garut) jeung Nyi Raden Lesmana Ratnaningrum (Puri ti Patih Bandung Wetan).[1] Manéhna ngiluan latihan pamuda Seinendojo (Sunen Dancho) Tangerang (1943).[2] Nuluykeun pendidikan Chandra Muka (1951), SSK AD (1955) nepi Sus Jenderal (1966). Diajar di ELS (Europeesche Lagere School/SD) di Cicaléngka, MULO/SMP di Cimahi, Tasikmalaya.[1]

  • Dina masa pangdudukan Jepang nungtut élmu Seinendojo di Dago, Bandung jeung Tangerang terus dituluykeun Pendidikan PETA di Bogor.[1]
  • Sanggeus Proklamasi 17 Agustus 1945, manéhna miluan BKR, Cikal Bakal TNI jeung tugas di Divisi Siliwangi, manéhna pernah jadi Ajudan Kolonél A.H.Nasution, Panglima Divisi III Siliwangi.[1]
  • Salila tugas di Divisi Siliwangi anjeuna loba tugas dina operasi-operasi militer panumpasan pemberontak, saperti DI/TII Kartosuwiryo, PKI Madiun/Muso (Salila Hijrah Siliwangi), PRRI di Sumatera Kalér Gorombolan liar tukang ngaganggu kaamanan séjénna.
  • Saprak 31 Januari 1959, Letkol Umar Wirahadikusumah di angkat salaku komandan Komando Militér kota Besar Djakarta Raja (KMKB-DR), anu terus ditaékkeun jadi KODAM V Jaya ieu anjeuna nanggung jawab anu pohara gedéna, Salian kudu ngahadépan gangguan-gangguan kaamanan anu masih kénéh osok aya, anjeuna ogé kudu nanggung jawab kana kaamanan proyek-proyek gedé anu keur éta giat-giatna dilakonan ku Bung karno (OSOK DISEBUT PROYEK MERCUSUAR), Saperti : Monumén Nasional (MONAS), anu puncak seuneu lapis emasna pernah diteundeun di KODAM V/Jaya, Pemwangunan Gelora Senayan, Masjid Istiqlal, Hotél Indonésia jeung jakarta By Pass (ayeuna Jl. Jend. A. Yani).[1] Saprak éta, hubungan anjeuna jeung bung Karno jadi deukeut, malah anjeuna osok dipénta pikeun ngabaturan Bung Karno ka jatinegara lamun keur WAKUNCAR ka imah Yurike Sanger.[1]
  • Saprak aya kajadian pemberontakan G30S/PKI 1965, salaku PANGDAM V/Jaya anjeuna maénkeun peran penting jeung gancang bertindak jeung pangkostad Mayjen Soeharto jeung Komandan RPKAD Kol. Sarwo Edhie Wibowo ngancurkeun Gerakan éta.[1]
  • Tanggal 2 Desember 1965, anjeuna diangkat salaku Pangkostad jeung saterusna dina tanggal 4 Desember 1969 ngajabat salaku KASAD.[1]
  • Tanggal 10 Agustus 1973 diangkat salaku ketua BPK salila 2 (dua) periode nepi ka taun 1983, sanggeus éta dina tanggal 11 Maret 1988.[1]

Mantan Wakil Présidén RI ka-4 (1983-1988) Umar Wirahadikusumah ngantunkeun , kurang leuwih jam 17:53 WIB, Jum'at 21 Maret 2003 di Rumah Sakit Pusat TNI-AD Gatot Subroto, Jakarta Pusat, Sanggeus sempet dirawat intensif salila dua minggu.[3] Anjeuna hiji Putera Bangsa panghadéna anu jujur, handap haté, taat kana aturan maén jeung leuwih loba gawé daripada ngomong.[3] Mantan Ketua BPK ieu ogé kaasup relatif bersih tina KKN. Anjeuna ogé jalma anu legowo, teu ambisius, narima saayana.[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j (id)Biografi diakses 15 Juli 2015
  2. "Wakil Presiden - Situs Web Kepustakaan Presiden-Presiden Republik Indonesia". kepustakaan-presiden.perpusnas.go.id. Diakses tanggal 2021-12-13.  Archived 2021-12-13 di Wayback Machine
  3. a b c (id)Biografi[tumbu nonaktif] diakses 15 Juli 2015