Lompat ke isi

Kawung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Aren)
Kawung
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. pinnata
Ngaran binomial
Arenga pinnata

Kawung (Arenga pinnata at. Arenga saccharifera) tangkal Arecaceae pituin alam tropis Asia, ti India wétan nepi ka Malaysia, Indonésia, jeung Pilipina.[1] gedéna kaasup palem ukuran sedeng, jangkungna bisa nepi ka 20 m, anu watangna renjul ku puhu dahan/barangbang. Panjang daunna 6–12 m, sedengkeun lébarna 1,5 m, diwangun ku jarum daun nu lobana 1-6 kolom (panjang 40–70 cm, lébar 5 cm). Buahna, katelah 'caruluk', ngaruntuy, diaméterna 7 cm.[2][3][4]

Najan teu digolongkeun kaancam punah, di sababaraha wewengkon mah ieu spésiés beuki carang populasina.

Gambar tangkal kawung dina buku Flora de Filipinas [...] Gran edicion [...] [Atlas II] taun 1880-1883.

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Masarakat tradisional mikawanoh kawung ku loba mangpaatna, kayaning diala lahanna pikeun diinum atawa dijieun cuka, gula, diala injukna, pakang, harupat, ruyung, lunglum atawa kawul, daun kawung, jeung nyéré, buahna cangkaléng .[2]


Rujukan

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  2. a b Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226. 
  3. Lim, T.K (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media,. p. 281. ISBN 9789048186617. Diakses tanggal (disungsi) 17 April 2021. 
  4. Hasskarl, Justus Karl (1845). Hasskarl. Universitas Oxford: J. Müller. p. 1.  Disungsi6 Juli 2023