Apollonius ti Perga

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Apollonius ti Perga (basa Yunani: Ἀπολλώνιος) (sakira 262 SM–sakira 190 SM) nyaéta saurang ahli géometri jeung astronom Yunani anu dipikawanoh ku sabab karyana ngeunaan siksikan congcot. Métodologi jeung términologina anu inovatip, hususna dina widang congcot, méré pangaruh ka loba sarjana sanggeusna kaasup Ptolemaeus, Francesco Maurolico, Isaac Newton, jeung René Descartes. Ogé Apollonius anu méré ngaran elips, parabola, jeung hiperbola, sakumaha anu arurang pikanyaho kiwari. Hipotésis ngeunaan ékséntrisitas orbit, atawa deferent jeung epicycle, pikeun ngajéntrékeun pausikan kapijeueung ti planét-planét jeung parobahan cepetna Bulan, dipatalikeun jeung ngaranna. Téorema Apollonius ngadémonstrasikeun yén dua modél éta téh ékuivalen di handap paraméter-paraméter anu luyu. Ptolemaeus ngagambarkeun téori ieu dina Almagest XII.1. Kawah Apollonius di Bulan dingaranan pikeun ngaajénan jasana.