Lompat ke isi

Altiméter

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Altimeter

Altiméter nyaéta alat paranti ngukur luhurna hiji titik tina beungeut/permukaan laut. [1][2][3][4] Biasana ieu alat digunakeun keur kaperluan navigasi dina ngambah jomantara /penerbangan, waktu naék gunung, jeung kagiatan-kagiatan lainna nu patali jeung ketinggian.[2][4]

Ngukur luhurna kapal udara di luhur permukaan laut mangrupa hal anu pangpentingan nu kudu dipikanyaho ku pilot.[3] Sababaraha gunung anu jangkung bisa jadi ancaman keur kapal udara lamun aya gangguan cuaca jeung ngahalangan titingalian.[3] Ngukur ketinggian bisa dilakukeun ngagunakeun tekenan hawa anu dipiboga ku bumi. [3]Prinsip gawéna gaya gravitasi narik sagala hal kaasup molékul hawa anu ngambang di sabudeureun urang.[3] Alatan éta unggal barang atawa manusa bakal ngarasakeun tekenan hawa akibat dorongan molékul hawa anu ditarik ku gravitasi. [3]Mingkin luhur hiji permukaan mingkin saeutik tekenan hawana lantaran jauh ti permukaan bumi.[3] Ku lantaran kitu ngukur tekenan hawa bisa jadi cara basajan jeung éféktif keur ngukur ketinggian.[3]

Prinsip Gawé Altiméter

[édit | édit sumber]

Prinsip gawé altiméter nyaéta ku cara nganalisis tekenan hawa (anu paling umum digunakeun), magnét bumi (kalawan sudut inklinasi), jeung gelombang (ultrasonik atawa inframerah jeung lianna).[2] [4]Pamakéan altiméter biasana sok dibarengan ku kompas.[2][4]

Pamakéan altiméter dumasar tekenan hawa luyu jeung naékna angka ketinggian.[4] Lamun ieu alat rék dipaké, leuwih hadé tong diasupkeun kana kantong/ransel lantaran bisa mangaruhan gawé altiméter.[4]

Dina ngagunakeun ieu alat, aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun nyaéta:

  1. unggal altiméter anu rék dipaké, kudu dikalibrasi heula.[4]
  2. Ieu alat peka pisan kana guncangan, robahna cuaca, sarta robahna iklim.[4]

Jenis Altimeter

[édit | édit sumber]
  1. Altimeter tekenan – leuwih kasohor ku ngaran barométer aneroid.[2] Ieu alat ngukur éfék tina tekenan hawa dina ruang logam anu sabagéan gedéna geus euweuh.[2] Altiméter tekenan nangtukeun jarak kapal udara di luhureun permukaan laut ku cara ngukur tekenan atmosfer bumi.[2] Ieu tekenan bakal terus turun seiring jeung ningkatna ketinggian.[2] Altiméter anu dipaké ngukur ketinggian ku cara ngukur tekenan hawa kudu terus ditalingakeun lantaran tekenan hawa kudu berfluktuasi di sakabéh permukaan bumi lantaran ayana parobahan cuaca.[2][3] Kakurangan lianna nyaéta altiméter anu ngagunakeun tekenan hawa mah henteu ngitungkeun hambatan anu bahaya saperti gunung jeung wangunan.[2][3]
  2. Altimeter radar – Salian ti altiméter anu maké tekenan hawa, aya ogé altiméter anu ngagunakeun radio.[2][3] Ieu altiméter cara gawéna siga radar keur navigasi, ngagunakeun gelombang radio anu diturunkeun tina kapal udara jeung ngancul deui sangkan bisa dianalisis sakumaha luhurna.[2][3] Altimeter radio gawéna leuwih gancang jeung leuwih akurat dibandingkeun altiméter anu maké tekenan hawa.[3] Ku lantaran kitu, ieu altiméter loba digunakeun ku kapal udara anu gancang jeung kapal udara nu ngapungna handap saperti jét tempur . [3]
  3. Altimeter laser – cara gawéna sarua waé ngan ieu altiméter mah lain ngagunakeun gelombang radio tapi ngagunakeun gelombang laser.[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. A Dictionary of Aviation, David W. Wragg. ISBN 10: 0850451639 / ISBN 13: 9780850451634, 1st Edition Published by Osprey, 1973 / Published by Frederick Fell, Inc., NY, 1974 (1st American Edition.)
  2. a b c d e f g h i j k l m "Fungsi Altimeter • fungsiklopedia.com" (dalam bahasa en-US). fungsiklopedia.com. 2016-03-27. http://www.fungsiklopedia.com/fungsi-altimeter/. Diakses pada 2017-11-29  Archived 2017-12-08 di Wayback Machine
  3. a b c d e f g h i j k l m n Angga, Muamar. "Apa itu altimeter dan apa fungsinya". Ralali News. Diakses tanggal 29 November 2017. 
  4. a b c d e f g h Yanti, Damar. "Cara Kerja, Fungsi, dan Prinsip Kerja Altimeter". Kopi-ireng.com. Diakses tanggal 29 November 2017.  Archived 8 Désémber 2017 di Wayback Machine