Anis Jatisunda
Pidangan
| Anis Jatisunda | |
|---|---|
| Gumelar | Anis Johanis Djatisunda 7 Méi 1939 |
| Pagawéan | seniman, tokoh budaya |
Anis Johanis Djatisunda (gumelar di Sukabumi, Jawa Kulon, 7 Méi 1939) nyaéta seniman, pangarang lagu, jeung tokoh budaya Sukabumi. Aktif di lebet sandiwara, karawitan, musik, pencak, jeung kasenian rakyat tradisional. Karya tulisna mangrupaning artikel nu bahasanna sering dimuat dilebet majalah Manglé, buku bacaan masarakat kanekes (1984). Iwal ti éta, anjeunna nulis naskah pikeun gending aransemén, sendratari ramayana, téater rakyat, jeung sajabana. Anjeunna sering ogé miluan sawala, seminar, jeung saraséhan seni budaya Jawa Kulon.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Édisi Cet. 1). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)