Adat ngurus orok

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Adat ngurus orok ilaharna ku paraji salila 40 poé nalika utun atawa inji kaluar tina beuteung indungna, tuluy éta orok téh ditangkarakeun anu asal posisina nangkub sanggeus kitu orok téh di teundeun dina nyiru tuluy di tutupan ku samping (tina beuheung nepi ka sukuna).[1] Sanggeus kitu paraji tatahar ngurus indung éta orok (Adat Ngaraksa Nu Ngajuru). Di tuluykeun kana ngurus orok, samping anu tadi di paké nutupan téh dibuka tuluy paraji ngaracek bali jeung ngurut éta tali ari-ari, sabeulahna bagianana diurut kana arah beuteung éta orok jeung sabeulah deui kana arah bali. Sanggeus kitu éta ari-ari téh di talian ku bola tilu kali beungkeutan. Beungkeutan kahiji jarakna 2 ramo tina beuteung orok, beungkeutan kadua jarakna 2 ramo tina beungkeutan nu kahiji, beungkeutan katilu, 3 ramo tina beungkeutan nu kadua jeung. Sanggeus kitu maké landasan konéng temen jeung duit récéh di handapna, tali ari-ari nu tadi di teukteuk ku hinis. Bagian anu di teukteuk nyaéta antara bagian anu kadua jeung nu katilu. Duit anu dijadikeun landasan nyaéta duit ringgit atawa duit emas. Landasan éta miboga udagan sangkan éta orok ka hareupna bakal jadi budak gedé milik jeung séhat. Sanggeus tali ari-ari diteukteuk, éta orok dimandian ku cai haneut kuku. Sanggeus bérés éta orok di teundeun dina palupuh tuluy ditenjrag nyaéta suku paraji téh digentakan tilu kali di luhur palupuh, mimiti di belah luhur pas mastaka, kadua di belah katuhu, kadilu di belah kénca. Lamun imahna lain panggung biasana lain di tenjrag tapi digebrag, carana numbuk-numbukeun alu kana pangrih lobana tilu kali. Najan béda tapi tujuana mah sarua sangkan éta orok téh teu jadi budak anu reuwasa. Saeuncan ditenjrak atawa digebrag paraji osok macakeun runtuyan poé, tapi anu mimiti disebut poé kalahiran éta orok tuluy ngurut tina poé kalahiran orok contona orok téh lahir poé Ahad jadi paraji macakeuna Ahad, Senen, Salasa, Rebo, Kemis, Juma’ah, Sabtu anu di barengan ku jampé. Sanggeus kitu éta orok dibalur ku konéng anu geus di réndos, tujuana sangkan éta orok kulitna lemes. Sanggeus kitu diteundeun deui dina nyiru bari di salimutan. Tuluy di adzanan di Beulah katuhu jeung qomat di Beulah kénca. Tuluy paraji mawa éta orok ka hareupeun hawu, tuluy mawa wadah tarasi, tuluy éta orok diparancahan ku kekecapan jiga kieu “Utun (lamun lalaki) Inji (lamun awéwé) mangka ati-ati!ceuli ulah sadéngé-déngénaari lain déngéunana, pamon ulah sok saténjo-ténjona, ari lain ténjoeunana, irung ulah saambu-ambeuna ari lain ambueunana, sungut ulah saomong-omongna ari lain omongkeunana, suku ulah satincak-tincakeunana ari lain tincakeunana, leungeun ulah sok sacokot-cokotna ari lain cokoteunana.” Tuluy leungeun orok diasupkeun kana wadah tarasi, sanggeus paraji macakeun deui mantra-mantra, tuluy éta orok di bawa deui ka tempat anu tadi, tuluy halis éta orok di balur ku sasihung bawang bodas, maksudna sangkan halisna alus melengkung lir bawang bodas. Dina bahamna ditendeun gula atawa dibalur ku madu, sangkan éta orok téh amis budi. Sanggeus kitu biwirna di balur ku bawang beureum sangkan alus seurina, Tungtungna éta biwir orok téh dirapetkeun ku tapok jambé atawa cupat jambé maksudna sangkan biwirna teu jeubew. Sanggeus kitu dipaké keun tameuh atawa gurita, sanggeus tali pusar diobatan ku konéng tuluy dibedong jeung mastakana di kerudungi ku daun taleus hideung sangkan mastakana teu benjol. Sanggeus kitu mah éta orok téh di golérkeun deukeut indungna, sedengkeun deukeut mastakana disimpen aseupan butut di tonggengkeun jeung di corétan ku apu seupah sedengkeun di unggal sisi éta orok téh ditendeunan 2 bebegig anu dijieun tina sapu, anu hiji disebut Aki Maranak jeung hiji deui Nini Maranak. Tuluy dina piring aya puncak manik, endog hayam hiji, uyah guluntungan, cabé. Tuluy aya kanjut kundang, baréra, kisi, jeung peso. Di belah tungtung suku orok di teundeun dammar. Unggal poé, isuk-isuk jeung sore orok dimandian ku cai haneut , tuluy dibalur ku konéng anu geus di rendos nepika lemes. Sedengkeun bujalna dibalur ku mehong sangkan sésa tali ari-ari anu masih rapet téréh garing. Lamun bujal éta leupas, mangka diayakeun salametan anu disebut puput puser ilaharna mah di antara 4 atawa 5 poé ti mimiti lahir. Nalika katujuh poéna diayakeun salametan anu disebut nurunkeun, nyaéta mawa orok ka luar imah ku upacara halaman. Dina 10 atawa 15 poé, orok dimandikeun ku cai anu ditendeun toléngkar anu dibeuleum saméméhna jeung daun bacang jeung kalakay daun cangkring, maksudna sangkan ngaleungitkeun bulu hiang orok anu jadi ti mimit lahir.

--catetan--

  1. Rosidi Ayip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta: Pustaka Jaya.