Lompat ke isi

Antaboga

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Antaboga
ᮃᮔ᮪ᮒᮘᮧᮌ

Panggambaran Sang Hyang Antaboga dina wujud Naga.
Nami lian Anantaboga, Sang Hyang Antaboga
Golongan Déwa, Bangsa Naga
Linggihna Saptapratala (Lapis bumi katujuh)
Sipat Pangraksa taneuh sarta dunya handap
Garwa Dewi Supreti
Putra Bambang Nagatatmala, Dewi Nagagini
Karakteristik Naga mamakuta, nganggo badong sarta kalung emas


Antaboga atawa Anantaboga; (ᮃᮔ᮪ᮒᮘᮧᮌ) numutkeun carita wayang purwa n6aéta hiji déwa nu hirup di dunya handap dunya kalawan istanana Saptapratala.[1] Sedengkeun Antaboga numutkeun mitologi Bali nyaéta oray anu badag, nu biasana disebut naga kalawan makuta, maké badong, baju jeung maké kalung emas.[2] Antaboga disebut - sebut minangka bangsa déwa nu miara taneuh jeung dunya wayang.[3] Numutkeun carita wayang ogé Anantaboga kungsi nulungan Pandawa nu baris diduruk ku Kurawa di tempat panyicingana.[1]

  1. 1 2 Anggota IKAPI. 1977. Ensiklopedia Umum. Kanisius: Yogyakarta
  2. Zamidra. 2012. Makhluk Mitologi Sedunia. Cerdas Interaktif: Depok
  3. Sucipta, Mahendra. 2009. Ensiklopedia Tokoh-tokoh Wayang dan Silsilahnya. Narasi: Yogyakarta